Kecap sulur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Kecap sulur atawa kecap gaganti ngaran/barang (Basa Indonésia: pronomina) nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti (nyuluran) kecap barang. Kecap sulur bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:

Kecap gaganti ngaran[édit | édit sumber]

Kecap gaganti ngaran nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti ngaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi deui jadi sababaraha golongan nyaéta:

  1. kecap gaganti jalma kahiji;
  2. kecap gaganti jalma kadua;
  3. kecap gaganti jalma katilu;
  4. kecap sesebutan

Kecap gaganti jalma kahiji[édit | édit sumber]

Kecap gaganti jalma kahiji (nu nyarita) dina basa Sunda kaitung loba. Dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa (undak usuk basa) Sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung aya gaganti jalma kahiji loba (jama’). Kecap gaganti ngaran jalma kahiji tunggal sarta conto larapna dina kalimah :

  1. kuring “Kuring rék indit ka sakola.”
  2. déwék “Balik sakola, déwék mah rék nguseup ka Citanduy.”
  3. urang “Urang mah lain hayang piagem digawé téh.”
  4. kami “Ceuk kami ogé ulah pipilueun urusan gegedén!”
  5. di dieu “Di dieu mah kumaha di dinya, baé.”
  6. sorangan “Sorangan ogé lain teu bisa nyieun buku téh.”
  7. abdi “Upami kawidian, abdi badé ngiring ka Bali.”
  8. sim kuring “Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadérék sadayana.”
  9. kaula “Nu matak kaula datang ka dieu mawa paréntah Raja.”
  10. aing “Sia téh nangtang ka aing!”

Kecap gaganti ngaran jalma kahiji lobana (jama’) sarta conto larapna dina kalimah :

  1. urang “Sakeudeung deui urang nyanghareupan Pamilu.”
  2. kuring saréréa “Kuring saréréa rék milu ngarojong pangwangunan.”
  3. abdi sadayana “Abdi sadayana parantos sayogi mayunan Ébtanas.”

Kecap gaganti jalma kadua[édit | édit sumber]

Kecap gaganti jalma kadua (nu diajak nyarita) dina basa Sunda ogé loba. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa Sunda. Kecap gaganti jalma kadua tunggal katut conto larapna dina kalimah :

  1. manéh “Manéh kudu buru-buru nepunan Kang Dadang!”
  2. hidep “Hidep téh geus déwasa, geus kudu boga pacabakan.”
  3. di dinya “Lamun di dinya rék milu, engké disampeur ku di dieu.”
  4. anjeun “Anjeun mah panginten tos lali ka abdi.”
  5. silaing “Ari silaing rék milu ka Pangandaran?”
  6. sia “Sia téh rék jadi naon atuh, mana bangor-bangor teuing!”
  7. urang “Urang téh ti mana asal?”

Kecap gaganti jalma kadua lobaan katut conto larapna dina kalimah :

  1. maranéh “Maranéh teu kudu hayang nyaho, ti mana asalna ieu duit.”
  2. hidep saréréa “Geus waktuna hidep saréréa diajar hirup mandiri.”
  3. aranjeun “Sadayana ogé kanggo aranjeun, sanés kanggo abdi.”

Kecap gaganti jalma katilu[édit | édit sumber]

Kecap gaganti jalma katilu (nu dicaritakeun) dina basa Sunda ogé rupa-rupa. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan anu raket patalina jeung tatakrama basa Sunda. Kecap gaganti jalma katilu tunggal katut conto larapna dina kalimah :

  1. manéhna “Manehna téh kakara balik ti Jepang!”
  2. inyana “Ayeuna inyana keur nyuprih élmu di SMA Pasundan Bandung.”
  3. anjeunna “Anjeunna kungsi janten guru SMP di Garut.”
  4. manténna “Mugi-mugi amal ibadah manténna ditampi ku Alloh S.W.T.”

Kecap gaganti jalma katilu lobaan (jama’) katut conto larapna dina kalimah :

  1. maranéhna “Maranehna téh kakara réngsé macul di sawah!”
  2. aranjeunna “Nalika perang kamerdékaan, aranjeunna ngiring bajoang.”

Kecap sesebutan[édit | édit sumber]

Jalma kahiji, jalma kadua, jeung jalma katilu téh henteu salawasna diébréhkeun ku kecap gaganti. Bisa ogé diganti ku kecap barang anu umumna mangrupa istilah pancakaki. Anu kitu téh kaasup kana kecap sesebutan. Sawatara conto kecap sesebutan katut conto larapna dina kalimah :

  1. bapa “Tah, basa jaman Jepang téh Bapa mah geus sakola!”
  2. ema “Tong ka mamana nya, Ema rék ka warung heula.”
  3. emang “Taun hareup, Emang téh hayang jarah ka Mekah.”
  4. aki “Rumasa Aki mah geus kolot, huntu ogé geus arompong.”
  5. bibi “Anak Bibi mah geus karawin, Jang.”
  6. alo “Ayeuna téh Alo ngajar d mana?”

Kecap Gaganti Milik[édit | édit sumber]

Kecap gaganti milik nyaéta kecap gaganti jalma nu dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik (anu ...). Salian ti kecap gaganti jalma jeung kecap sesebutan, dipaké rarangkén tukang –na deuih, anu ngandung harti ‘nu manéhna’. Conto katut larapna dina kalimah :

  1. kuring “Imah kuring di sisi jalan karéta api.”
  2. manéhna “Kamari kuring nginjeum buku manéhna.”
  3. manéh “Engké soré kuring rék ka imah manéh.”
  4. anjeun “Imut anjeun ngalangkang dina kongkolak panon.”
  5. salira “Serat salira wengi tadi tos katampi.”
  6. -na “Lambeyna beureum lir pucuk kastuba.”
  7. urang “Usul urang ditarima ku Pa Walikota.”
  8. bapa “Cing pangnyokotkeun sapatu Bapa!”

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Galuring Basa Sunda, Pustaka Setia, Bandung (Drs. Budi Rahayu, Tamsyah, Spk.)