Cangkuang
Pidangan
| Cangkuang | |
|---|---|
| Pandanus furcatus | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | Plantae |
| Divisi: | Magnoliophyta |
| Kelas: | Liliopsida |
| Ordo: | Pandanales |
| Kulawarga: | Pandanaceae |
| Génus: | Pandanus |
| Spésiés: | Pandanus furcatus Roxb. |
Cangkuang; Pandanus Furcatus; nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Pandanaceae.[1]Ieu tutuwuhan bisa hirup di wewengkon anu luhurna nepika 1500 méter, kuat nyinggareupan hawa anu tiis nepika -6° c. Di wewengkon Himalaya, ieu tutuwuha sok disebut korma himalaya.[2]Daun cangkuang geus dimangpaatkeun pikeun nyieun rupa-rupa karajinan, malah kiwari keur ditalungtik ngeunaan pamangpaatan séjén tina daun cangkuang pikeun bahan nyieun tali. Tujuanna pikeun ngurangan pamakéan tali tina plastik ogé nyadiakeun bahan piliheun séjén tina rupa-rupa bahan tali anu geus aya utamana anu henteu ngaruksak kana alam.[3]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. hlm. 80. Disungsi8 April 2021
- ↑ "Pandanus furcatus". Coldpalm. 2021-04-25. Diaksés tanggal 2021-04-21.[tumbu nonaktif]
- ↑ "Uji Sifat Fisik Tali pada Berbagai Jenis Serat Daun Pandan (Pandanaceae)". UNSU. 2021-04-25. Diaksés tanggal 2021-04-21.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |