Lompat ke isi

Jeruk Bali

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jeruk bali
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. grandis
Ngaran binomial
Citrus grandis
Osbeck
Jeruk bali

Jeruk Bali; Citrus maxi numa nyaéta jeruk anu asalna tina kulawarga Rutaceae. Ukuranna paling gedé ti batan jeruk séjénna.[1] Jeruk bali disebut ogé jeruk pamélo anu asalna ti Magetan, Jawa Tengah, mimitina ngaran éta meureun dipatalikeun jeung tilu varietas jeruk pamélo, nyaéta pamélo nambangan, pamélo srinyonya, sarta jeruk bali beureum. Anu pamungkas, ayeuna dipikawanoh kalayan ngaran pameéo Magetan.[1] Katilu varietas mibanda séntra pelak di Magetan.[2]

Morfologi

[édit | édit sumber]

Jéruk bali téh boga morfologi has bentukna batang kaina tegak anu jangkungna tiasa ngahontal 5-15 méter, boga seueur dahan siga makuta anu lega sareng daun tunggal ngawangun wujud endog, warnana héjo herang, sareng jangjang petiolena lega. Kembangna bodas semu konéng, bauna seungit, sareng tumuwuh ngariung dina kélék daun. Buahna kacida gedéna, buleud nepi ka rada datar, kulitna kandel warna hejo semu konéng lamun geus asak, dagingna ngaruas-ruas, warnana bodas koneng atawa jambon gumantung kana macamna, caian jeung rasana amis nepi ka rada haseum, jeung siki kawilang saeutik atawa kalah teu aya dina sababaraha macam.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Rukmana, MBA., M.Sc., H. Rahmat (2002). Kalua kulit jeruk besar. Jakarta: Kanisius. hlm. 11. ISBN 9789796726165. Diaksés tanggal 24 Januari 2020. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  2. (id)tanaman jeruk bali (diaksés tanggal 29 Oktober 2011)