Aang Kunaéfi Kartawiria
| Mayor Jenderal TNI (Purn.) Aang Kunaefi Kartawiria | |
|---|---|
| gumelar Aang Kunaefi Kartawiria di Bandung, 5 Desember 1922 – tilar dunya di Bandung, 12 November 1999 dina umur 76 taun | |
| Gubernur Jawa Kulon ka-11 | |
| Masa jabatan 1975 – 1985 | |
| Présidén | Soeharto |
| Saméméhna | Solihin Gautama Purwanegara |
| Sanggeusna | Yogie Suardi Memet |
| Pangdam Iskandar Muda | |
| Masa jabatan 24 Oktober 1970 – 8 Oktober 1973 | |
| Présidén | Soeharto |
| Saméméhna | Teuku Hamzah |
| Sanggeusna | A. Rivai Harahap |
| Pangdam Siliwangi | |
| Masa jabatan 1974 – 1975 | |
| Présidén | Soeharto |
| Saméméhna | Wahyu Hagono |
| Sanggeusna | Himawan Soetanto |
| Katerangan lian | |
| Kabangsaan | |
| Profési | Militer |
| Ageman | Islam |
| Pangabdian militér | |
| Layanan/cabang | TNI Angkatan Darat |
| Réngking | Mayor Jenderal TNI |
| Unit | Infanteri |
| Anugrah | Bintang Mahaputera Utama; Keppres No.061/TK/TH.1996; Tanggal 30-07-1996. |
Aang Kunaéfi Kartawiria lengkepna (Mayor Jenderal TNI (Purn. Aang Kunaéfi Kartawiria) nyaéta saurang inohong Jawa Barat anu (gumelar di Bandung, Jawa Barat, 5 Desember 1922 – tilar dunya 12 November 1999 dina umur 76 taun) saurang Gubernur Jawa Barat, période taun 1975-1985.[1] Dimimitian tina militér salaku Komandan Kodim Kota Cirebon tuluy ngaronjat jadi Panglima Kodam VI Siliwangi.[1] Dina taun 1955, anjeunna ngalungguhan jabatan Komandan Seskoad.[1]
Mangsa ngalungguhan jabatan Gubernur, anjeunna jadi salah saurang pangjejer dina ngadegna rumah sakit Al-Islam di Bandung perenahna di Jalan Soekarno-Hatta dina kaping 1 Agustus 1990.[2] Hal ieu henteu leupas tina pangrojong Hj. Hadijah Salim, Hj. Roqayah, Hj Saribanon sarta Réktor Universitas Islam Bandung Dr. K.H E.Z. Muttaqien .[2]
Anjeunna ogé saurang inohong anu gedé pongrojongna kana kamekaran museum Sribaduga di Bandung.[3] Saeutikna aya 22 pusaka kagunganna dipasrahkeun pikeun ngeuyeub-ngeuyeub pangeusi éta museum Negeri Provinsi Jawa Barat (baheula kantor kewadanaan Tegallega).[3]
Tanggung jawabna kana banda nagara henteu cangcaya. [4] Anjeunna kungsi ngaluarkeun surat paréntah anu ditujukeun ka Bupati Garut No. 181.1/5971/Asda I titimangsa 30 Oktober 1982, sangkan nartibkeun taneuh anu keur digarapan ku warga di sabudeureun Darajat I.[4] Maksudna nyingkahan ayana usaha ngaranjah tur ngawasa taneuh nagara (okupasi).[4]
Anjeunna ngayakeun gawé bareng jeung Ali Sadikin pikeun ngamekarkeun wewengkon Jabotabek anu dimimitian Bulan Mei 1976.[5] Udaganana pikeun ngayakeun pangwangunan anu leuwih ngarojong kana ngaronjatna widang sosial, ékonomi, budaya, tata ruang, jeung administrasi pamaréntahan di wewengkon Jabotabek.[5]
Kalungguhan
[édit | édit sumber]- Komandan Kodim Kota Cirebon.
- Panglima Kodam I Iskandar Muda
- Panglima Kodam III Siliwangi
- Gubernur Jawa Barat (1975-1985)[1]
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 "Berapa Jumlah Gubernur Jawa Barat?" (PDF). disparbud. 2008-3-5. Diaksés tanggal 2017-11-04. [tumbu nonaktif]
- 1 2 Kurniawati, Nia (2017). Api Sejarah 2. Jakarta: Surya Dinasti. ISBN 9786027123724.
- 1 2 Suganda, Her (2011). Wisata Parijs van Java: sejarah, peradaban, seni, kuliner, dan belanja Seri perjalanan dan wisata Kompas. Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 9789797095376.
- 1 2 3 Wiradi, Gunawan (2008). Dua abad penguasaan tanah: pola penguasaan tanah pertanian di Jawa dari masa ke masa Seri reforma agraria. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. ISBN 9789794616857.
- 1 2 Gunawan, Restu (2010). Gagalnya sistem kanal: pengendalian banjir Jakarta dari masa ke masa. Jakarta: Penerbit Buku Kompas. ISBN 9789797094836.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |