Ibnu Batutah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Ibnu Batutah
Handmade oil painting reproduction of Ibn Battuta in Egypt, a painting by Hippolyte Leon Benett..jpg
Ilustrasi buku karya Léon Benett anu medal taun 1878 ngagambarkeun Ibnu Batutah (katuhu) jeung baturna di Mesir
Babar25 Pébruari 1304
Tangier, Marinid Maroko
Pupus1369 (umur 64–65)
Marinid Morocco
PagawéanGeographer, explorer

Ibnu Batutah ( /ˌɪbənbætˈttɑː/ ; Basa Arab: محمد ابن بطوطة‎ ; lengkep: شمس الدين أبو عبد الله محمد بن عبد الله اللواتي الطنجي بن بطوطة ; 25 Pebruari 1304  – 1368 atawa 1369) nyaéta sarjana Muslim ti Berber Maroko, anu kakoncara ku lalakonna ngalalana ngambah dunya abad panengah.[1] [2] Salila tilu puluh taun, Ibnu Batutah nganjang ka ampir sakabéd unya Islam jeung tatar non-Muslim lianna, kaasup Asia Tengah, Asia Tenggara, India, jeung Cina. Dina ahir hirupna, anjeunna nuliskeun lalakon hirupna dijudulan Tuḥfatun Nuẓẓār fī Gharāʾibil Amṣār wa ʿAjāʾibil Asfār atawa anu katelah Arrihlah.

Riwayat[édit | édit sumber]

Ilustrasi buku abad ka-13 ti Bagdad karya Al-Wasiti anu ngagambarkeun rombongan jamaah haji.

Iber ngeunaan Ibnu Batutah datangna ti otobiografina hungkul, anu nétélakeun yén anjeunna téh turunan Berber,[1] ti kulawarga sarjana hukum Islam di Tangier, Maroko, dina 25 Pébruari 1304, jaman dinasti Marinid. Kulawargana kaasup suku Berber anu katelah Lawata. Jaman keur ngora, anjeunna diajar madhab Sunni Maliki (madhab fiqih Islam) anu lolobana dianut di Afrika Kalér jaman harita.

Ngumbara 1325-1332[édit | édit sumber]

Munggaran haji[édit | édit sumber]

Juni 1325 (umur dua puluh hiji), Ibnu Batutah munggah haji ka Mekah. Jaman harita, munggah haji bakal méakkeun waktu genep belas bulan. Tapi horéng anjeunna karék balik deui sanggeus dua puluh opat taun.[3]

Ibnu Batutah angkat mapay daratan, nuturkeun Basisir Kalé nAprika ngaliwatan Kasultanan Abdulwadid jeung Hafsid. Anu kaliwatan di antarana Tlemcen, Béjaïa, jeung Tunis, nepi ka anjeunna kungsi netep salila dua bulan. Ngarah aman, anjeunna biasana milu ka kafilah pikeun nyingkahan garong. Di kota Sfax, anjeunna kawin.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Dunn 2005.
  2. Nehru, Jawaharlal (1989). Glimpses of World History. Oxford University Press. p. 752. ISBN 978-0-19-561323-0. 
  3. Dunn 2005, pp. 30–31.
  4. "Ibn Battuta: Travels in Asia and Africa 1325–1354". Deborah Mauskopf Deliyannis. Indiana University Bloomington. Diarsipkan dari versi asli tanggal 20 August 2017. Diakses tanggal 2017-12-06. 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]