Lompat ke isi

Samudera Pasai

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kasultanan Pasai
Samudera Darussalam
1267–1521
 

Location of Pasai
Ibu kota Pasai
Basa Melayu
Agama Islam
Pamaréntahan Monarki
Sajarah
 - Ngadeg 1267
 - Invasi Portugis 1521
Mata uang Koin emas jeung pérak

Samudera Pasai atawa bisa disebut ogé Kasultanan Pasai atawa Samudera Darussalam nyaéta karajaan monarki anu nerapkeun ajaran Islam pikeun kahirupan kanagaraan jeung pulitikna.[1] Perenahna nyaéta di 15 km beulah wétan Lhokseumawe, Nanggroe Acéh. Nepi ka ayeuna, masih heureut informasi ngeunaan kasultanan ieu.[2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Kasultanan Samudera Pasai disawang geus aya ti taun 1128 kalawan ngaran Karajaan Samudera. Pangadegna nyaéta Nasimuddin al-Kamil ti Mesir. Sabab puseur pamaréntahanana dipindah ka Pasai, saterusna diganti jeung disebut Samudera Pasai. Dina kamekaranana kasultanan ieu ngalaman parobahan sanggeus Dinasti Fatimah diéléhkeun ku dinasti Mamaluk. Dinasti Fatimah anu alirana Syi'ah sedengkeun dinasti Mamaluk alirana Syafi'i. Kasultanan Samudera Pasai ogé ngalaman parobahan ti mimitina Islam Syi'ah jadi Islam Syafi'i nalika Samudera Pasai dipingpin ku Sultan Malik al-Saléh (1285-1297).[2]

Sanggeus Sultan Malik al-Saléh tilar dunya, Samudera Pasai diparéntah ku Malik al-Zahir I (1297-1326). anjeunna sakapeung disebut Sultan Muhammad. Di mangsa pamaréntahanana, teu loba anu disabdakeun jeung dilakukeun. Saterusna tahta diganti ku Ahmad anu boga gelar Al-Malik az-Zahir II. Mangsa pamaréntahan Al-Malik az-Zahir II, Samudera Pasai didatangan ku Ibnu Batutah, utusan ti Délhi nu keur ngayakeun lalampahan ka Tiongkok tuluy nyimpang di Samudera Pasai. Numutkeun Ibnu Batutah, Samudera Pasai mibanda armada dagang anu kuat. Baginda raja anu boga Madhab Syafii pohara kuat imanna nepi ka hayang ngajadikeun Samudera Pasai minangka puseur agama Islam nu madhabna Syafi'i.[2]

Samudera Pasai mangrupa palabuan penting anu terus didatangan ku padagang ti sakuliah dunya, misalna Gujarat jeung Persia. Ngalantarankeun pangaruh India jeung Persia kacida gedéna di lingkungan kasultanan jeung masarakat. Barang utama anu didagangkeun di Samudera Pasai nyaéta lada anu jadi bahan utama ékspor nagara. Samudera Pasai ngamangpaatkeun Selat Malaka anu ngahubungkeun Arab-India-Cina pikeun ngagedékeun pangaruh dina paniagaan. Samudera Pasai ogé nyiapkeun bandar-bandar dagang anu digunakeun nambah pabekelan pikeun lalayaran, nguruskeun masalah kapal, ngumpulkeun barang dagangan anu bakal dikirim ka luar negeri jeung nyimpen barang dagangan saméméh dianteur ka sababaraha daérah di Indonésia. Dina abad ka-14, Samudera Pasai dijadikeun puseur studi Islam jeung tempat kumpulna ulama. Kasultanan ieu ngalaman kamunduran nalika Karajaan Malaka abad ka-15 ngadeg sabab padagang Islam pindah museurkeun puseur paniagaanana ka Malaka. Dina awal abad ka-16 M disebut jadi puncak kaagungan kasultanan Samudera Pasai sakumaha diémbarkeun ku Tomé Pires (1512-1515) yén Samudera Pasai keur ngalaman kamajuan dina widang politik pamaréntahan, widang kaagamaan, utamana di widang ékonomi jeung paniagaan.[3]

Daptar Sultan Samudera Pasai

[édit | édit sumber]

Dihandap baris didadarkeun ngeunaan daptar pangawasa atawa Sultan Samudera Pasai:[1]

No périodeu Ngaran Sultan atawa Gelar
1 1285-1297 Sultan Malik al-Saléh
2 1297-1326 Sultan Muhammad Malik az-Zahir
3 1346-1383 Sultan Mahmud Malik az-Zahir
4 1383-1405 Sultan Zain al-Abidin Malik az-Zahir
5 1405-1412 Sultanah Nahrisyah
6 1412-? Abu Zaid Malik az-Zahir
7 1513-1524 Mahmud Malik az-Zahir

Sosial Budaya

[édit | édit sumber]
Loncéng Cakra Donya paméré ti Cina ngaliwatan Cheng Ho

Ékonomi

[édit | édit sumber]

Disebutkeun ogé yén kasultanan Samudera Pasai geus maké duit leutik anu disebut ceittis, aya ogé anu dijieun tina emas nu disebut dramas. Lamun dibandingkeun jeung harga duit Portugis crusade, 9 drama sarua jeung 1 crusado. Duit éta dijieun tina serbukan emas jeung pérak. Mangsa harita kasultanan Samudera Pasai ngahasilkeun komoditas paniagaan ékspor saperti pedes, sutra, kapur baros, jeung sababaraha komoditas anu dipimeunang ti sababaraha tempat sabab Samudera Pasai geus bisa disebut tempat pangumpul sababaraha barang dagangan ti sababaraha wewengkon.[4]

Sakumaha diwartakeun ku Ibn Batuttah ngeunaan hadirna ulama ti Persia, Syria jeung Isfahan. Ibnu Batuttah nyaritakeun sakumaha taatna Sultan Samudera Pasai ka agama Islam ngaliwatan Madhab Syafi'i sarta anjeunna dikurilingan ku ahli-ahli téologi Islam. Kasultanan Samudera Pasai mibanda peran penting dina sumebarna agama Islam di Asia Tenggara.[5]

Malaka jadi kasultanan Islam sabab ayana pakait jeung Samudera pasai ngaliwatan hubungan nikah antara putra-putra Sultan ti Pasai jeung Malaka nepi ka mimiti abad ka-15 M atawa 1414 M ngadeg kasultanan Islam anyar nyaéta Malaka, dimimitian ku pamaréntahan Paramisora. Tomé Pires nyaritakeun yén raketna Pasai jeung Malaka utamana mangsa pamaréntahan Saquem Darxa nu lamun disaruakeun jeung ngaran raja Malaka, disebutna Sultan Muhammad Iskandar Syah raja kadua Malaka.[4]

Wewengkon Kakawasaan Samudera Pasai

[édit | édit sumber]

Sababaraha wewengkon anu aya di handap kakawasaan Samudera Pasai baris didadarkeun saperti ieu di handap:[4]

No Ngaran Wewengkon
1 Pasai
2 Balek Bimba
3 Samerlangga
4 Beruana
5 Simpang di udik
6 Buloh Telang
7 Benua
8 Samudra
9 Perlak
10 Hambu Aer
11 Rama Candi
12 Tukas
13 Pekan
14 Tamiang

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Poesponegoro, Marwati Djoened., Nugroho Notosusanto.2008.Sejarah Nasional Indonesia III.Jakarta: Balai Pustaka
  2. a b c Wardaya.2009.Cakrawala Sejarah 2 Program Bahasa.Jakarta: Widya Duta Grafika
  3. Cortesao, Armando. Suma Oriental of Tomé Pires,1944,1967 hlm. 142-145; Uka Tjandrasasmita ngeunaan "Pasai dalam Dunia Perdagangan", Diskusi Ilmiah ngeunaan Pasai tgl. 25-27 Séptémber 1992 di Diréktorat Senitra Ditjén Kebudayaan di Cisarua, Bogor
  4. a b c Cotesao, Armando. 1967. Suma Oriental of Tomé Pires.London: Hakluyt Societ
  5. Tjandrasasmita, Uka.1988. Peranan Samudera Pasai dalam Perkembangan Islam di Daerah Asia Tenggara", Aceh dalam Retropeksi dan Refleksi Budaya Nusantara hlm. 67-82. INTIM Jakarta Selatan,