Lompat ke isi

Abdul Muhyi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Séh Abdul Muhyi nyaéta saurang alim sarta panyebar ageman Islam dina abad ka-17 anu kasohor ti Tatar Sunda.[1][2] Anjeunna kantos diajar ka Séh Abdurrauf Singkil di Acéh, saacan nuluykeun ka Timur Tengah.[1] Sanggeus mulih, Séh Abdul Muhyi ngamimitian nyumebarkeun pituduh ageman ka masarakat, kaasup di antarana Tarékat Syattariyah jeung katerangan ngeunaan Martabat Tujuh.[1] Anjeunna sakulawarga ahirna netep di Pamijahan, Tasikmalaya, dugi ka tilardunyana sarta dimakamkeun di dinya.[1][2] Sanaos kitu, usaha sumebarna Tarékat Syattariyah dituluykeun ku tilu puterana, nyaéta Haji Abdullah, Pakih Ibrahim, jeung Dalem Bojong.[3] Nepi ka ayeuna makam Séh Abdul Muhyi tetep ramé didatangan ku para pangjarah.[1][2]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 Tjandrasasmita, Uka (2009). Arkeologi Islam Nusantara. Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 169. ISBN 979910212X, 9789799102126.
  2. 1 2 3 Latifundia, Effie. "Perkembangan Awal Islam di Pamijahan Tasikmalaya: Kajian Makam-Makam Kuno". Purbawidya: Jurnal Penelitian dan Pengembangan Arkeologi. Vol 1, No 2 (2012). Kemendikbud. e-ISSN 2528-3618 p-ISSN 2252-3758. Archived 2017-12-02 di Wayback Machine
  3. Christomy, Tommy (2008). Signs of the Wali: Narratives at the Sacred Sites in Pamijahan, West Java. Islam in Southeast Asia series. ANU E Press. hlm. 103-106. ISBN 1921313706, 9781921313707.