Nyi Pohaci Sanghyang Asri

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Arca Nyai Pohaci Sanghyang Asri

Nyi Pohaci Sanghyang Asri atawa sering disebatkeun sacara singkat Nyi Pohaci atawa Déwi Sri nyaéta salah sahiji pohaci (déwi) pelindung paré, tatangkalan, kasuburan, jeung partanian Sunda, Jawa, jeung Bali. Ieu déwi teh dimulyakeun, dikanya'ah, jeung dipusti-pusti di pulo Jawa ti jaman baheula nepi ka ayeuna. Salérésna Nyi Pohaci ogé dianggep sabagai déwi indung urip. Mimitina teh pamujaan pohaci sang dewi paré aslina tina Tatar Pasundan. Saatos urang Sunda masuk pangaruh agama Hindu, pohaci Sanghyang Asri teh dianggap sarua kénéh jeung Batari Sri Laksmi, sang sakti atawa éstrina Batara Wisnu, ngawengkuna dewi kabagjaan jeung kamakmuran. Upacara panen paré Sérén taun teh diwangsulkeun kanggo sukuran jeung mulyakeun ieu déwi.

Sipat[édit | sunting sumber]

Ieu déwi dipercaya wewengkonna dunya bawah saréng lambangna bulan. Papancénna ngawengku Dewi Indung, nyaeta papayung kalahiran sareng kahirupan. Anjeunna oge ngatur bakal barang tuangeun dina dunya, utamina paré, margi sangu teh kadaharan utama rahayat Indonesia. Mangkaning anjeunna ngatur kehirupan, kakayaan, sareng kamakmuran. Barokah utamina panen paré nu aralus jeung seueur, dimulyakeun ti jaman baheula ti pulo Jawa, ti mimiti karajaan Medang, Majapahit sareng Sunda Pajajaran. Sabalikna ieu dewi ngatur oge perkawis sabalikna; nyaeta kamiskinan, kalaparan, hama kasakit, sareng kapaéhan. Margi ngalambangkeun paré, anjeunna oge dianggep sabagai indung urip, dikaitkeun jeung paré sareng oray sawah.

Carita déwi paré[édit | sunting sumber]

Upacara kanggo Dewi Sri (mapag Sri) waktos panén dibuat di Karang Tengah, Tuntang, Semarang (1910)

Kabanyakan carita Nyi Pohaci Sanghyang Asri dikaitkeun mitos atawa dongeng mimitina tangkal paré. Salah sahiji dongeng Nyi Pohaci Sanghyang Asri dicarioskeun dina "Wawacan Sulanjana":[1] [2]

Baréto dina Kahyangan, Batara Guru teh dewa pangluhurna panguwasa karajaan langit, nitahkeun para dewa-dewi sadayana gotong-royong ngawangun balé riung istana anyar di kahyangan. Saha baé nu mangkir, henteu patuh, bakalan dianggap pangedulan, arék dipotong leungeun jeung sukuna.

Ngadangu titah Batara Guru, Antaboga (Anta) sang dewa oray, janten paur, hariwang pisan. Kumaha henteu, matak manehna teh teu gaduh leungeun jeung suku kanggo didamel. Lamun mesti dihukum oge kantun beuheungna nu tiasa dipotong, éta mah sarua kénéh dipaéhan. Anta sieun pisan, tuluy anjeunna nyuhunkeun tulung menta naséhat ka Batara Narada, kakangna Batara Guru. Hanjakal pisan, Batara Narada oge bingung teu tiasa ngabantu sang dewa oray. Peunggas harepan, prak we Dewa Anta ceurik eueuriheun, midangdam nasibna nu sial pisan.

Nanging, tilu siki cipanon Anta nu reumbay nyakclakan ka taneuh sacara ajaib ngajanten batu mustika nu gurilap éndah. Éta batu mustika saleresna teh endog nu cangkangna alus pisan kilapna. Batara Narada nyarankeun supados eta mustika diserahkeun ka Batara Guru, ambéh dihampurakeun teu tiasa ngabantu ngawangun istana anyar.

Ngulum tilu siki mustika dina sungutna, Anta angkat ka istana Batara Guru. Dina perjalanan Anta papanggih manuk dadali (versi nu sanés nyebatkeun manuk gagak) nu negor Anta naroskeun bade indit kamana. Margi sungutna pinuh nguluman tilu siki mustika nu salérésna éndog, Anta cicing wae, moal ngajawab tatanya si manuk. Sang manuk teh janten kasigeung, nyangka Anta kacida pisan sombongna moal ngajawab lamun ditaroskeun.

Mangkaning kasigeung, sang manuk amarah nguntab. Ujug-ujug dewa oray Antaboga diamuk ku sang manuk nu ngokoétan jeung mamacokan sirahna Anta. Hiji siki endog mustika ragrag peupeus. Sieuneun, pek we Anta nyumpeut dina rungkun rurumputan, ngantosan sang manuk geura indit, sembari anjeunna paur kanyenyeurieun. Sang manuk geuning eunteup dina luhuran tangkal, ngantosan Anta medal. Unggal Anta medal lumpat minggat, sang manuk teh ngokoétan deui, kitu wae terus-terusan. Tuluy endog mustika nu kadua ragrag peupeus deui, Anta ngarayap ngésér minggat sieuneun. Kantun hiji-hijina endog mustika nu salamet lengkep teu peupeus.

Arca kuno Dewi Sri tina parunggu

Tungtungna Anta dongkap di Jonggring Saloka, istana Sanghyang Batara Guru, ngahaturkeun endog mustika hiji-hijina kanggo panguwasa kahyangan. Batara Guru bungah, seneng pisan nampi mustika nu gurilap mencrang pikareuseup diténjo. Saatos wawuh yén eta mustika salérésna endog ajaib, Batara Guru nitah Anta nyileungleum éta endog geura megar.

Saatos sakian lami nyileungleum, Anta hasil megarkeun endog. Ajaibna nu medal tina endog teh bayi inji nu geulis, alus, lucu pisan. Eta bayi dipulung anak ku Batara Guru sareng pamajikanana Batari Uma.

Eta bayi dinamian Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Lami-lami Nyi Pohaci tumbuh jadi mojang nu geulisna kacida pisan. Mojang nu bageur, alus budi, lemes cariosanana, linuhung, téja sukmana, matak kayungyun, dipikareuseup para dewa saantero kahyangan. Sasaha wae nu ninggali sang pohaci bakalan mikacinta, resep ka sang dewi.

Akibat teungteuingeun geulisna ngelehkeun para pohaci, bidadari, batari jeung para dewi dina kahyangan, Batara Guru oge mikacinta pun anak pulungna. Cicingeun Batara Guru gaduh hasrat, kahayang ngawinan Nyi Pohaci. Ningali galagat Batara Guru, para dewa hariwang jeung risi. Mun dianteupkeun kalakuanana ieu bakalan jadi aéb, ngérakeun, ngaruksak kasaluyuan kahyangan. Saterusna para dewa barempag, nyusun siasat kanggo misahkeun Batara Guru jeung Nyi Pohaci Sanghyang Asri.

Supados moal aya parkara nu ngérakeun kahyangan, para dewa satuju bahawa sakedahna Nyai Asri dipaéhan. Para dewa abur-aburan ngalana saantero jagat milarian racun nu pang peurahna. Saatos kakumpul, racuna dicampurkeun dina inuman Nyai Pohaci nu teu nyaho ngaleueut eta racun, teras karunya pisan, sang pohaci maot. Saatos maotna sang dewi, jagat géhgér, bumi eundeur lindu, ti langit gelap sasamber, angin gedé ngagelebug. Sanghyang Kersa, dewa agung pangluhurna nu tiasana cicing wae teu katénjo, janten amarah teu nampi kajahatan nista para dewa maéhan mojang suci nu teu boga dosa. Paur ngarasa boga dosa, sieun ku amarah Sanghyang Kersa, para dewa geura ngagotong layon Nyi Pohaci, disumputkeun di bumi, dikuburkeun di leuweung nu tebih jeung jero pisan.

Para dewa nu sanés nu teu terang perkara saleresna, janten nalangsa lantaran Sanghyang Asri sirna. Margi sang Nyai Pohaci teh mojang suci nu teu boga dosa, dina astanana muncul kaajaiban, sagala rupi tatangkalan nu seueur gunana sumekar tina astanana.

  • Tina sirahna tumbuh tangkal kalapa.
  • Tina irung, biwir, jeung ceulina mekar rupi-rupi samara bungbu wangi jeung sasayuran.
  • Tina buukna mekaran jujukutan jeung sagala rupi kembang aneka warna nu saraé jeung wangi
  • Tina susuna ngarumbay bubuahan dalu ranum jeung aramis.
  • Tina leungeunna muncul tangkal jati, cendana, sagala rupi tatangkalan kakayon nu aya gunana
  • Tina momokna muncul tangkal kawung kalapis injuk, nu peueutna tiasa disadap kanggo ngadamel gula aren nu langkung aramis.
  • Tina pingpingna muncul sagala rupi tangkal awi.
  • Tina sukuna tumbuh sagala rupi beubeutian, hui amis, boléd sampeu, jeung sajabana.
  • Tina puseurna tumbuh paré, bakal barang kadaharan nu pang pentingna kanggo kamakmuran umat manusa sadayana.

Carios nu sanés nyebatkeun paré bodas muncul tina panon katuhuna, mun tina panon kéncana muncul paré beureum. Kasimpulananna sagala rupi tatangkalan nu aya gunana kanggo kamakmuran umat manusa marunculan tina layon Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Ti mimiti eta teh rahayat tani sadaya mulyakeun Nyi Pohaci Sanghyang Asri, dewi nu dipusti-pusti, jeung dipikanya'ah ku sadayana, nu pangorbanannana nyuburkeun lemah demi umat manusa.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

Nulis.jpg