Lompat ke isi

Nyiru

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nyiru

Nyiru tina anyaman awi keur disuhun
Fungsi Utama Nginter paré/béas, moé kadaharan
Bahan Utama Awi (Tali atawa Temen)
Téknik Anyaman
Bentuk Buleud


Nyiru nyaéta salah sahiji parabot nu wangunna buleud dijieun tina anyaman awi beunang meulahan ipis kalawan dianyam rapet sangkan teu maloncor lamun dipaké napi béas, paré, milihan kacang, jeung sajabana [1]. Nyiru ogé ilahar dipaké tempat moé, saperti moé kéré lauk, wajit, kicimpring, ranginang, jeung réa-réa deui olahan baseuh anu perlu dipoé heula [2]. Nyiru mibanda ngaran béda-béda unggal daérah saperti talam, indang, penampi, jeung sajabana [3].

Pedaran

[édit | édit sumber]

Mangsa datang usum panén paré nyiru dipaké pikeun misahkeun paré anu hapa jeung paré anu beuneur ku jalan ditapi maké nyiru, paré meunang ngala tuluy diirik sangkan lalésotan tina gagangna, di mana geus lalésotan tuluy dipisahkeun daun jeung sikina ku jalan ditapi maké nyiru [4], moé paré ogé bisa maké nyiru malahan paré anu ditutu dina lisung, misahkeun huut jeung béasna ku cara ditapi maké nyiru [5].

Nyiru ogé jadi andelan tukang nyieun ranginang, salé cau, wajit, ogé ngamangpaatkeun nyiru keur tempat moékeunana[2], Di daérah Tasikmalaya hususna Singaparna jeung Puspa hiyang loba pisan tukang nyieun nyiru keur jualeun, nyiru beubeunanganna dijual di daérah sabudeureun Tasikmalaya, Singaparna , Garut , malahan iang nyiru daganganana nepi ka Bandung jeung Jakarta sagala.[6]

Nyiru mangrupa pakakas anu kudu dipibanda, sabab loba pisan guna jeung mangpaatna, saperti napi béas saméméh diisikan ku cara béas diteundeun luhureun nyiru tuluy ditapi sangkan huut badagna haliber, tuluy béas diguar-guar, niténan bisi aya sérah atawa keusik jeung barang séjén anu kabawa. Nyiru anu leutik sok disebut cécémpéh.[7]

Konstruksi sarta Bahan

[édit | édit sumber]

Nyiru dijieun ku cara dianyam tina awi beunang meulah anu ipis.

  • Bahan: Biasana ngagunakeun awi tali sabab leuwih liat sarta gampang dianyam.
  • Wengku: Dina sisi luarna dipasihan wengku, nyaéta jepit/panghompét tina awi anu kandel atawa hoé anu ditalian ku benang atawa kawat sangkan anyamanana kuat sarta teu gampang lésot.
  • Wangun: Wangunna spésifik nyaéta buleud datar, diaméterna rupa-rupa, ti mimiti nu leutik dugi ka nu gedé (kira-kira 50-80 cm).

Aspék Budaya sarta Fungsi

[édit | édit sumber]

Dina kahirupan sapopoé urang Sunda, nyiru miboga rupa-rupa fungsi:

  1. Nginter: Gerakan ngulirkeun béas dina nyiru sangkan huut sarta kokotor séjénna kumpul di tengah atawa palid ka sisi.
  2. Napi: Ngayunkeun nyiru ka luhur sarta ka handap sangkan huut anu hampang hiber katiup angin.
  3. Moé Kadaharan: Nyiru mindeng dipaké pikeun moé rupa-rupa kadaharan saperti gaplék, rangginang, atawa opak.

Paribasa Sunda

[édit | édit sumber]

Aya paribasa Sunda anu ngagunakeun kecap nyiru, contona:

  • "Nyiru gedé raragentéan" – Ngagambarkeun jalma anu loba kahayang tapi teu miboga kamampuh anu cukup.[8]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Nyiru hartina
  2. 1 2 Kagunaan nyiru Archived 2016-11-14 di Wayback Machine
  3. Nyiru disababaraha daérah disebut ogé
  4. Kearifan tradisional masyarakat pedesaan dalam pemeliharaan lingkungan hidup daérah Sumatera Barat, Departemen Atikan dan Kebudayaan, 1991
  5. Nyiru paranti napi di lisung Archived 2016-11-14 di Wayback Machine
  6. Tukang nyieunan nyiru Archived 2016-11-14 di Wayback Machine
  7. Dapur dan alat-alat memasak tradisional [ngaran propinsi].: Riau, Proyek Penelitian, Pengkajian dan Pembinaan Nilai-Nilai Budaya (Indonesia), Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daérah (Indonesia), Departemen Atikan dan Kebudayaan, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Proyek Penelitian, Pengkajian dan Pembinaan Nilai-Nilai Budaya, 1988
  8. Hidayat, Rachmat Taufiq (2005). Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. ISBN 979-3631-43-4.

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]
  1. Nyiru hartina
  2. Karajinan Anyaman Awi di Jawa Barat