Tarékat Syattariyah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Tarékat Syattariyah nyaéta salah sahiji tarékat sufi anu asalna tina India.[1] Tarékat ieu diadegkeun ku Séh Sirajuddin Abdullah as-Syattari (tilardunya 1417 M).[1] Di Indonésia, tarékat ieu mimiti asup saprak abad ka-16,[1] disebarkeun ku para ulama di antarana Séh Abdurrauf Singkil di Acéh, Séh Abdul Muhyi di Pamijahan jeung Cirebon, Séh Burhanuddin Ulakan di Minangkabau, sarta Séh Yusuf Tajul Khalwati di Banten jeung Makassar.[2] Nepi ka ayeuna, tarékat ieu masih dianut ku loba muslim di Indonésia, sanajan teu saloba tarékat ageung lianna.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Anshari, Saifuddin. Wawasan Islam: Pokok-pokok pikiran tentang paradigma dan sistem Islam. p. 85. 
  2. a b M. Abdul Mujieb, Syafi'ah, H. Ahmad Ismail M. (2009). Ensiklopedia Tasawuf Imam Ghazali. Hikmah. p. 458. ISBN 9793714476, 9789793714479. 

Tumbu luar[édit | édit sumber]