Labuh saji

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

DESKRIPSI

Labuh saji nyaéta salasahiji tradisi ti masarakat Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi anu diayakeun pikeun miéling Hari Nelayan unggal ping 6 April.[rujukan?] Udagan tina ieu tradisi nyaéta pikeun nohonan jangji sangka

n naon anu dipikahayang kacumponan kawas réa lauk anu ditéwak ku pamayang.[rujukan?] Mana tina ieu tradisi nya éta pikeun ngajaga hubungan anu hadé antara manusa jeung pangeusina ka asup méré hormat ka Nyi Roro Kidul.[rujukan?]

KASANG TUKANG

Nurutkeun dongéng, kasang tukang tradisi Labuh Saji mangrupa cara Prabu Danarasa pikeun ngungkabkeun rasa cinta ka rahayatna.[rujukan?] Prabu Danarasa harita jadi raja di Pelabuhan Ratu.[rujukan?] Prabu Danarasa tapa kalayan udagan sangkan daérah Pelabuhan Ratu teu paceklik.[rujukan?] Nanging kalah sabalikna, mangsa paceklik ngadatangkeun rejeki séjén pikeun masarakat Pelabuhan Ratu. Pamayang kabéh barungah sabab bisa néwak lauk leuwih réa.[rujukan?] Lantaran Raja Danarasa ngarasa katulungan jeung paméntana kacumponan, ku kituna raja mulang tarima ku cara méré sasajén ka ratu Nyi Roro Kidul.[rujukan?] Tina carita nu geus dipedar, éta tradisi nuluy nepi ka ayeuna.[rujukan?] Sasajén anu digunakeun nalika baheula nya éta émbé atawa munding, ayeuna geus ditransformasi dirobah jadi binih lauk, benur jeung tukik.[rujukan?]

TATA  CARA

  • Tatahar

Sapoé saacan prosési upacara dilaksanakeun, tatahar bahan sasajén diantarana:

  1. Tandu Kahiji  : eusnina hulu munding
  2. Tandu Kadua  : eusima getih, kulit, suku leungeun jeung suku munding
  3. Tandu Katilu   : eusina kadaharan, inuman, bungbuahan, kembang tujuh rupa, rokok jeung menyan
  4. Tandu Kaopat : eusina sakabéh bagéan émbé anu geus dipencit.[rujukan?]

Sakabéh eusi tanduu dibuleun ku kaén bodas (kaén kapan)[rujukan?]

  • Prosési

Réngréngan anu geeus sayaga, naék ka parahu nu geus dihias pikeun.[rujukan?] Posisi anu dipilih pikeun ngawurkeun Labuh anu aya dina tandu nya éta posisi laut anu miboga juru cai anu geus ditangtukeun ku pawang laut.[rujukan?] Sanggeus kapanggih, Labuh anu aya dina tandu diawurkeun kalayan tartib.[rujukan?]

SIMBOL UPACARA

  1. Bandéra Indonésia : mangrupa simbol kawani jeung sipat suci sarta nuduhkeun rasa cinta ka lemah cai.[rujukan?]
  2. Warna hiasan parahu : héjo ngalambangkeun sipat réligi ka Gusti Allah; konéng ngalambangkan kawani jeung sipat ati-ati dina ngajalankeun                                                hirup (singer tengah)[rujukan?]
  3. Angka ganjil : ngalambangkeun wilangan anuu istiméwa pikeun nolak bahla. Lian ti éta, angka ganjil ogé ngalambangkeun jumlah tingkatan langit, surge jeung naraka.[rujukan?]