Karawitan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gamelan lengkep

Karawitan numutkeun ahli karawitan saperti Raden Mahyar Angga Kusumah Dinata jeung Atik S,S.Karawitan, asalna tina kecap Ra jeung Wit ; Ra hartina nyaéta cahya panonpoé (seni), sedengkeun Wit hartina nyaéta pangaweruh.[1] Numutkeun Bapa Atik, ra jeung wit disawang tina paham animisme jeung dinamisme ra nyaéta ngahormat atawa munjung jeung wit nyaéta karuhun.[1]. Wangenan Karawitan sacara lega nyaéta seni musik nu ngagunakeun bahanna nyaéta sora.[1] Sedengkeun sacara husus nyaéta seni sora daérah nu miboga laras pélog jeung saléndro.[1] Aya ogé seni karawitan nyaéta seni sora manusa jeung atawa sora waditra anu saluyu jeung tradisi [2] Umpama numutkeun Enslikopedi sacara umum karawitan sarua jeung musik atawa seni sora [3]

Sajarah Karawitan[édit | édit sumber]

Jalma-jalma baheula nalika réngsé moro jeung nalika rinéh teu dihaja ngésétan jamparing atawa gondéwana nepika aya sora.[1] Kajadian éta anu jadi kasang tukang alat atawa waditra anu digésék saperti tarawangsa, rebab, jeung waditra lianna.[1] Nalika panén di sawah murangkalih jaman baheula nyieun empétan-empétan tina jami anu dipaénkeunna ku cara ditiup. Hal ieu anu jadi kasang tukang ayana suling pangsi jeung tarompét.[1]

Ragam Wangun Karawitan[édit | édit sumber]

Ragam Karawitan aya 3 di antarana:

  1. karawitan Gending nyaéta wangun karawitan anu dihasilkeun ku sora waditra atawa sora gamelan anu disadana rék ditabeuh, ditepak, atawa digésék.[1]
  2. Karawitan Sekar nyaéta wangun karawitan anu dihasilkeun ku sora manusa.[1] Panyajian dina karawitan sekar aya dua jenis nyaéta sekar tandak jeung sekar irama merdika. Sekar tandak atawa nu disebut ogé kawih mangrupa seni sora anu kabeungkeut ku wiletan (tekenan-tekenan nu datangna tutuluyan dina irama anu tangtu dina waktu anu sarua sarta dina penulisanna maké wates garis lempeng jeung mantra,[4][5] sedengkeun sekar irama merdika atawa nu dipikawanoh minangka tembang nyaéta seni sora anu teu kauger ku wiletan tapi kauger ku aturan-aturan pupuh atawa syair lianna.[4] lagu nu biasa ku urang tempo jeung rasakeun dina kenongan atawa goong[2]
  3. Karawitan Campuran nyaéta gabungan atawa kolaborasi antara sekar jeung gending atawa antara lagu jeung waditra (gamelan, kacapi, atawa waditra lianna).[1]

Kagunaan Karawitan[édit | édit sumber]

Kagunaan karawitan di antarana;

  1. minangka média atikan pikeun nambahan pangaweruh, kaparigelan, ajén inajen, sikep kana seni karawitan, kaasup kana sastra anu aya sajerohing dina rumpaka (syair) atawa guguritan.[1]
  2. Minangka pepeling; piwuruk, paréntah, jeung wejangan bisa ngaliwatan seni karawitan.[1]
  3. Minangka hiburan; ngaliwatan seni karawitan bisa digabungkeun jeung wangun-wangun kasenian lainna saperti tari, bela diri jeung drama.[1]
  4. Minangka pamirig lagu.[1]
  5. Minangka pamirig tari.[1]
  6. Minangka ébréhan rasa.[1]
  7. Ngagambarkeun jiwa.[1]
  8. Minangka media sosial; dipaké dina upacara-upacara adat.[1]
  9. Bisa dipaké pangupah jiwa.[1]

Galeri[édit | édit sumber]

COLLECTIE TROPENMUSEUM Student van de Akademi Seni Karawitan Indonesia tijdens een uitvoering TMnr 20000361.jpg COLLECTIE TROPENMUSEUM Studenten van de Akademi Seni Karawitan Indonesia in traditionele kledij TMnr 20001546.jpg Nyuling COLLECTIE TROPENMUSEUM Een wajang golek voorstelling met gamelanbegeleiding in Lebong Donok TMnr 60023062.jpg Gamelan of Bali 200507-4.jpg Gamelan Laras Slendro Si Ketuyung Keraton Kasepuhan.jpg

Sumber[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Tim penyusun.[2001] Karawitan Rangkumna Muatan Lokal Karawitan.Ciamis: [s.n] Halaman 3.
  2. a b Elis Suryani NS. 2010. Badingkut.Bandung: Danan Jaya.Halaman 265 Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "Badingkut" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  3. penyusun.2000. Énslikopedia Sunda.Pustaka Jaya.
  4. a b Burhanudin,Mastur,spk. 1998. Seni Karawitan. Jakarta:PT. Raka ditu
  5. Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman 293