Maja

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Maja (Aegle marmelos (L.) Correa nyaéta tutuwuhan bentukna tangkah anu tahan di lingkungan anu keras tapi daunna gancang maruragan sarta asalna ti daérah Asia Tropika jeung Subtropika.[1] Tutuwuhan ieu biasana di pelak di pakarangan imah sarta teu kudu maké perawatan husus.[1] Maja masih kénéh sadulur jeung kawista.[1] Di Bali kawentar ngaranna téh bila.[1] Di Pulo Jawa, maja sering patukeur jeung berenuk padahal duanana nyaéta dua tutuwuhan anu béda.[1] Berebuk spésiés crescentia alata bentukna sarua jeung crescentia cujete ngan ukuran buahna nu leutik.[2] Berenuk jeung maja paling babari dibédakeun tina kembangna, kembang berenuk mah rada kuncup sedengkeun maja mah mekar.[3] Tina tangkalna, berenuk mah pendék jeung nguyupuk, maja mah gedé jeung jangkung.[3]

Buah maja kawentar ngaran bael, stone apple, bili, wood apple, bengal quince, atawa golden apple mangrupa spesiés tangkal bungbuahan anu asalna ti India.[4] Tangkal maja dianggap sakral ku umat Hindu[4] Maja hiji-hijina spesiés dina genus aegle.[4]

Tutuwuhan ieu téh bisa tetep jadi dina kaayaan lingkungan anu karas, upamana waé dina suhu anu kaleuleuwihi; contona usum halodo nepi ka -7°C dina usum tiris di Punjabi (India), dina dataran luhur nepi ka +1.200m.[1] Di Asia Tenggara, maja ukur bisa kembangan jeung buahan kalawan hadé dina usum garing, jeung teu kapanggih dina elevasi luhureun 500m.[1] maja mampuh nyaluyukeun dina lahan anu ngandung rawa, taneuh garing, jeung taneuh nu rada biasa (salin).[1]

Warna kulit luar buah maja héjo tapi eusina konéng atawa oranyeu.[1] Bauna seungit jeung cairanna amis, papalingpang jeung anggapan jalma yén rasa buah maja téh pait.[1] Sakumaha umumna jeruk, bah maja bisa diolah jadi serbat, selé, sirop, atawa nektar, kulitna bisa dijieun marmalade.[1]

Klasifikasi Maja[édit | édit sumber]

Di handap ieu klasifikasi maja nyaéta:

Anatomi jeung Morpologi Maja[édit | édit sumber]

Maja ngabogaan daun nu gampang murag, ukuran daunna leutik nepi ka sedeng, jangkung tangkalna 10-15 m.[6] Dahan anu kolot teu cucukan, tapi cabang jeung rang-rangna cucukan aya nu tunggal aya nu sapasang, panjangna kira-kira 1-2 cm.[6] Daun tunggal selang-seling, nganak tilu daun, gagang daun 2-4 cm, gagang anak daun nu sisi 3 m, gagang daun nu tengah 15 mm, lembar anak daun gigir rada buleud ukuran 7 cm x 4,2 cm, lembar daun tengah bunder endog sungsang ukuran 7,5 x 4,8 cm, kelenjarna lemes jeung padet.[6] Kembangna runtuyan renung dina kélék daun, panjangna 4-5 cm, kalokopna rérégéan lébar panjang 1,5 cm, daun mahkota ngabuleud endog sungsang, 14 mm x 8 mm, kahéjo-héjoan jeung bodas, gagang putikna pendék pisan.[6] Buahna buleud diaméter 5-12,5 cm, kalayan kulit kaian jeung teuas (batokan), ngawengku 8-16 (20) ségmén, 6-10 siki dina daging cair kentel jeung léngkét.[6] Buah maja ngabogaan rasa anu amis, seungit, jeung seukeut dina tikoro.[6]

Mangpaat Maja[édit | édit sumber]

Mangpaat tutuwuhan maja pikeun kaséhatan awak kacida lobana.[7] Kandungan dina buah maja kacida lobana, di antarana vitamin C, thiamin, karoten, niasin, protein, karbohidrat, lemak, kumarin, marmelosina, steroid, alkkaloida jeung minyak.[7] Anapon mangpaat jeung hasiatna nyaéta:

1. Ubar Muncrut

Buah Maja ngandung haramay (serat) anu luhur, ku kituna buah ieu épéktip pikeun ngeureunkeun muncrut ku cara di dahar langsung atawa di inum dijieun jus.[7]

2. Ubar Lambung

Saupama lambung karasa eungap, bisa diungkulan ku cara ninyuh akar maja maké sagelas cai haneut. [7]

3. Ubar Tatu

Tutuwuhan ieu ngabogaan sipat antibiotik, cocok pisan pikeun ngungkulan inpéksi dina tatu.[7] Carana akar atawa daun maja digerus nepi ka lembut, terus dibalurkeun kana tatu sangkan teu inpéksi.[7]

4. Ubar Ratug Jantung

Upama jantung urang ngarasa ratug, anu teu dibalukarkeun ku kareuwas atawa kaayaan haté hartina urang keur ngalaman kasakit anu serieus, sarta kudu buru-buru diubaran.[7] Carana nginum cai godogan akar maja.[7]

5. Ubar Arateul

Buah maja miboga hasiat pikeun ubar arateul, carana ku cara ngadahar buahna, atawa ngaréndos daunna dicampr ku daun seureuh, jeung apu, tuluy dibalurkeun kana kulit anu arateul.[7]

6. Ubar Hésé Miceun

Cara ngungkulan ieu panyakit nyaéta ku cara ngadahar buah maja sacara rutin unggal poé.[7]

7. Nurunkeun Panas

Carana nyaéta ninyuh akar maja maké sagelas cai panas, tiiskeun tuluy diinum.[7]

8. Ngalemeskeun Kulit

Buah maja ngandung vitamin C anu dipercaya ngabogaan peran pikeun ngawangun kolagén, anu pungsina pikeun ngajaga élastisitas kulit, sangkan kulit tetep lemes, cahayaan sarta ngajaga kulit tina sinar panon poé.

10. Ubar Gula (Diabetes)

Daun maja alus pikeun nurunkeun kadar gula anu aya dina getih, carana daun maja digodog sarta cai godoganna dinum sacara rutin dua kali dina sapoé. [8]

11. Ubar Dipacaok Oray

Ubar dipacok oray sangkan racunna teu nyaliara nyaéta ku daun, akar jeung rang-rang maja.[8]

12. Pikeun Seuseungitan

Kulit buah maja miboga sipat nu seungit, ku kituna cocok pikeun dijad ikeun seuseungitan alami.[8]

13. Ubar Anémia

Carana buah maja anu geus garing dicampurkeun jeung susu sapi, tuluy diinum.[9]

14. Ubar Sangkan Konséntrasi

Carana nyaéta buah maja nu geus asak dicampur jeung mantéga sarta gula, tuluy didahar unggal poé.[9]

Gemuk Organik tina Buah Maja[édit | édit sumber]

Maja ngandung kandungan nitrogén anu luhur, sarta ngandung zat tumbuh anu hadé pikeun tutuwuhan.[10] Pikeun nyieun gemuk organik butuh Mikroorganisme Lokal (MOL) salaku starter, gunana pikeun nguréy bahan organik jadi unsur hara anu dibutuhkeun ku tutuwuhan, nya buah maja pisan anu bisa dijieun MOL téh.[10] Nyieun MOL tina maja, cara anu kahiji nyaéta néangan buah maja anu geus kolot atawa asak, kalayan ciri-ciri lamun dicekel batokna karasa teuas, warna kulitna héjo caang.[10] Kandungan gula di jerona bakal mantuan kana prosés perméntasi.[10] Saterusna maja dibeulah jadi dua, cokot dagingna tuluy diancurkeun bisa ku séndok, leungeun atawa maké blénder.[10] Sanggeus lemes, asupkeun kana botol kurut ukuran 600 ml, tuluy eusian ku cibéas kira-kira 400 ml, botol ulah nepi ka pinuh, sésakeun kira-kira saparapatna.[10] Ku lantaran perméntasi ngandung gas, ku kituna unggal botol kudu dibuka sakeudeung pikeun ngaluarkeun gas, tuluy ditutupan deui, prosés éta dibalikan deui nepi ka éta campuran umurna 10-14 poé, sarta geus bisa digunakeun.[10] Cai campuran éta bisa dicéborkeun atawa maké sprayer sarta teu maké dosis anu netep, contona 250 ml MOL bisa pikeun 5 liter cai.[10]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k (dalam bahasa id) Maja. 2017-11-28. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Maja&oldid=13377380. 
  2. "Buah Maja, Rasanya Ternyata Tidak Sepahit Akhir Kisah Majapahit". Intisari Online. Diakses tanggal 2018-02-11. 
  3. a b "Buah Maja Buah Berenuk". abidaryati. Diakses tanggal 2018-02-11. 
  4. a b c "Tanaman Buah Maja (Bael Fruit) - BibitBunga.com" (dalam bahasa en-US). BibitBunga. 2016-03-22. http://bibitbunga.com/tanaman-buah-maja-bael-fruit/. Diakses pada 2018-02-11 
  5. "Etheses of Maulana Malik Ibrahim State Islamic University". etheses.uin-malang.ac.id. Diakses tanggal 2018-02-11. 
  6. a b c d e f "Biologi Online: klasifikasi Maja (Aegle marmelos)". Biologi Online. http://www.biologionline.info/2014/07/klasifikasi-maja-aegle-marmelos.html. Diakses pada 2018-02-11 
  7. a b c d e f g h i j k "10 Manfaat dan Khasiat Buah Maja untuk Kesehatan" (dalam bahasa id-ID). Khasiat. 2016-12-18. https://www.khasiat.co.id/buah/maja.html. Diakses pada 2018-02-11 
  8. a b c "15 Manfaat Buah Majapahit untuk Manusia - Manfaat.co.id" (dalam bahasa en-US). Manfaat.co.id. 2017-05-21. https://manfaat.co.id/manfaat-buah-maja. Diakses pada 2018-02-11 
  9. a b Jamuin. "Cara Mengolah Buah Maja, Resep Daun Dan Khasiatnya". Jamuin. http://www.jamuin.com/2017/10/cara-mengolah-buah-maja-resep-daun-dan.html. Diakses pada 2018-02-11 
  10. a b c d e f g h "Ternyata Buah Maja Bisa jadi Pupuk Organik, Begini Caranya…" (dalam bahasa en-US). Mongabay Environmental News. 2016-01-24. http://www.mongabay.co.id/2016/01/24/ternyata-buah-maja-bisa-jadi-pupuk-organik-begini-caranya/. Diakses pada 2018-02-11