Mémén

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Mémén téh istilah buhun, hartina dalang.Ieu istilah kapanggih dina naskah Sunda kuno Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian (1440 Saka; 1518 maséhi).

Unina:

"Hayang nyaho di sakwéh ning carita ma:Damarjati,Sanghyang Bayu,Jayaséna,Sédamana,Pu Jayakarma,Ramayana,Adiparwa,Korawasarma,Bimasora,Rangga lawé,Boma,Sumana,Kala Purbaka,Jarini,Tantri;

sing sawaték carita ma Mémén tanya (Hayang nyaho di sakwéh ning carita ma:Damarjati,Sanghyang Bayu,Jayaséna,Sédamana,Pu Jayakarma,Ramayana,Adiparwa,Korawasarma,Bimasora,Rangga lawé,Boma,Sumana,Kala Purbaka,Jarini,Tantri;nya sakur/sagala rupa carita mah tanyakeun ka dalang)".Tina ieu petikan bisa dicindekkeun yén alam harita di urang geus nyebar carita-carita anu ayeuna disebut carita wayang.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]


  1. Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978-602-7785-78-6.