Materialisme historis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Matérialisme Historis nyaéta salah sahiji istilah nu dikedalkeun ku Karl Max (1818 - 1883).[1] Dumasar kana istilahna, matérialisme historis téh mangrupa interprétasi matérial tina dasar sajarah.[1] Matérialisme didieu lain ditilik tina harti filosofis, lain ogé tina kayakinan yén réalitas téh mangrupa materi, tapi mangrupa faktor anu nangtukeun sajarah, jeung gedé pangaruhna kana ékonomi masyarakat.[1] Matérialisme nyaéta gawé sosial, naon anu di produksi jeung kumaha cara ngaproduksina.[1] Sabalikna, sajarah nyaéta perjuangan kelas, kumaha cara ngajalankeun produksi nepi ka kahontal parobahan ngaliwatan produksi éta.[1] Dina hubungan ieu Marx (2004 ; 130). [1]Ngedalkeun dua konsep kelas sakaligus jadi konsep materialisme kultural, nyaéta ; infrastruktur material (teknologi, ekonomi, ekologi, jeung demografi) jeung superstruktur ideologis (ideologi, elmu pangaweruh, agama, jeung kasenian) , ku salah sahiji proposisi ; sumebarna komoditas mangrupa titik tolak kapital.

Konsep Marx satuluyna ku Louis Althusser (1918 -1990) jeung Marvin Harris (1927 - 2001).[1] Pamekaran pamungkas ngeunaan materialisme budaya prak-prakana dina ulikan budaya (Barker, 2004 ;9)

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia 2000 istilah Biografi karya Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. p. 449. ISBN 9786022297437.