Lompat ke isi

Magnituda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Magnituda (basa Indonésia:besaran) nyaéta sagala hal naon baé anu bisa diukur jeung dinyatakeun ku jumlah. Magnituda kabagi kana dua bagian, nyaéta magnituda utama jeung magnituda tedak. Magnituda fisika dilambangkeun kana simbul anu bisa diringkes mangrupa rumus. Ciri utama magnituda aya tilu, nyaéta bisa diukur atawa diitung, dinyatakeun kana angka, jeung boga satuan.[1]

Magnituda utama

[édit | édit sumber]

Magnituda utama nyaéta magnituda pokok anu geus disepakatan ku para ahli fisika. Magnituda utama mibanda ciri khusus nyaéta bisa dicokot dina hasil ngukur sacara langsung. Magnituda utama aya 7 rupa. tingali tina meja di handap

Magenituda Utama Jeung Alat Ukurna
No Magnituda utama Satuan Pangukur
1 Panjang Meter jidar
2 Massa Kilogram Timbangan
3 Waktu Sekon stopwatch
4 Suhu Kelvin termomter
5 Arus Ampere Amperemter
6 Jumlah mol Mole -
7 Intensitas cahaya Candela -

Magnetuda utama dijadikeun pokok pikeun nentukeun satuan magnituda tedak. Matak hideup kudu ingeut katujuh magnetuda utama.

Magnituda tedak

[édit | édit sumber]

Magnituda tedak nyaéta magnituda anu diturunkeun tina magnituda utama nepi ka satuan magnituda tedak, tina magnituda utama. Contoh magnituda tedak di antarana luas, volume, massa jenis, kecepatan, percepatan jeung sajabana. Supaya leuwih jeulas, tinggali méja di handap.[2]

Magnituda Teda jeung Satuanna
No Magnituda tedak Rumus Satuan
1 Luas Panjang x lebar m2
2 Volume Panjang x lebar x tinggi m3
3 Massa jenis Massa/volume Kg/m3
4 Kecepatan Perpindahan/waktu m/s
5 Percepatan Kecepatan/waktu m/s2

Satuan nyaéta pangabéda tina salah sahiji pangukuran magnituda. Masing-masing magnituda boga satuan nu béda. Satuan anu dipaké pikeun magnituda utama jeung tedak nyaéta satuan internasional (SI). Satuan internasional kabagi jadi kana dua bagian:

  1. Satuan MKS (meter, kilogram, sekon)
  2. Satuan CGS (centimeter, gram, sekon)

Aya mangrupa satuan nu aya di dunia, contohna jeungkal, deupa, hasta, jeung sajabana. Satuan éta teu bisa dijadikeun patokan lantaran ukuran jeungkal, deupa atawa hasta jalma béda-bda, ku sabab kitu satuan internasional dijadikeun patokan supaya meunang nilai nu pasti. Satuan kudu boga nilai nu pasti jeung alat ukurna bisa ditiru. Jadi saha waé bisa ngalakukeun pangukuran.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Sudirman. 2010. Fisika Kelompok Teknologi dan Kesehatan untuk SMK dan MAK 1. Jakara: Erlangga.
  2. Sudirman. 2013. Fisika Bidang Keahlian Teknologi dan Rekayasa untuk SMK/MAK Kelas X. Jakarta: Eralngga