Sintrén

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Sintrén nyaéta salah sahiji kasenian ibing Sunda anu asalhna ti saubeureun Cirebon Majalengka jeung Indramayu. Sintren asalna ti kecap SIN anu hartosna sindir, sarta TETAREN anu hartosna patarosan ngaliwatan syair anu kudu dipaliré sarta ditéangan jawabana.[1] Sintrén nyaéta mangrupa kasenian rahayat, anu sumebar di daérah Jawa, lakon utamana dipaénkeun ku wanoja tur dibarengan ku angklung, gong, jsb [2]

Kasenian sintrén di Majaléngka aya di wewengkon Ligung, nyaéta wewengkon anu deukeut jeung Kabupatén Indramayu, anu diangken salaku wewengkon karuhun asalna kasenian ieu, deukeutna wewengkon ieu ngabalukarkeun lumangsungna pénétrasi indramayu ka wewengkon Ligung, anu disababkeun ku ayana komunikasi, sentuhan sosial, jeung sentuhan budaya.[1] Basa nu dipaké ku masarakat Ligung nyaéta Basa Indramayu, hal ieu ngabalukarkeun sintrén dipirig ku lagu-lagu indramayu kalayan gampang ditarima ku masarakatna.[1]

Sajarah Sintrén[édit | édit sumber]

Sintrén nyaéta salah sahiji tarian anu sumberna ti carita asih Sulasih jeung Sulandono.[3] Kacaritakeun yén Sulandono téh putra Ki Baurekso jeung Dewi Rantamsari.[3] Radén Sulandono bobogohan jeung Sulasih, saurang putri ti Désa Kalisalak, tapi hubungan asmarana henteu disatujuan ku Ki Baurekso.[3] Pamustunganana Radén Sulandono indit tatapa jeung Sulasih tuluy milih jadi tukang tari.[3]

Sanajan kitu, pasamoan maranéhanana masih terus lumangsung ngaliwatan alam goib.[3] Pasamoan éta diatur ku Dewi Rantamsari anu maot tuluy jasadna ngiles sacara goib, pasamoan ieu ku cara dina saban acara Sulasih jadi penari tuluy Dewi Rantamsari ngasupkeun roh bidadari ka awak Sulasih, pas haritana ogé Radén Sulandono anu keur tatapa digeroan ku roh indungna pikeun nepungan Sulasih.[3]

Saprak harita, saban diayakeun pintonan sintrén, penari pasti diasupan roh bidadari ku pawangna, kalayan catétan yén manéhna enyaan masih dina kaayaan suci (parawan).[3] Tapi ayeuna mah kasenian ieu bisa dipintonkeun ku saha waé, jeung deui teu midulikeun unsur-unsur prosedural mistisme.[4] Parobahan esensi sintrén ieu mangrupa pangaruh tungtutan jaman anu beuki katandangan budaya pop anu komersil.[4]

Lagu Dina Pintonan Sintrén[édit | édit sumber]

Salah sahiji lagu anu kawentar dina kasenian sintrén nyaéta Turun Sintrén anu sawaréh syairna saperti kieu:[1]

Turun-turun sintrén

Sintréné Widhadhari

Widhadhari tumuruno

Aja suwen mindho dalem

Dalam sampun kangelan

Lagu di luhur miboga kakuatan magis anu luhur, sabab salian ti lagu panganteur, lagu ieu ogé mangrupa lagu mantra anu pohara mangaruhan ka jalana pintonan ieu.[1] Sedengkeun instrument/waditra anu dipaké nyaéta dua ketipung, kendang leutik, kecrek, jeung dua buyung/juru/klenting.[1] (Tuty Yuhanah, 1983). Alatan salah hiji waditra anu dipaké nyaéta buyung, ku kituna sintrén disebut ogé Ronggéng Buyung.[1]

Lagu-lagu séjén anu dipaké dina kasenian sintrén nyaéta kidung, Kembang Tareate, Gulung-gulung Klasa, Simbar Pati, Kilar Blatar, jeung sajabana.[1] Sakumaha disebutkan di luhur yén lagu-lagu panganteur ieu mibanda kakuatan magis, sabab aya sawatara lagu anu dipaké minangka sarana pemujaan (Tuty Yuhanah).[1]

Waktu Pintonan[édit | édit sumber]

Pegelaran sintrén dipitonkeun dina peuting bulan purnama sarta numutkeun kapercayaan masarakat leuwih utama deui lamun dipintonkeun dina peuting kliwon.[5] Tapi ayeuna mah pintonan sintrén bisa dilaksanakeun iraha waé boh beurang boh peuting henteu gumantung deui dina peuting bulan purnama.[5]

Tempat Lumangsungna Acara Sintrén[édit | édit sumber]

Tempat anu dipaké pikeun pintonan kasenian sintrén nyaéta di lapangan.[5] Maksudna aréna pintonan anu henteu maké wates antara panongton jeung nu nari sintren atawa nu ngarojongna.[5] Hal ieu dimaksudkeun sangkan leuwih komunikatif kalayan dibuktikeun dina waktu acara balangan sarta temohan, di mana antara panongton sarta nu nari sintrén kasampak ngahiji dina hiji pintonan kalayan milu nari sanggeus panongton ngalakonan balangan.[5]

Baju Sintrén[édit | édit sumber]

Baju anu dipaké penari sintrén baheulana mangrupakabaya, ayeuna mah maké baju golék.[5] Kabaya ieu leuwih loba dipaké ku wanoja anu hirup di désa-désa.[5] Sedengkeun macém-macém baju séjénna minangka palengkep pintonan sintrén nyaéta:[5]

  • Baju sapopoé, anu dipaké saméméh pintonan kasenian sintrén.
  • Baju golék
  • Lawon atawa jarit, modél busana wanoja Jawa.
  • Calana Cindé, nyaéta calana tilu parapat anu panjangna ngan nepi ka tuur.
  • Sabuk
  • Sampur
  • Jamang, nyaéta hiasan anu dipaké disirah kalayan kembang malati di gigireun / sabeulah katuhu sarta kénca ceuli minangka koncér.
  • Kaos kaki hideung jeung bodas, kawas ciri has kasenian tradisional séjén hususna di Jawa Tengah.
  • Tasma Hideung,miboga fungsi minangka panutup panon, penari sintrén sok peureum panona alatan kasurupan trance, ogé minangka cicirién kasenian sintrén.[5]

Sintrén Di Majaléngka[édit | édit sumber]

Pintonan sintrén dikawitan ku ngahurungkeun lampu tempel atawa obor, disusul ku sora gamelan.[1] Sanggeus ngabeuleum dupa, penari nu maké tasma hideung, maké raksukan dawam jeung leungeun nu dibeungkeut ku tambang, asup ka tengah-tengah pintonan.[1] Sedengkeun para sindén nembangkeun lagu-lagu pamujaan maké basa Indramayu.[1]

Penari sintrén anu dibeungkeut ku tambang teu eling sabot pawang ngabacakeun mantra-mantra, penari disarékeun sarta diasupkeun kana ranggap.[1] Pawang mawa dupa bari maca mantra, leumpang ngurilingan ranggap, dipirig gamelan sarta lagu-lagu anu kadéngé dinyayikeun mayéng.[1]

Nalika ranggap dibuka, tétéla putri sintrén geus ngajanggélék, manéhna maké pakéan geulis sarta leungeun henteu kabeungkeut deui ku tambang.[1] Hiasan anu dipaké ku putri sintrén kasampak caang alatan lampu, sarta tangtu waé maké tasma hideung.[1] Lamun awak putri beunang ku sawéran panongton, mangka awakna baris leuleus, ku kituna sabot sintrén nari sok dikurilingan ku juru kawih, sarta baris dibacakeun mantra-mantra sangkan seger balik (Athur S. Nalan).[1] Lagu anu ditembangkeun nalika sawéran nyaéta lagu Hayu Ngewer-ngewer Putren:[1]

Hayu ngewer-ngewer putrén

Sing dikewer rujake baé

Hayu nyawer-nyawer putrén

Sing disawer panjoko baé

Lamun nu nyawer geus sepi, putri sintrén diuk sarta ditutup deui ku ranggap, kalayan dibarengan ku lagu Orok-orok :[1]

Orok-orok

Banyu bangrimapar témbok

Wong lalajo dina udodhok

Sintrén metu salin erok

Sabot ranggap dibuka, kasampak putri sintrén geus robah deui kawas mimitina, maké raksukan biasa, maké tasma hideung, leungeun dibeungkeut ku tambang, sarta geus henteu kasurupan deui.[1] Pawang ngabacakeun mantra nepi ka manéhna éling deui. Pintonan lekasan dipirig ku lagu Ulung-ulung :[1]

Ulung-ulung Simbar Wulung

Sing Wulungpatiné layang

Ala gandrung éling-éling

Hayu si........ (nyebutkeun ngaran putri sintrén)........ dina balik.

Kasenian sintrén aya kénéh di désa Randegan wetan Kacamatan Jatitujuh, kalayan group “ Metal Budaya “.

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u Kesenian Majalengka
  2. Arti
  3. a b c d e f g Sajarah
  4. a b Asal Usul
  5. a b c d e f g h i Sintren