Lompat ke isi

Solihin Gautama Purwanegara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Letnan Jenderal TNI Purn. H. Solihin Gautama Purwanegara
gumelar di Tasikmalaya, Jawa Barat, 21 Juli 1926; umur 99 taun
Gubernur Jawa Barat ka-10
Masa jabatan
1970  1974
Présidén Soeharto
Saméméhna Mashudi
Sanggeusna Aang Kunaéfi Kartawiria
Katerangan lian
Gumelar Solihin Gautama Purwanegara
Kabangsaan Indonesia Indonesia
Pameget/istri Maryam Harmain
Profési Militer
Ageman Islam

Solihin Gautama Purwanegara dilandih Mang Ihin téh saurang inohong, pajuang, Gubernur Jawa Barat periode 1970 - 1974, sarta Purnawirawan bintang tilu (Letnan Jendral) nu gumelar di Tasikmalaya, Jawa Barat, 21 Juli 1926; umur 99 taun.[1] Anjeunna kapeto ngalungguhan jabatan Gubernur Jawa Barat ngaganti Mayjen Mashudi.[2]

Bulan Juli 1965 Mang Ihin diangkat jadi Panglima ngaganti Yusuf anu meunang tugas anyar jadi mentri perindustrian.[3] Anjeunna kapapancénan numpes gorombolan Kahar Muzakkar di Sulawesi.[3] Hasilna henteu nguciwakeun, sabada ngajorag tuluy ngepung panyumputanna.[1] Antukna pasukan siliwangi anu dikomandoan ku Mang Ihin, hasil nyangkalak Kahar Muzakkar jeung balad-baladna, perenahna di hiji saung deukeut susukan Lasolo .[1]

Gerakan "gandrung tatangkalan" salah sahiji program kerja nalika anjeunna ngalungguhan jabatan gubernur Jawa Barat.[4] Hal ieu dumasar kana hasil panalungtikan anu hasilna ngébréhkeun hiji kaayaan kurangna kasadaran warga masarakat kana ngamumulé tur ngariksa lingkungan.[4] Aya sababaraha sabab anu ngabalukarkeun ieu kaayaan saperti:

  • kurangna atikan ngeunaan lingkungan hirup (Phycopedagogical development),
  • barudak didik henteu diwanohkeun kana cara jeung katangtuan miara lingkungan (socio-cultural development),
  • ngeunaan régulasi ogé kacida héngkér, loba kénéh ais pangampih nu kurang daria palebah nanjeurkeun aturan pikeun singsaha waé anu ngahaja ngadon ngaruksak lingkungan (sociopolitical intervention).[4]

Ku alatan kitu anjeunna umajak ka sakabéh lapisan masarakat, pikeun ngawangun kasadaran dina ngamumulé lingkungan hirup.[4] Hal ieu ngajanggélék dina sababaraha program anu geus dilaksanakeun dina raraga ngawangun tur ngaronjatkeun kasadaran ngamumulé lingkungan, saperti: Karang taruna, PKK, Pramuka, jeung sajabana.[4]

Anjeunna sakulawarga meunang panglélér ti présidén Joko Widodo jeung jajaranna kaping 24 Juni 2017.[5] Dina éta kasempetan Mang Ihin teu poho nepikeun pangwawadi ka présidén ngeunaan pentingna ngajaga tur ngarawat kamanunggalan bangsa jeung pancasila, ku lantaran éta ideologi jeung dasar nagara urang.[5]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 Abdullah, Taufik (2012). Malam Bencana 1965 Dalam Belitan Krisis Nasional: Bagian II Konflik Lokal, Volume 2. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 9789794618028.
  2. I. Soebari, Surasono (2008). Pensiun Preneur, pensiun sukses. Jakarta: Penebar Plus+.
  3. 1 2 Usman Mhd, Syafaruddin (2010). Tragedi patriot dan pemberontak Kahar Muzakkar. Jakarta: Penerbit Narasi. ISBN 9789791681902.
  4. 1 2 3 4 5 Yuniarto, Dr. Bambang (2013). Membangun Kesadaran Warga Negara dalam Pelestarian Lingkungan. Yogyakarta: Deepublish. ISBN 9786027811430.
  5. 1 2 Derr, Mark (2017-07-14). "Pesan Solihin kepada Jokowi". pikiran-rakyat. Diaksés tanggal 2017-06-24.