Nyai Dasimah
Nyai Dasimah mangrupa ngaran hiji jalma aya dina Tjerita Njai Dasima anu ditulis ku G. Francis di taun 1896. Hiji néng geulis Walanda anu boga kisah tragis anu kasohor di Batawi. Nyai Dasima leuwih dipikawanoh ti sakitar Bogor, irup di taun 1805-1830. Nèng geulis ieu mangrupa nyai (istri piaraan) Tuan Edward, jalmi ti Inggris anu duduk di Pejambon. Hubunganna kandas lantaran kulawarga anu nganggep ari Nyai Dasimah murtad, matak kawin jeung Tuan Edward. Kulawargana jeung bangsana katempona teu pantes.
Sabalikna, jang urang kulon teu sakabèhna hanya narima jeung dijieun jadi bahan poyokan ku batur, komo Tuan Edward aslina merlukeun awak Nyai Dasima waé. Kaayaan kadua ieu nyieun Nyai Dasima leungit pamuntangan hirup, terus datang si Samiun anu jadi panulungna. Pamuda ieu asalna ti Kwitang, anu tungtungna bisa nyieun patalian kana Nyai Dasima. Nanging, Aslina mah Samiun datang anu matak resep ku banda sorangan jang mayaran utang anu loba pisan di tukang gadé. Nyai Dasimah anu indit ti Tuan Edward ka Samiun jang néangan tempat parlindungan jeung kabogohan, aslina justru katipu jeung beunang hiji kasus. tungtung kahirupan Nyai Dasimah meni pangsieuneun pisan lantaran paèh di walungan Cempaka Putih, dirampog salikana sorangan jeung babantuan ku jawara ti Tanah Tinggi, bang Puasa. carita ngeri ieu ditulis jeung dibukukeun ku urang Walanda, G. Francis.