Model Sastra Abrams
Model sastra Abrams nyaéta cara - cara analisis karya sastra anu ngalibatkeun kabéh aspek nu relevan, nyaéta: nu nulis (ekspresif), semestaan (mimetik), karya sastra éta sorangan (objéktif}, nu maca (pragmatik).[1] Omongan aspek - aspek anu dipimaksud diungkapkeun ku M.H. Abrams tina buku anu judulna The Mirror and the Lamp: Romantic Theory and the Critical Tradition, medal munggaran taun 1953.[1] Nurutkeun Abrams (1976: 3-29; Teeuw, 1988: 50-52) cariosan anu kaopat ospek tiasa dilaksanakeun babarengan tapi ku cara méré aspek nu intensitas ka aspek anu pang pentingna akur jeung situasi jeung kondisi.[1] Pameurekan ekspresif, misalna dominan dina zaman Romantik, objéktif dina teori - teori strukturalisme, mimetik dina kelompok Marxis, sedengkeun pragmatik dina teori - teori anu ngalibatkeun nu maca.[1] Teeuw ogé ngaitkeun jeung kaayaan di Indonesia nyaéta Pujangga Baru anu ciri - ciri ekspresif nu diwakilan ku Tatengkeng jeung Alisjahbana nu ciri pragmatik.[1] Salajeungna Lekra tiasa dikaitkeun ku ciri mimetik, sedengkeun Rawamangun objéktif.[1]