Kista Bartholin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kista Bartholin nyaéta cairan anu ngalantarankeun bénjol. Naha bisa jadi bénjolan lantaran katutupna kelenjar Bartholin. Ieu kista ukuranana leutik sarta teu nyieun nyeuri. Sanajan kitu, lamun éta cairan inféksi, bakal ngakibatkeun absés atawa numpukna nanah.[1] Dingaranan bartholin lantaran luyu jeung ngaran jalma anu mimiti ngagambarkeun ieu kelenjar nyaéta Thomas Bartholin.[2] Bartholin téh mangrupakeun kelenjar anu aya di gigir vagina. Ukuranana leutik, ku kituna hésé pisan kacabak boh ku leungeun boh ku panon. Kelenjar bartholin miboga fungsi pikeun ngaluarkeun cairan anu miboga pancén pikeun leuleueur nalika ngalakukeun hubungan seksual.[3] Lantaran ukuranana leutik, pikeun awéwé sangkan surti kana ieu panyakit kudu mikanyaho tanda-tandana lamun katarajang kista bartholin. Éta tanda-tanda téh di antarana aya benjolan digigir lobang vagina, karasa nyeuri lamun keur diuk atawa leumpang, muriang, sarta karasa nyeuri lamun keur ngalakukeun hubungan séksual.[4]

Hal anu Ngalantarankeun[édit | édit sumber]

Hal anu ngalantarankeun kista bartholin nyaéta aya hahalang dina saluran kelenjar bartholin, Nalika saluran aya hahalang, cairan bakal nampeur di jero saluran atawa balik deui asup ka jero kelenjar. Éta hal bakal ngalantarankeun saluran atawa kelenjar jadi bengkak jeung ngawangun kista. Nepi ka ayeuna can aya alesan anu pasti ngeunaan kunaon saluran kelenjar bartholin bisa kahalangan. Aya sababaraha kondisi anu bisa jadi cukang lantaranna kelenjar bartholin kahalangan, nyaéta cidera, iritasi anu mindeng, jeung operasi di bagian vagina.

Kista bartholin ogé dipatalikeun jeung inféksi menular seksual, nyaéta gonore jeung chlamydia. Lian ti éta, inféksi Escherichia coli ogé bisa dipatalikeun jeung ayana kista bartholin.

Kista bartholin bisa katarajang ku sakabéh kelompok yuswa. Tapi, ieu kondisi leuwih sering katarajang ku awéwé anu yuswana 20-30 taun. Ieu kista jarang katarajang ka awéwé anu geus menopause, lantaran kelenjar Bartholinna geus ngaleutikan (kempes).

Ubar[édit | édit sumber]

Salasahiji tarékah sangkan teu katarajan ieu panyakit nyaéta kudu ngajaga kabersihan aréa organ intim jeung biasakeun nalika bebersih organ intik arahna kudu ti hareup ka tukang. Lian ti éta, ulah ngalaksanakeun aktivitas anu ngalantarankeun aréa vagina cidera.

Dokter bakal ngalakukeun pamariksaan fisik utamana di bagian panggul jeung vagina, sangkan bisa ninggali kista sacara langsung. Umumna kista jadina di hiji sisi vagina hungkul, sedengkeun sisi anu séjénna ukuranana tetep normal. Sababaraha tarékah séjén anu dilakukeun nyaéta usap (swab) vagina, tujuanana pikeun ngadétéksi inféksi menukar séksual, jeung nyokor sarta malurul sampel cairan tina kista atawa beuheung rahim (serviks). Lian ti éta bisa dilakukeun biopsi pikeun ngadétéksi sel-sel abnormal, kaasup sél kanker, pikeun nyokot sampel jaringan kelenjar bartholin.

Sitz Bath (Ngeueum Awak ku Cai Haneut)[édit | édit sumber]

Pikeun nahan rasa nyeuri, anu katarajang kista bartholin dirékoméndasikeun pikeun ngeueum dina cai haneut. Ieu tarékah bisa dilakukeun 3-4 poé tina saminggu. Lian ti ngubaran rasa nyeuri, ieu tarékah ogé bisa ngubaran kista anu masih kénéh leutik.

Operasi Insisi[édit | édit sumber]

Ieu operasi diperlikeun lamun ukuran kista geus gedé atawa lamun aya inféksi. Nalika operasi dokter ngagunting leutik dina bagian kista pikeun ngaluarkeun cairan nanah.

Masangkeun Katétér[édit | édit sumber]

Masangkeun katétér jeung balon bisa dilakukeun pikeun ngaluarkeun nanah. Ieu proses mikabutuh saeutik guntingan pikeun ngaasupkeun katétér ka jero kista, tuluy mekarkeun éta balon sangkan ngajaga katétér tetap masang salila 2-6 minggu.

Marsupialisasi Kista[édit | édit sumber]

Ieu prosedur ngagunakeun téhnik ngagunting dina bagian kista pikeun ngaluarkeun nanah, tuluy dokter ngajahit tungtung irisan kista dina kulit pikeun ngajaga kista sangkan kabuka sacara weuteuh. Marsupialasi bisa dikombinasikeun jeung téhnik masangkeun katété.

Ngangkat Kelenjar Bartholin[édit | édit sumber]

Lamun métode anu séjén can berhasil, doktér ngarékoméndasikeun pikeun ngangkat sakabéh kelenjar bartholin.

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. -, Pittara. "Kista Bartholin". Alodokter. Diakses tanggal 2024-03-10. 
  2. Wahyu, Adeline. "Mengenal Kista Bartholin, Kista yang Bisa Menyebabkan Sakit saat Berhubungan Seksual". www.orami.co.id. Diakses tanggal 2024-03-10. 
  3. Klaten, Soeradji Tirtonegoro. "Direktorat Jenderal Pelayanan Kesehatan". yankes.kemkes.go.id. Diakses tanggal 2024-03-10. 
  4. Media, Kompas Cyber. "Penyakit Kista Bartholin - Gejala, Penyebab, Pengobatan". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-10.