Kampung Dukuh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Kampung Dukuh perenahna di wewengkon Désa Cijambe, Kacamatan Cikelet. Jarak kampung dukuh ti désa Cijambekurang leuwih 1,5 Km, sedengkeun ti puseur dayeuh kurang leuwih 101 Km. Lega kampung Dukuh kurang leuwih 1,5 Ha, diwangun luhur 3 bagian atawa wewengkon, nyaéta 'feDukuh Dina, Dukuh Luar, sarta Astana Karomah.

Kampung Dukuh mangrupa salah sahiji pilemburan tradisional (kampung adat) anu masih ngagem kapercayaan karuhun, masarakat masih turut kana pamali jeung nasihat karuhun. Diwangun sawatara puluh imah anu kasusun dina kemiringan taneuh anu bertingkat. Saban tingkatan aya sederetan imah anu membujur ti kulon ka wétan.

Kampung Dukuh mangrupa wewengkon pilemburan kalayan pola budaya religi anu kuat. Masarakat Kampung Dukuh miboga cara tempo hirup anu nyoko kana sufisme dina Mazhab Imam Syafii. Landasan budaya kasebut mangaruhan dina jieunan fisik pilemburan kasebut sarta adat istiadat masarakat Kampung Dukuh.

Dina abad ka-17, Rangga Gempol II anu basa harita jadi bupati Sumedang anu harita masih di handapeun kakawasaan Mataram, anjeunna ngajukeun paménta sangkan Sultan Mataram nunjuk salah saurang hakim atawa kapala agama di Sumedang ku sabab nalika éta téh jabatan eukeur kosong ku sabab hakim saenggeusna tilar dunya. Sultan méré lolongkrang yén ulah jauh-jauh néangan panggantina lantaran jalma anu bisa ngagantikeuna téh aya di hiji désa anu aya daérah Pasundan. Tuluy Rangga Gempol II néangan éta jalma nu dipimaksud Sultan Mataram, ahirna kapanggih éta jalma téh nyaéta syékh Abdul Jalil pamingpin hiji pasantrén. Tuluy syékh Abdul Jalil nyapukan kana éta paménta tapi kalayan aya saratna nyaéta ulah ngarempag syara saperti ngabunuh, ngarampog, jeung ngalacur.

Lamun ngarempag éta syara anjeunna bakal léngsér dina jabatana. Salila 12 taun sanggeus éta pengukuhan jabatan téh euweuh anu ngarempag kana éta syara. Nalika syékh Abdul Jalil indit ka Mekah, Hiji mangsa salah sahiji utusan ti Banten datang tuluy ménta sangkan Sumedang teu tunduk jeung teu méré upeti ka Mataram. Ti dinya Rangga Gempol II kacida rongkah nepi ka nitah Jagasatru ngabunuh ka éta utusan ti Banten. Mayitna dipiceun sangkan teu kanyahoan ku syékh Abdul Jalil.

Najan di sumputkeun éta kajadian téh, tapi lila kalilaan ahirna kapanggiheun ku syékh Abdul Jalil anu ahirna anjeunna mundur tina jabatana. Sanggeus kajadian éta syékh Abdul Jalil téh indit ninggalkeun Sumedang tuluy ngalanglang buana nepi ka anjeunna ménta pituduh ka Gusti Alloh sangkan dibéré tempat anu pantes pikeun nenangkeun haté, pikir jeung nyebarkeun agama Islam. Tanggal 12 Mulud nalika syékh Abdul Jalil nuju tapakur di Tonjong, anjeunna meunang pituduh di langit aya cahaya sagedé galuguran kawung. Cahaya éta téh ngabelesat tuluy murag ka hiji tempat di daérah antara walungan Cimangké jeung Cipasarangan.

Daérah éta dicicingan ku Aki jeung nini kebon anu ngarana Candradiwangsa. Aya dua versi carita, anu kahiji dicaritakeun yén Aki jeung nini éta téh teu panuju kana datangna syékh Abdul Jalil, aya deui versi nu nyebutkeun yén aki jeung nini éta téh panuju lamu imah panyicingana (anu ayeuna disebut bumi lebet)dibikeun ka syékh Abdul Jalil, nini jeung aki téh mulang ka tempat asalna nyaéta yaiyu Cidamar (Cidaun) Cianjur.

Sanggeus kitu syékh Abdul Jalil téh cicing di éta tempat anu dipercaya jadi turunankampung Dukuh. syékh Abdul Jalil mimiti nempatan Kampung Dukuh taun 1685.

Kecap Kampung Dukuh asalna tina kecap padukuhan atawa dukuh anu hartina calik. Jadi kecap padukuhan sarua hartina jeung pacalikan atawa tempat cicing.

Tapi salin ti éta aya ogé anu ngartikeun dukuh téh hartina teguh, kukuh, patuh jeung tukuh anu miboga makna kuat, teges, jeung teguh dina mertahankeun naon anu jadi milikna, nyaéta pageuh pisan kana tradisi warisan ti karuhun. Taun 1901 dipikawanohna kampung Dukuh nyaéta nalika ngadegna Désa Cijambé.

Ti baheula nepi ka ayeuna, Kampung Dukuh geus tilu kali diduruk. Anu mimiti taun 1949 nyaéta masa agrési Walanda anu ka-2. Kampung Dukuh, diduruk ku warga satempat ku sabab sieun beunang ku panjajah.

Anu kadua, dina masa ayana pemberontakan DI/TII. Ngadurukna éta kampung téh diparéntah ku pamaréntah ku sabab kampung Dukuh taneuhna subur, jadi sieun bakal di jadikeun basis ku DI/TII.