Hukum Perdata
Hukum perdata dipikawanoh salaku katangtuan nu ngatur hak jeung kawajiban individu jeung badan hukum. Istilah hukum perdata dipikawanoh Indonésia dina basa Walanda nyaéta Burgerlijk Recht. Sumber hukum perdata dikodifikasikeun dikenal ku Burgerlijk Wetboek jeung ditarjamahkeun kana basa Indonénesia Kitab Undang-Undang Hukum Perdata (KUHPerdata). Aya sababaraha pamadegan ngeunaan KUHPerdata ieu salah sahijina, KUHPerdata dipandang salaku hiji pedoman hungkul sabab teu pernah aya tarjamahan resmi tina Burgerlijk Recht anu aslina masih ngagunakeun basa Walanda.[1]
Harti
[édit | édit sumber]Hukum dihartikeun salaku kaidah, sedengkeun perdata nyaéta pangaturan hak, harta banda jeung kaitanna antara individu atawa badan hukum dina dasar logika. Hukum perdata populer kalawan sebutan hukum private sabab ngatur kapentingan individu. Sababaraha ahli anu nyumbangkeun definisi hukum perdata numutkeun pamadeganana.[1]
- Prof Subekti
Nurutkeun Prof. Subekti, hukum perdata mangrupa sakabéh hukum pribadi materiil anu mangrupa sagala hukum pokok ngatur ngeunaan kapentingan persaurangan.
- Prof Sudikno Mertokusumo
Hukum perdata nyaéta sakabéh aturan diajar ngeunaan hubungan antara urang jeung urang lianna. hubungan keluarga dan pergaulan masyarakat.
- Sri Sudewi Masjchoen Sofwan
Hukum perdata dihartikeunn salaku hukum nu ngatur kapentingan warga nagara séwang-séwangan nu hiji jeung persaurangan lianna.
Sajarah
[édit | édit sumber]Sejarah hukum perdata di Indonésia aya hubungan jeung sajarah hukum perdata Éropa. Utamana kontinental Eropa anu ngalaksanakeun Hukum Perdata Romawi jadi hukum orisinal ti benua Eropa. Ku sabab budaya jeung aturan masarakat masing-masing wilayahna béda-béda, nyieun jalma-jalma néangan kapastian jeung kesatuan hukum. Dumasar catetan Napoléon dina taun 1804, geus dikumpulkeun hukum perdata nu ngaranna Code Civil de Francais. Masyarakat Éropa ogé ngawanohkeunana ku sebutan Code Napoléon. kaitung taun 1809-1811 di mana Perancis tengah ngajajah Walanda.[1]
Sajalan jeung éta pula Raja Lodewijk Napoléon nerapkeun Wetboek Napoléon Ingeriht Voor het Koninkrijk Hollad. Ieu ampir sarua jeung Code Civil de Francais jeung Code Napoléon diberlakukeun jadi sumber hukum perdata Walanda. Sanggeus penjajahan berakhir, Walanda akhirna nerapkeunn Code Napoléon dan Code Civil des Francais jadi aturan hukum. Ti taun 1814, Walanda ngangkodifikasi susunan ieu jadi Kitab Undang-Undang Hukum Perdata (Materiil).
Dasar kodifikasi hukum Belanda ieu dijieun Mr.J.M. Kemper sarta dipikawanoh salaku Ontwerp Kemper. Sanajan kitu, samemeh tugasna bérés Kemper ti dunya dina taun 1824. Satuluyna, kodifikasi hukum Walanda diteruskeun ku Nicolai nu jadi Ketua Pengadilan Luhur di Walanda.
6 Juli 1830, parumusan hukum bérés kalawan hasil nyieun BW atawa Burgerlijik Wetboek (Kitab Undang-Undang Hukum Perdata Walanda). Sarta dijieun WvK atau Wetboek van Koophandle (Kitab Undang-Undang Hukum Dagang). Nalika Walanda ngajajah Indonésia, sacara gamblang nerapkeun kadua kitab undang-undang éta. Malah, KUHPerdata jeung KUHDangan nepi ka ayeuna masih dipaké ku bangsa Indonésia. Dina taun 1948 dina dasar asas concordantie (asas politik), Indonésia anggota ngalaksanakeun kadua Kitab Undang-Undang sacara resmi.
Sumber-sumber Hukum
[édit | édit sumber]Sacara umum, sumber hukum perdata kabagi jadi dua nyaéta sumber hukum perdata tertulis jeung teu tertulis (mangrupa kabiasaan). Khusus sumber hukum perdata tertulis ngabogaan loba sumber, diantarana:[1]
- Algemene Bepalingen van Wetgeving (AB).
- Burgelik Wetboek (BW) atawa Kitab Undang-Undang Hukum Perdata. Ketetapan produk hukum tina Hindia Walanda anu lumangsung di Indonésia dumasar kana konkordantie.
- Kitab Undang-Undang Hukum Dagang atawa Wetboek van Koopandhel (WvK).
- Undang-Undang Nomor 5 Tahun 1960 tentang Pokok Agraria. Ayana UU ieu mencabut kaber;akuannana Buku II KUHP anu aya kaitanna jeung hak kana tanah, iwal ti hipotek. Undang-undang Agraria sacara umum ngatur ngeunaan hukum pertanahan anu ngalandaskeun hukum adat.
- UUg Nomor 16 Tahun 2019 jo No 1 Tahun 1974 tentang Perkawinan
- UU Nomor 4 Tahun 1996 tentang hak tanggung kana tanah jeung banda anu aya hubunganna jeung tanah.
- UU No. 42 Tahun 1999 tentang Jaminan Fidusia.
- UU Nomor 24 Tahun 2004 tentang Lembaga Jaminan Simpanan.
- Inpres Nomor 1 Tahun 1991 tentang Kompilasi Hukum Islam.
Bab Dina KUHPerdata
[édit | édit sumber]Buku I
[édit | édit sumber]Ngeunaan urang, buku ieu ngatur hukum ngeunaan diri hiji jalma jeung hukum kakeluargaan.
Buku II
[édit | édit sumber]Ngeunaan kabandaan, dina buku ieu ngatur sagala hal anu patali jeung hukum kabandaan jeung hukum waris
Buku III
[édit | édit sumber]Ngeunaan perikatan, ngatur hak jeung kawajiban timbal balik antara jalma perurangan, badan hukum boh pihak nu tangtu.
Buku IV
[édit | édit sumber]Ngeunaan pembuktian, ngatur alat pembuktian jeung akibat hukum anu ditimbulkeun.[1]