Lompat ke isi

Bulan (satelit)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bulan ☾
Bulan nu katempo ku para pangamat di bumi
Bulan nu katempo ku para pangamat di bumi

Bulan nu katempo ti bumi

Karakteristik Orbital
Kuriling orbital 2,413,402 km
(0.016 AU)
Éséntrisitas 0.0554
Perigee 363,104 km
(0.0024 AU)
Apogee 405,696 km
(0.0027 AU)
Période révolusi

(Sidereal period)

27.321 66155 d
(27 d 7 h 43.2 min)
Synodic period 29.530 588 d
(29 d 12 h 44.0 min)
Gancang Orbital Rarata 1.022 km/s
Gancang Orbital Maks. 1.082 km/s
Gancang Orbital Min. 0.968 km/s
Inklinasi rupa-rupa antara
28.60° and 18.30°
(5.145 396° to ecliptic)
see below
Garis bujur
titik naék
régréssing,
1 révolusi dina 18.6 taun
Argument of perigee progressing,
1 révolusi in 8.85 taun
Satelitna Bumi
Karakteristik Fisikal
Diaméter équatorial 3,476.2 km[1]
(0.273 bumi)
Diaméter kutub 3,472.0 km
(0.273 bumi)
Oblateness 0.0012[2]
Lega beungeut 3.793×107 km²
(0.074 bumi)
Volume 2.1958×1010 km³
(0.020 bumi)
Massa 7.347 673×1022 kg
(0.0123 bumi)
Kapadetan rarata 3,346.2 kg·m−3
Gravitasi équatorial 1.622 m·s−2,
(0.1654 gee)
Gancang escape 2.38 km·s−1
Période rotasi 27.321 661 d
(sinkron)
Gancang rotasi 16.655 km·h−1
(di hatulistiwa)
Axial tilt 1.5424° to ecliptic
tempo Orbit
Albédo 0.12
Magnitudo -12.74
Hawa beungeut
min rarata maks
40 K 250 K 396 K
Komposisi panggedéna tina lapisan luar bulan
kira-kira, persén beurat
Oksigén 42.6 %
Magnésium 20.8 %
Silikon 20.5 %
Beusi 9.9 %
Kalsium 2.31 %
Aluminium 2.04 %
Nikel 0.472 %
Kromium 0.314 %
Mangan 0.131 %
Titanium 0.122 %
Karakteristik Atmosférik
Tekenan atmosférik 3 × 10−13kPa
Hélium 25 %
Néon 25 %
Hidrogén 23 %
Argon 20 %
Métana

Amonia
Karbon dioksida

trace

Bulan (ᮘᮥᮜᮔ᮪) atawa Komar (ᮊᮧᮙᮁ) nyaéta satelit alam nu ngurilingan bumi. Dina basa Inggris ngaranna "the Moon", dina basa Latén kadang-kadang disebut Luna, atawa Selene (basa Yunani), keur ngabédakeun tina bulan ("moon") (nu nujul kana sagala rupa satelit alam planét-planét séjén). Kecap sipat nu patali jeung bulan, dina basa Inggris mah nyaéta lunar (tina basa Laten kénéh), tapi henteu kitu kombinasina mah, wangun kombinasina seleno-/-selene (tina basa Yunani) katut -cynthion (tina Lunar deity Cynthia) dipaké minangka istilah nu patali jeung bulan dina rupa-rupa konteks liana (upamana aposelene, selenosentris, pericynthion, jsb.).

Jarak rata-rata antara Bumi jeung bulan, ti puseur ka puseur, nyaéta 384.403 km, kira-kira 30 kali diaméter Bumi. Diaméter Bulan nyaéta 3.474 km,Citakan:Cite ramat saeutik leuwih leutik ti saparapatna diaméter Bumi. Ieu hartina volume Bulan ngan kira-kira 2 persén ti volume Bumi sarta tarikan gravitasi di beungeutna kira-kira 17 persén ti tarikan gravitasi Bumi. Bulan medar ngalingkung Bumi sakali saban 27,3 poé (période orbit), sarta variasi periodik dina sistem Bumi-bulan-Panonpoé tanggung jawab kana kajadian fase-fase Bulan anu mindo saban 29,5 poé (période sinodik).

Massa jinis Bulan (3,4 g/cm³) nyaéta leuwih hampang dibandingkeun massa jinis Bumi (5,5 g/cm³), sedengkeun massa Bulan ngan 0,012 kali massa Bumi.

Bulan anu ditarik ku gaya gravitasi Bumi henteu murag ka Bumi dilantarankeun ku gaya séntrifugal anu timbul tina pedaran atawa orbit Bulan ngalingkung bumi. Badagna gaya séntrifugal Bulan nyaéta saeutik leuwih badag ti gaya tarik antara gravitasi Bumi jeung Bulan. Hal ieu ngabalukarkeun Bulan beuki ngajauhan bumi kalawan laju kira-kira 3,8 cm/taun.

Bulan aya dina orbit sinkron jeung Bumi, hal ieu ngabalukarkeun ngan hiji sisi beungeut Bulan waé anu bisa ditempo ti Bumi. Orbit sinkron ngabalukarkeun waktu rotasi sarua jeung waktu révolusina.

Di bulan heneuweuh hawa atawa cai. Réa kawah di beungeut bulan nu dilantarankeun ku tubrukan komét atawa asteroid. Euweuhna hawa jeung cai di bulan ngabalukarkeun heneuweuhna pengikisan anu ngabalukarkeun réa kawah di bulan anu umurna jutaan taun sarta gembleng kénéh. Ti antara kawah pangbadagna nyaéta Clavius kalawan diaméter 230 kilométer sarta jerona 3,6 kilométer. Euweuhna hawa ogé ngabalukarkeun euweuhna sora nu bisa kadéngé di Bulan.

Bulan nyaéta hiji-hijina barang langit anu kungsi kadatangan sarta didaratan ku manusa. Obyék munggaran jieunan manusa anu ngaliwat deukeut Bulan nyaéta wahana antariksa milik Uni Sovyet, Luna 1, obyék munggaran jieunan manusa anu ngabentur beungeut Bulan nyaéta Luna 2, sarta poto munggaran sisi jauh bulan anu teu kungsi katémbong ti Bumi, dicokot ku Luna 3, kabéh misi ieu dipigawé dina taun 1959. Wahana antariksa munggaran anu junun ngalakonan badarat nyaéta Luna 9, sarta anu junun ngorbit Bulan nyaéta Luna 10, duanana dipigawé dina taun 1966. Program Apollo milik Amérika Sarikat nyaéta hiji-hijina misi nu dijelemaan nepi ka kiwari, anu dilakonan antara 1969 jeung 1972.

Bulan minangka tanda waktu

[édit | édit sumber]

Bulan purnama nyaéta kaayaan sabot Bulan katémbong buleud sampurna ti Bumi. Dina waktu éta, Bumi perenahna ampir sagurat di antara Panonpoé jeung Bulan, ku kituna sakumna beungeut Bulan anu dicaangan Panonpoé katémbong écés ti Bumi.

Kabalikanana nyaéta waktu bulan paéh, nyaéta waktu Bulan perenahna ampir sagurat di antara Panonpoé jeung Bumi, ku kituna anu 'katémbong' ti Bumi nyaéta sisi tukang Bulan anu poék, atawa henteu katempo nanaon.

Di antara dua waktu éta aya kaayaan bulan sapasi sarta bulan tumanggal, nyaéta dina waktu posisi Bulan ka Bumi nyieun sudut nu tangtu ka gurat Bumi - Panonpoé. Dina waktu éta, ngan sawaréh beungeut Bulan anu disinaran Panonpoé anu katémbong ti Bumi.

Asal usul

[édit | édit sumber]

Asal - usul bulan henteu dipikanyaho sacara pasti, tapi élmuwan manggihan bukti yén Bulan asalna tina tubrukan bumi jeung planét leutik anu ngaranna theira kira-kira 3 milyar taun ka tukang, sarta ngahasilkeun lebu anu jumlahna pohara réa sarta ngorbit di saubeng bumi sarta tungtungna lebu kasebut ngumpul jadi bulan. Mimitina jarak bulan kira-kira 30.000 mil atawa 15 kali leuwih deukeut ti jarak Bulan jeung Bumi ayeuna. Ti hasil panalungtikan Bulan ngajauhan kira-kira 3,8 cm pér taunna.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Onasch, Bernd (2006). "Moon". Diakses tanggal 2006-03-20. 
  2. "Moon Fact Sheet". NSSDC. Diakses tanggal 2006-03-20.