Pohaci

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Grafik Pohaci di Sawarga Loka Manggung

Pohaci nyaéta ngaran séjén ti Déwa (dina mitologi Hindu) di kabudayaan jeung istiadat kasundaan.[1] Dina konteks spiritual Sunda, Pohaci mangrupa proyéksi ti déwa nu nangtayungan dina kahirupan masarakat Sunda jaman baheula.[1]

Déskripsi[édit | édit sumber]

Dina kahirupan masarakat Sunda jaman baheula, kacida kentel sarta deukeutna jeung sababaraha ngaran Pohaci. Pohaci nyaéta Déwa atawa biasana ogé disebut salaku Déwi nu nangtayungan sagala paripolah sarta kagiatan masarakat Sunda. Pohaci mangrupa Dewi bawahan ti Batara atawa Bujangga. Sedengkeun Batara atawa Bujangga dipupuhuan ku Sunan Ambu. Sunan Ambu di dieu nyaéta bisa ogé disebut salaku Mahadéwi nu mupuhuan Batara jeung Pohaci.[1]
Sunan Ambu mangrupa salah sahiji proyéksi ti mancapat lima pancer. Puseur Mandala Agungna aya di Sunan Ambu. Sunan Ambu nyaéta puseur ti opat juru angin nu dipupuhuan deui ku Batara atawa Bujangga. Dina Carita Pantun Lutung Kasarung, Sunan Ambu nurunkeun opat Batara keur ngabantuan Purba Sari, nyaéta: Batara Tua, Batara Séda, Batara Sakti, jeung Batara Leuwih.[2]

Pola Grafik Pohaci di Carita Pantun Lutung Kasarung

Pohaci sabenerna dina mitologi kasundaan ngan aya 20 nu ayana di juru angin antara Batara hiji jeung Batara séjénna. Dina Carita Pantun Lutung Kasarung, dicaritakeun jumlahna 40 Pohaci anu boga pancén séwang-séwangan. Dina masarakat Sunda umumna, Pohaci sok sering dihubungkeun jeung Nyi Pohaci Sanghyang Asri atawa Déwi Paré. Ieu sabenerna teu salah, dina Carita Pantun Lutung Kasarung, Sunan Ambu ngajarkeun Purba Sari mélak paré. Nepi ka dina ngalakukeun sakabéh kagiatan, kentel pisan ku neda widi jeung ngadu’a ka unggal Pohaci. Ieu salah sahiji du’a atawa paménta, di dieu dicontoan dina masak sangu:[2]

suluhna aya ngaranana Pohaci Runtuyan Jati


seuneuna Pohaci Lenyap Herang
parakona Pohaci Leukeuran Jati
hawuna Pohaci Dungkukan Jati
seengna Pohaci Danu Hawu
aseupanana Pohaci Kukusan Jati
dulangna Pohaci Talaga Jati
turub dulangna Pohaci Pamayung Jati
ari kejona Pohaci Jungjunan Sari

Dina kahirupa adat Sunda, biasana nu leuwih hafal ngaran-ngaran Pohaci nyaéta awéwé atawa indung. Sabab Pohaci sakapeung identik jeung sakabéh kagiatan nu dilakukeun ku awéwé. Boh dina mélak, masak, ngababarkeun, jrrd.[2] Sababaraha ngaran Pohaci nu disebut dina Carita Pantun Lutung Kasarung:

  1. Pohaci Muruhmuy Putih
  2. Pohaci Terus Rarang
  3. Pohaci Rambat Rarang
  4. Pohaci Lencop Rerang
  5. Pohaci Lencop Hurip
  6. Pohaci Lenggang Rerang
  7. Pohaci Lenggok Maya
  8. Pohaci Pancar Hurip
  9. Pohaci Naga Gini
  10. Pohaci Jayang Gana
  11. Pohaci Tenjo Maya
  12. Pohaci Pangdurat Sari
  13. Pohaci Lenggok Kuning.[2]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c Rakhman, Imam.Makalah. Sunda Dalam Budaya dan Mitologi.2010.Tidak Dipublikasi
  2. a b c d Sumardjo, Jakob.2009.Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda.Bandung: Kelir.