Lompat ke isi

Hak Imunitas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
DPRD minangka lembaga nu meunang hak imunitas.

Hak Imunitas nyaéta hak nu dibéré ka anggota diplomatik sangkan boga kaistiméwaan kana kasalametan diri jeung harta bandana.[1] Katangtuan hak imunitas ieu geus ditetapkeun ku internasional ngaliwatan protokol.[1]

Déskripsi

[édit | édit sumber]

Numutkeun PP No. 25 Tahun 2004, DPRD boga hak interpelasi, hak angket jeung ngajukeun pamadegan.[2] Anggota DPRD mibanda hak ngajukeun Rarancang Aturan Daérah, hak ngajukeun patalékan, hak nepikeun usul jeung pamadegan, hak milih jeung dipilih, hak ngabéla dirina, hak imunitas, hak protokoler sarta hak kauangan jeung administratif.[2]

Hak imunitas aya patalina jeung diri pribadi hiji diplomat sarta gedong pangwakilna.[1] Tujuana nyaéta sangkan aranjeunna meunang kaistiméwaan tina sagala rupa gangguan jeung ti kawijakan pangawasa di hiji nagara nu karasa teu saluyu jeung hak-hakna.[1]

Hak Imunitas kana Dirina

[édit | édit sumber]

Nu meunang hak imunitas teu diwajibkeun pikeun mayar pajak kaasup béa cukai.[1] Anggota diplomatik nu meunang hak imunitas dipimeunang pikeun teu taluk kana yuridiksi pangadilan pidana atawa perdata di nagara nu dicicinganana.[1] Tapi, anjeunna kudu taluk kana undang undang pidana jeung aturan polisi di nagara éta.[1] Lamun ngalanggar, bisa diusir tur dibalikkeun ka nagara asalna.[1] Sanajan anjeunna teu taluk ka yuridiksi pertada di mana waé ogé, tapi anjeunna teu kebal kana perkara nu aya patalina jeung banda nu teu gerak.[1] Tuntutan ka perkara perdata kudu dilakukeun ku pamaréntahana sorangan.[1] anjeunna bisa dituntut ku nagara nu ngurusna.[rujukan?] Ka anggota diplomatik teu dipimeunang maké alat paksa.[1]

Hak Imunitas kana Gedong Pangwakilan

[édit | édit sumber]

Imunitas ka gedong pangwakilna bisa dihartikeun yén alat nagara saperti polisi jeung pajabat kahakiman teu dipimeunang asup ka wilayah panglinggihan anggota diplomatik tanpa ijin pihak pangwakil éta.[1] Saupama hiji palaku kajahatan lumpatna ka kedutaan, pamaréntah setempat boga hak pikeun ménta palaku kajahatan éta sangkan dibawa ka pihak nu boga wewenang.[1]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m Chotib. 2007. Kewarganegaraan 2. Jakarta: PT. Ghalia Indonesia
  2. a b Batubara, Suleman. 2013. Abitrase Internasional. Jakarta: Raih Asa Sukses