Sunan Giri

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Candi Béntar minangka Gerbang Asup ka Makam Sunan Giri

Sunan Giri atawa Radén Paku, Prabu SatmataSultan Abdul Faqih, Raden 'Ainul Yaqin (Muhammad Ainul Yakin) atawa Joko Samudro dibabarkeun di Blambangan taun 1442 Maséhi.[rujukan?] Nurutkeun Babad Tanah Jawi, ngaran bapana nyaéta Maulana Iskhak asalna Arab jeung indungna Déwi Kasiyan putri Raja Blambangan.[rujukan?] Dikurebkeun di Bukit Giri Désa Giri, Kebomas Gresik.[1] Disebutkeun yén anjeuna tilar dunya taun 1506 M.[2]

Didikan Awal[édit | édit sumber]

Sunan Giri guguru ka Sunan Ampél nepi ka panggih jeung Maulana Makhdum Ibrahim (Sunan Bonang).[rujukan?] Teu lila Sunan Ampél nitah Sunan Bonang jeung Sunan Giri angkat ka Mekkah pikeun ibadah Haji ogé nungtut élmu nu leuwih jero.[rujukan?] Saméméh angkat ka Mekkah, aranjeuna nyimpang heula ka Pasai pikeun nambahan élmu kaagamaan. Utamana élmu Gusti numutkeun ajaran tasawuf.[rujukan?] Mangsa harita loba ulama ti Persia jeung India datang ka Pasai pikeun nyiar élmu éta.[rujukan?] Sanggeus ibadah Haji, dua urang ieu balik deui ka Jawa.[rujukan?] Sunan Giri meunang élmu ladunni nepi ka guruna di Pasai méré ngaran "Ainul Yakin".[1]

Sunan Giri bisa disebut minangka ulama nu boga ngaran gedé sabab loba jalma nu guguru ka anjeuna.[rujukan?] Nepi ka Kapuloan Maluku sarta bagéan wétan Indonésia saperti Madura, Lombok jeung Makassar jauh-jauh nyiar élmu nepi ka Sunan Giri.[rujukan?] Urang Maluku nyebut Sunan Giri ku ngaran "Raja Bukit" sabab Giri dina basa Sansekerta hartina "pasir".[1] Cara Sunan Giri nyebarkeun da'wah nyaéta ngaliwatan nalukkeun daérah, nikah atawa ngaliwatan da'wah ka urut muridna.[rujukan?]

Cara Da'wah[édit | édit sumber]

Ngeunaan cara da'wahna, Sunan Giri ngasupkeun hikayat-hikayat Islam dina pintonan wayang dina raraga dakwah.[rujukan?] Anjeunna ogé nyiptakeun tembang Pucung jeung Asmarandana sarta nyiptakeun kaulinan barudak nu dibéré napas agama misalna Jetungan jeung Jamuran.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Shihabuddin, A. 2013. Membongkar Kejumudan: Menjawab Tuduhan-Tuduhan Salafi Wahhabi. Jakarta: Noura Books
  2. Calvin, Merle., Ricklefs., Sidik Nugraha.2008.Sejarah Indonesia Modern 1200-2008. Jakara: Serambi
  3. Mustopo, Habib. dkk. 2002. Sejarah 2 SMA Kelas XI. Jakarta: Ghalia Indonesia