Berenuk

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Berenuk
Buah berenuk, Crescentia cujete
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. cujete
Ngaran binomial
Crescentia cujete

Berenuk (Crescentia cujete) nyaéta hiji tangkal anu asalna ti Amerika Tengah jeung Amerika kidul .[1] Kaasup kana kulawarga Bignoniaceae, bisa direkahkeun ku jalan dicangkok atawa dipelak tina sikina.[2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Buahna kawilang badag kawas jeruk Bali malahan sok mindeng disasaruakeun jeung buah maja, berenuk bisa dimangpaatkeun pikeun ubar.[1]

Tangkal berenuk mibanda ngaran sinonim : Crescentia acuminata Kunth; Crescentia angustifolia Wild; Crescentia cujete var, puberula Buréau & K; Crescentia fasciculata Miers; Crescentia spathulata Miers.[3] Spesies ieu ditaksir asalna ti daérah Meksiko, Amérika kalér ogé Amérika kidul, kiwari ieu tangkal berenuk loba kapanggih hirup di Amérika jeung benua séjén anu mibanda iklim tropis .[3] Di alam bebas berenuk ngarekahan ku bantuan kalong jeung lalay utamana dina mangsa penyerbukan kembangna.[4]

Ngaran Vernacular[édit | édit sumber]

Tangkal berenuk mibanda ngaran anu béda-béda di unggal nagara saperti : tabu kayu (Malaysia), calabash tree (Inggris), calebassier (Prancis), kalebasboom (Walanda).[2]Japacary (Argentina); Cabaceira, coité, Cuia, Cuieira, Cuité, Cujeté (Brazil); Cirian Tecomate, Cujete (Mexico); Jicaro, Totumo (Panama); Cujete (Pilipina); Arbol De Las Calabazas (Spanyol); Krabasi (Suriname); Camasa, Taparo (Venezuela ); Dao Tién (Vietnam).[3]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Tangkal berenuk hirupna nahun, dialam bébas tangkal ieu biasana kapanggih hirup dina kumpulan kakayon, kebon jukut (tegalan), sisi jalan, nepi ka sisi leuweung.[3] Tangkal berenuk bisa jadi kalawan subur di daérah anu luhur taneuhna aya dina 800 m tina beungeut cai laut (dpl), kalawan cai hujan rata-rata 1500 nepika 1300 mm dina sataun, panasna hawa (suhu) 26° C.[3] Tangkal berenuk ogé bisa jadi dina taneuh tela (tanah liat) sanajan dina kaayaan kakuran cai atawa sabalikna mindeng ditarajang banjir.[3]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal[édit | édit sumber]

Jangkung tangkalna bisa nepika 6 -10 méter,[2] kulit tangkalna korodok kawas rorombeheun, kulit tangkal anu geus kolot baris molotok diganti ku kulit anyar, kituna téh henteu dina waktu bareng tapi ngan sabaraha bagian wungkul sakapeung nepikeunka lukutan.[3] Dahan paranjang tur dipinuhan ku daun anu narapel, unggal susunan daun mibanda 1 - 3 lambar daun.[1][3]

Daun[édit | édit sumber]

Daunna salambar, ngentep minuhan dahan sakapeung Aya ogé anu bijil dina tangkal, unggal éntépan dauna aya hiji nepi ka tilu pasang daun sakapeung aya ogé anu nepi ka opat lambar.[1] Kelir dauna héjo tur herang luhurna .[2] dauna lonyod panjang kurang leuwih 10-20 cm, tungtungna melengkung semu mencos (nodus), daun palebah cupat leuwih leutik.[3]

Kembang[édit | édit sumber]

Kembangna mangkak tipeuting.[4] Bijil tina tangkal jeung dahana.[2] Panjang cupatna kurang leuwih 1,5 cm, panjang kembangna 5 cm kelirna konéng semu héjo.[2] Kelopak kembang panjang 2 cm bauna rada hapeuk.[3] Bilabiately handapna kabagi dua ; mahkota panjangna 4-6 cm (Corolla), kelirna bodas semu konéng, aya gurat semu gandaria, dina kembangna beulah luarna nyirip (venasi), benang sari pondok jeung napel di handap (subexserted).[3]

Buah[édit | édit sumber]

Buahna kawilang badag, kelirna héjo ngora tur kulitna lemes, buleud sakapeung aya anu rada lonyod gedéna kurang leuwih sagedé jeruk bali.[2] Ngagantung dina cupat anu bijil tina tangkal atawa dahan.[2] Buah berenuk gedé buleudan Ø 15-25 cm, Sikina laleutik panjang 7-8 mm jeung rubak/(lébar) 4-6 mm nyebar sajeroeun buah.[3]

Kandungan kimia[édit | édit sumber]

Buah berenuk (crescentia cutjete) ngahasilkeun 15 sanyawa anyar, tilu iridoid glukosida (6,8,9) lima iridoid (7,11-14), dua 3-hydroxyoctanol glycosides (21,22), kalawan sanyawa séjéna anu disebut, ojugol (1), 6-Op-hydroxybenzoylajugol (2), aucubin (3), 6-Op-hydroxybenzoyl-6-epi-aucubin (4), l-dehidroksi-3, 4-dihidroaucubigenin (5), (10), acanthoside D 15), benzonic acid glucosyl ester (23) jeung 5-hidroksimetil (24).[3]

Kandungan anu dipibanda buah berenuk, dina kaayaan baseuh jeung garing :

  • Serat kasar 4,88% (garing), 10,85% (baseuh)
  • Karbohidrat 15,65% (baseuh), 68,13% (garing)
  • Thiamin 1,50 mg / g (baseuh), 09,9 mg / g (garing)

Henteu mibanda toksisitas HCN dina kaayaan baseuh kitu ogé dina kaayaan garing.[3]

Kagunaan[édit | édit sumber]

  1. Tangkal berenuk mibanda rupa-rupa kagunaan, saperti dipaké pikeun papaés di buruan ogé ngiuhan buruan.[2]
  2. Buah berenuk ngora bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran éksim.[5] Bisa ogé dijieun manisan, sikina ogé bisa diasakan pikeun dikonsumsi.[3]
  3. Buah anu geus kolot, sabada dipoé nepikeun ka garing, ieu dipaké pikeun bahan karajinan saperti tutup lampu, gantungan konci, asbak, sisiuk, jeung sajabana,[6]
  4. Bahan pestisida, tibaheula buah berenuk dipaké ogé pikeun ngusir hama pepelakan alami ku para patani, kiwari ku para ahli geus ditaluntik ogé leuwih jero ngeunaan kamungkinan séjén hasiat buah berenuk dipaké pikeun ngubaran : diaré, nyeri beuteung, salésma jeung bronchitis.[7]
  5. Di Nikaragua, sikina ogé biasa dikonsumsi kujalan digiling/dibebek tuluy ditinyuh dipaké nginum kawas sirop atawa kopi.[3]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Tim Penyusun Kamus PS, Kamus PS; Yudi Haryanto, J. Sugito year = 2013, Kamus Pertanian Umum, Penebar Swadaya, ISBN 979-002-593-9 
  2. a b c d e f g h i Lestari, Garsinia; Ira Puspa Kencana, S., Febriana Ai Nurohmah (2015), TANAMAN HIAS LANSKAP (EDISI REVISI), Penebar swadaya Group, ISBN 976-979-002-681-0 Check |isbn= value (bantuan) 
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p T.K, Lim (2012), Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants, Springer Science & Business Media, ISBN 978-90-480-8661-7 Check |isbn= value (bantuan) 
  4. a b "Meet the Plants". National Tropical Botanical Garden. Diakses tanggal 2017-5-28. 
  5. harini M. Sangat, Ervizal A.M zuhud, Ellyn K. Damaayanti (2000). "Kamus penyakit". Di Fulconis, R. Kamus Penyakit dan Tumbuhan Obat Indonesia: (Etnofitomedika I). London: Pustaka populer obor. p. 66. ISBN 978-602-433-128-3. 
  6. "Netty Heryawan: Kerajinan Berenuk Cibarusah Butuh Pembinaan". pikiran-rakyat. 2017-02-07. Diakses tanggal 2017-05-24. 
  7. "Ini Dia Buah Kola, Bahan Perasa Minuman Coca-Cola". republika.co.id. 2016-08-31. Diakses tanggal 2017-05-24. 



Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]