Ngalaksa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Ngalaksa atawa upacara ngalaksa nyaéta upacara adat nu dilaksanakeun sabada panén raya. Ngalaksa téh asal kecapna tina laksa dirarangkén hareup nga- keur ngarobah jadi kecap pagawéan. Lengkepna, ngalaksa téh mangrupa upacara nyieun kadaharan laksa (bahanna tipung béas) anu dilaksanakeun sabada panén raya pikeun nyumponan amanat karuhun di éta lembur [1]. Éta kadaharan dibagikeun ka sakumna masarakat pikeun ngalap barokahna. Ieu upacara masih dimumulé utamana ku masarakat di Kecamatan Rancakalong, Kabupatén Sumedang.


Wangenan[édit | édit sumber]

Wangenan ngalaksa rupa-rupa, bisa ditilik sacara harfiah atawa kirata dumasar kana kapercayaan masarakat Rancakalong[2]. Wangenan sacara jéntréna kieu.

  • Laksa téh kadaharan tina tipung béas anu dijieun maké ritual kalawan waktuna nu geus ditangtukeun. Bahanna tina adonan tipung béas, diuyahan, jeung maké parud kalapa . Satuluyna dibungkus ku daun congkok ti gunung, digodog tuluy dibagikeun ka gegedén jeung masarakat pikeun ngalap barokahna.
  • Laksa dina kamus basa Jawa kuna mah hartina téh 10.000. Jumlah daun congkok anu dijieun bungkus laksa anu bakal dibagikeun ka masarakat.
  • Laksa salaku kontraksi tina ngalaksanakeun amanat karuhun. Ngalaksa dilaksanakeun tilu satengah taun sakali sanggeus panén raya. Amanat karuhun anu dimaksud téh patali jeung mitos Nyi Pohaci Sanghyang Sri atawa Déwi Paré.
  • Sanggeus dilaksanakaeun salila 15 taun di Cipangasih, kiwari robah jadi salah sahiji kagiatan wisata di Kabupatén Sumedang anu dilaksanakeun sataun sakali.

Struktur[édit | édit sumber]

Nurutkeun Dundees [3], dina wangun kabudayaan téh aya tilu hal nu nyangkarukna nyaéta teks, ko-teks (elemen/unsur), jeung kontéks (kondisi) anu engkéna bakal jadi formula dina upacara tradisi. Patali jeung Upacara ngalaksa, tilu hal anu dimaksud ku Dundees dijéntrékeun ieu di handap.

Téks[édit | édit sumber]

Téks anu dimaksud dina upacara ngalaksa nyaéta omongan anu dipaké dina upacara boh sacara langsung atawa sacara teu langsung di luar upacara. Ieu omongan téh kabagi jadi dua.

Kahiji, sastra lisan anu teu langsung kalibet dina upacara ngalaksa téh aya dongéng jeung mantra. Aya sababaraha dongéng anu lumaku di masarakat Rancakalong, saperti dongéng sasakala paré, sasakala ngaran tempat (toponimi), jeung sasakala ngaran kadaharan. Sacara éksplisit éta dongéng téh ngabogaan judul séwang-séwangan, nyaéta Nyi Mas Sanghyang Sri Pohaci 1-3, Sasakala Rancakalong, Sasakala Tarawangsa, Sasakala Bubur Suro, Sasakala Tujuh Welas, Sasakala Pasir Dogdog, Sasakala Kuda Rénggong, Sasakala Gunung Tampomas, Sasakala Maronggé, Kéan Santang Gagak Lumayung, Carios Gaib 1, Carios Gaib 2 (Sasakala Ngalaksa), jeung Carita Berbingkai. Mantra anu teu kalibet dina upacara ngalaksa téh saperti mantra ngumbah pusaka jeung melak paré ti awal nepi ka ahir.

Kadua, sastra lisan anu kalibet langsung dina upacara ngalaksa, di antarana mantra-mantra, ijab kabul, diksi, jeung babasan. Mantra anu dipaké sacara langsung dina upacara ngalaksa téh di antara mantra nginebkeun, ngajiad menyan, ngabadaya, nyiuk béas, nyangu, badé tuang, badé kulem 1-2, badé siram, nyisiran rambut, dipupuran, disamping, angka-angkatan, pangirut dunya, mantra pamunah 1-2. Ijab kabul, diksi, jeung babasan [2].

Ko-téks[édit | édit sumber]

  • Masarakat nu kalibetna mah tangtuna masarakat Rancakalong anu nyekel pageuh tali paranti karuhunna, tuhu kana amanat anu geus diomat-omat ti baheula. Minangka partisipasi kana rupaning hal jeung réspon ka alam, masarakat Rancakalong daria pisan dina ngalaksanakeun ieu upacara ngalaksa. Tina hasil interpretasi mitos Nyi Pohaci Sanghyang Sri, ieu upacara téh ku masarakat dijadikeun cukang lantaran ngawales ni’mat anu kalintang rongkahna, nyaéta hasil panén anu mucekil. Palaku upacarana sacara husus téh nyaéta Pupuhu Rurukun (Sesepuh Kampung), Juru Ijab, Candoli, Saéhu, Juru Tulis, jeung nu lianna utamana tokoh masarakat di éta kampung.
  • Prak-prakan upacara ngalaksa téh sacara umum ngabogaan struktur anu dimimitian ku rarancang (béwara/babadantenan, mera, meuseul, ngalaksa, jeung wawarian/guar gundu), lumangsungna upacara ngalaksa (meuseul bakal, ngibakan, nginebkeun, meuseul béas, nyieun adonan, jeung nyieun orok-orokan). Ieu runtuyan téh dilaksanakeun ngéntép seureuh luyu jeung aturan anu lumaku. Pintonan kasenianana dimimitian ku upacara mapag gegedén Kabupatén Sumedang, tarian mapag dipintonankeun ku barudak istri ti wewengkon Rancakalong. Dina upacara ngalaksana aya kasenian tarawangsa, kawih maké lisung, jeung tari anu dilaksanakeun gantian lalaki awéwé ti tengah peuting nepi ka janari leutik.
  • Bahan olahan pikeun nyieun laksana nyaéta paré/béas, minyak kalapa, honjé, daun congkok, apu, daun cariang. Kadaharan séjénna aya goréng hayam, jeung kadaharan (opak, ranginang, kupat tangtang angin, kupat salamet, jeung cau). Aya ogé sarat pikeun ngalengkepan upacarana nyaéta minyak kalapa, rampé, menyan, tempat awéwé dangdan, kendi, endog hayam, béas, duit dina wadah, konéng, pakéan lalaki jeung awéwé, jeung sajabana.
  • Alat-alat atawa pakakas anu dipakéna aya halu anu jumlahna aya tujuh, dulang, nyiru, boboko, rancatan, salang, tolombong, kaén keur nutupan paré jeung béas, piring, gelas, minyak tanah, jeung suluh. Kalengkepan pikeun upacara di antarana, baju husus pikeun awéwé, karémbong/sampurna, baju husus pikeun lalaki, jentréng atawa tarawangsa.
  • Waktu lumangsungna ieu upacara ngalaksa téh anu tadina tilu satengah taun sakali robah jadi sataun sakali sabada panén raya. Ieu hal balukar kahayang pamaréntah Kabupatén Sumedang anu hayang ngajadikeun ieu upacara téh salah sahiji déstinasi wisata. Ari tempatna mah dilaksanakeun di Desa Wisata Kacamatan Rancakalong.

Kontéks[édit | édit sumber]

Kontéks nyaéta nekenkeun kana kasang tukang penciptaan téks. Dina upacara ngalaksa mah leuwih neueulkeun kana ngalaksanakeun amanat karuhun, rasa sukur kana hasil panén anu kalintang mucekilna, jeung miara ajén budaya. Upacara adat ngalaksa dilaksanakeun dumasar kana motif tina dongéng atawa carita rakyat anu ngagerakeun masarakat Rancakalong pikeun ngalaksanakeun ritualna. Ritual téh asalna tina mitos. Ngaliwatan éta mitos masarakat Rancakalong bisa partisipasi dina kajadian sabudeureunana jeung gancang ngaréspon kana naon anu aya di alam sabudeureunana.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Upacara Adat Nagalaksa". disparbud.jabarprov.go.id. 09-12-2011. Diarsipkan dari versi asli tanggal 24 Sep 2017 20:48:42 UTC. Diakses tanggal 24 September 2015. 
  2. a b Isnendes, R. (2013). Struktur dan Fungsi Upacara Ngalaksa di Kecamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang dalam Perspektif Pendidikan Karakter (Disertasi). Sekolah Pascasarjana UPI: Henteu Diterbitkeun, kc. 172
  3. Sibarani, Robert. (2012). Kearifan Lokal: Hakikat Peran dan Metode Tradisi Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan, kc. 243