Kecap rajékan (basa Sunda)

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti Kecap Rajékan (Basa Sunda))
Luncat ka: pituduh, sungsi

Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna.[rujukan?] Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya oge nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang.[rujukan?]

Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, diantarana:

  1. Rajekan Dwipurwa
    Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal".[rujukan?] Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana.[rujukan?]
    contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran
  2. Rajekan Dwimadya
    Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah.[rujukan?] Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna.[rujukan?]
    contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoe jadi sapopoe.[rujukan?]
  3. Rajekan Dwilingga
    Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna.[rujukan?] Anu di dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka).[rujukan?]
    Conto kecap rajekan dwimurni: mobol-mobil, motor-motor, jalma-jalma, jrd.[rujukan?]
    conto kecap rajekan dwireka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel, jrd.[rujukan?]
  4. Rajekan Trilingga
    Rajekan trilingga nyaéta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna.[rujukan?] Ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4 hurup. Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung, jrd.[rujukan?]