Lompat ke isi

Musieum Sri Baduga

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Musieum Sri Baduga perenahna di jalan B.K.R 185 Tegallega sarta pahareup-hareup jeung Monumén Bandung Lautan Api.[1] Wangunan musieum ieu miboga suhunan nu panjang sarta potongan imah panggung nu diadumaniskeun jeung gaya arsitéktur modérn. Ieu musieum dibagi dua; wilayah publik (public area) nu ngawengku gedung paméran jeung auditorium sarta wilayah séjén anu teu kaasup publik (non public area), nu ngawengku ruang kantor Kapala Museum, Sub Bagian Tata Usaha, Kelompok Kerja Bimbingan dan Edukasi, Kelompok Kerja Konservasi dan Preparasi sarta Kelompok Kerja Koleksi kaasup Gedung Penyimpanan Koleksi.[2] Ieu musieum miboga koléksi barang-barang seni budaya Jawa Barat nu aya patalina jeung biologi, etnografi, arkeologi, numismatik, filologi, dermatologi, seni murni jeung téhnologi.[1]

Arsitéktur

[édit | édit sumber]

Wangunan musieum ieu saperti imah panggung, sarta ngabogaan suhunan manjang, anu ngagambarkeun imah has ti Jawa Barat.[3] Wujud wangunan ieu dijieun saperti imah adat tradisional Sunda anu ngaranna Julang Ngapak sangkan katémbong Kasundaanana.[4] Musieum ieu diwangun dina tanah anu legana 8415,5 méter pasagi.[5]

Sajarahna

[édit | édit sumber]

Mimiti diwangun taun 1974 ngamangpaatkeun wangunan urut kawadanaan Tegallega. Pangwangunan tahap kahiji anggeus dina taun 1980 tuluy diresmikeun tanggal 5 Juni ku Menteri Pendidikan dan Kebudayaan, Dr. Daud Yusuf sarta méré ngaran Musieum Negeri Propinsi Jawa Barat.[1] Sapuluh taun ti mimiti diresmikeun atawa dina taun 1990, ngaran ieu musieum dirobah ku ngaran Musieum Sri Baduga. Éta ngaran aya dina Prasasti Batu tulis (Bogor), Sri Baduga boga kawasa dina Kerajaan Sunda Galuh ti taun 1482 nepi ka 1521.[5] Teras ngaran ieu ditangtukeun dumasar kana Keputusan Menteri Pendidikan dan Kebudayaan Nomor 02223/0/1990 kaping 4 April taun 1990.[6] Nginget kana kamekaran fungsi musieum minangka tempat pangrojong nu bisa nambahan élmu pangaweruh sarta bisa dijadikeun sarana rékréasi, Propinsi Jawa Barat ngalaksanakeun rénovasi kana tata paméran tetap ti mimiti taun 1989 nepi ka taun 1992, kaasup kana dilegaanana rohangan paméran di undak nu ka-3.[1]

Dina mimiti taun 2018, aya parobahan struktur organisasi Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Daérah Jawa Barat. Ku sabab éta, Musieum Sri Baduga janten bagéan ti UPTD (Unit Pelaksana Téknis Daérah) Pengelolaan Kedudayaan Daérah Jawa Barat, hususna dina bagéan Cagar Budaya dan Permuseuman.[7]

Koléksi Musieum Sri Baduga

[édit | édit sumber]

Musieum ieu miboga barang-baranf anu patali jeung sajarah Jawa Barat.[5] Ieu musieum miboga kurang leuwih 5.637 koléksi; koléksi nu panglobana tina élmu Étnografi nu aya patalina jeung budaya daérah.[8] Koléksi-koléksi nu aya di ieu musieum teu saukur aslina (réalia) wungkul tapi ogé aya nu mangrupa réplika miniatur, foto, jeung maket.[8]
Papasingan koléksi di Musieum Sri Baduga nyaéta:[8]

  1. Géologika, koléksi disiplin élmu géologi (fosil, batuan, mineral, jeung hasil alam lianna saperti andesit jeung granit).[8]
  2. Biologika, koléksi disiplin élmu biologi (rorongkong manusa, tangkurak, sato, sarta tutuwuhan boh fosil boh lain fosil).[8]
  3. Etnografika, koleksi disiplin antropologi nu mangrupa hasil budaya atawa identitas hiji étnis.[8]
  4. Arkeologika, koleksi nu mangrupa titinggal budaya ti jaman prasejarah nepi kaasup pangaruh negara deungeun.[8]
  5. Historika, koleksi nu miboga ajén sajarah sarta jadi objek panalungtikan ti mimiti asupna pangaruh negara deungeun nepi ka kiwari. (negara, inohong, kelompok, jeung sajabana).[8]
  6. Numismatika jeung heraldika. Numismatika nyaéta alat tukar atawa mata uang nu sah. Heraldika nyaéta lambang, tanda jasa, jeung tanda pangkat resmi (cap atau stempel).[8]
  7. Filologika, koleksi disiplin filologi (naskah kuno tulisan leungeun nu ngagambarkeun hiji kajadian.[8]
  8. Keramologika, koleksi barang nu dijieunna tina taneuh liat nu dibeuleum kayaning keramik.[8]
  9. Seni Rupa, koleksi nu ngébréhkeun pangalaman artistik manusa ngaliwatan karya dua atawa tilu dimensi.[8]
  10. Teknologika, barang nu némbongkeun kamekaran téhnologi tradisional nepi ka nu modérn.[8]

Salian ti éta, aya sababaraha koléksi Musieum Sri Baduga mangrupa sumbangan ti masarakat. Contona, kulawarga H. Aang Kunaefi, urut Gubernur Jawa Barat (1975-1980, 1980-1985) anu nyumbang 22 benda pusaka. Teras aya deui kulawarga Hendra Nicolas, urut Komandan Brigade Laskar Merah Putih anu nyumbang fosil sato purba anu umurna 200 rébu taun.[1]

Rohangan koléksi

[édit | édit sumber]

Tempat koléksi di ieu musieum dibagi jadi tilu undak.[1]

Undak kahiji

[édit | édit sumber]

undak kahiji mangrupa tempat kamekaran awal sajarah alam jeung budaya Jawa Barat. Di ieu tempat aya barang-barang titinggal masa Prasejarah nepi ka jaman Hindu-Buddha. Conto koléksina nyaéta karéta kuda anu tempat diukna rada unik, wujudna sapertos sato dina mitologi anu ngaranna Lembuswana. Lembuswana nyaéta sato anu sok ditumpak ku Bathara Guru anu sok maké mahkota, sirahna sapertos maung, boga belalai sapertos gajah, kulitna aya sisik sapertos ikan jeung dina opat kakina aya taji sapertos suku hayam. Salian ti éta, aya ogé koléksi dina zaman prasajarah sapertos arca karuhun, fosil jalma prasajarah sapertos Homo erectus jeung Homo sapiens, cekungan danau di Jawa Barat zaman heubeul jeung sababaraha benda anu boga nilai rélijius.[1]

Dina undak kahiji, aya ogé réplika batu tulis titinggal Kerajaan Pajajaran jeung prasasti-prasasti anu sanésna, replika karéta kencana paksi nagaliman di Keraton Kanoman Cirebon. Karéta ieu ngagambarkeun sato garuda, naga, gajah anu nyimbolkeun budaya Jawa, Tionghoa jeung Arab anu janten unsur budaya masarakat Cirebon. Salian ti éta, aya relief interaktif ngeunaan sajarah situ di Bandung purba. Situ ieu baheulana salega 75 km persegi anu manjang di Bandung Raya, kaasup Kota Bandung, Kota Cimahi Kabupaten Bandung jeung Bandung Barat. Aya ogé réplika Goa Pawon anu janten imah pikeun manusa heubeul (purba) di cekungan Bandung kirang leuwih 9.500 taun ka tukang.[2]

Undak kadua

[édit | édit sumber]

Undak kadua mangrupa tempat paméran budaya tradisional mangrupa pola kahirupan masarakat, pacabakanana, cara dagang, transportasi, sajarah perjuangan bangsa, lambang-lambang kabupatén jeung kota sa-Jawa Barat jeung pangaruh Islam tur Eropa. Conto koléksina nyaéta logo ti unggal kota di Jawa Barat, aya ogé parabotan sapertos korsi, méja, lomari zaman heubeul.[1]

Dina undak kadua, aya ogé naskah kuno anu diserat ku huruf Sunda kuno, Jawa kuno, jeung huruf Palawa. Lolobana, éta naskah dipangaruhi ku kabudayaan Hindu. Éta naskah diserat dina daun lontar, kertas Éropa, logam jeung kayu. Aya ogé pakakas sapertos pakakas tani, pakakas dapur, duit jeung alat tuker anu sanés ti zaman prasajarah nepi ka zaman kolonial.[2]

Undak katilu

[édit | édit sumber]

Undak katilu mangrupa tempat koléksi étnografi (rupa-rupa wangun jeung fungsi kasenian sarta keramik asing). Di undak katilu, pangunjung tiasa ningali benda-benda sapertos baju pangantén adat Sunda, parabotan.[1]

Dina undak katilu, aya ogé koléksi ti masarakat Sumedang nyaéta kecapi anu warnana emas jeung dijieun ti kayu jati, kecapina disebat Kecapi Naga Maung ku sabab aya hiasan sirah maung jeung naga, jeung aya deui gamelan jeung wayang golék. Salian ti éta, aya ogé lukisan karya Baskara anu némbongkeun waktos Raja Siliwangi moksa di leuweung, aya deui lukisan anu dijieun ku pelukis Barli anu ngalukis tarian Sisingaan. Teras aya deui mangkok nu geus rusak titinggal Dinasti Ming anu kapanggih dina kapal anu karam di Karawang.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i Indrajaya, Dimas Wahyu. "Sejarah Hari Ini (5 Juni 1980) - Peresmian Museum Sri Baduga". www.goodnewsfromindonesia.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  2. a b c d "Museum Sri Baduga". Tribunnewswiki.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  3. Bandung, Humas Kota. "Museum Sri Baduga: Asyiknya Mengenal Budaya Sunda". Diakses tanggal 30 November 2023.  Archived 14 Maret 2024 di Wayback Machine
  4. "Mengenal Budaya Sunda Masa Silam di Museum Sri Baduga, Ada Arca Zaman Megalitik hingga Alat Dapur Kuno". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-12-02. 
  5. a b c Media, Kompas Cyber. "Sejarah Museum Sri Baduga Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  6. Jawa Barat, Disbudpar. "Museum Negeri Provinsi Jawa Barat Sri Baduga". Diakses tanggal 30 November 2023. 
  7. Zuhdi, Muhammad Hasanudin. "Memahami Sejarah dan Budaya Sunda di Museum Sri Baduga Bandung". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  8. a b c d e f g h i j k l m "Daftar Klasifikasi". Diakses tanggal 26 November 2023.