Homonim
Homonim (homoniem, Latin), asal kécapna homo (sami) jeung niem/nimum (nami), nyaéta kecap-kecap anu sami kana cariosan jeung seratanana ngan hartina bénten ku lantaran kawit ti sumber anu bénten, sapertos : bisa (kenging atawa racun), seni ( hasil nu éndah atawa ci ompol), buku (ruas atawa kitab), rapet (caket atawa panglawungan), jeung sabangsaning ti éta.[1] Aya dua rupa homonim, nyaéta homofon jeung homograf. Homofon nyaéta kecap-kecap anu sami cariosanna, ngan bénten seratan jeung hartina, sapertos bank (lembaga) jeung bang (lanceuk), sanksi (hukuman) jeung sangsi (mangmang), rock (aliran music) jeung rok (papakéan), jeung sabangsaning ti éta. Homograf nyaéta kecap-kecap anu seratanna sami, ngan bénten cariosan jeung hartosna, sapertos téras (beranda) jeung tuluy (pajabat luhur), apel(bubuahan) jeung apél (upacara/kumpulan), seri (saimbang) séri (waos), jeung sabangsaning ti éta.[1] Homogram téh homograf, dilebetna salah sahiji kecap anu asalna tina asal-usul anu bénten jeung ‘tahu’ (sinika,taufu, sabangsaning tuangeun) jeung ‘tahu’ (Indonesia, ngartos). Dina élmu homogram ngagaduhan tatali jeung paronim (para, di pipir+onima, nami), kecap anu bentukna sami jeung kecap saasal tina basa séjen, sapertos ‘awis’ (Tagalog jeung Indonesia). Cuddon (2013:516) maparinan conto paronim sapertos: ekstasis (Yunani), ecstasie (Perancis heubeul), extasis (Latin pertengahan), jeung ecstasy (Inggris).[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Kutha Ratna, Nyoman (2018). ENSIKLOPEDIA 2.000 Entri Istilah, Biografi, Karya, Metode, dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.