Lompat ke isi

Pamaké:Nurul hamdani~suwiki

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Thorikot Qodiriah Naqsabandiah



1. Bismillahirohmanirohim Allhamdulilahirobilalamin wafatahu wasalamu ala asrofil mursalina saidina muhammadin waala alihi wasohbihi ajmaina amma ba’du. Ieu risalah martélakeun latifah nu sapuluh jeung iman nu lima catatan tina parkumpulan kitab arab kaya kitab risalatilaliyah karangan Séh Ahmad Paruki Linurhandi jeung liyan-liyan éta. Pasal ari pangkatna iman éta lima perkara, hiji iman taklid kadua iman ilmu katilu iman iyan ka opat iman hak kalmia iman hakikat. 2. Pasal ari tegesna iman taklid éta nyaéta nyahona ngandelkeun ngéstuna kanu diimankeun téh éta nu hanteu jeung dalil nu nerangkeun nurut kana béja wungkul tegesna hanteu ngakal ngakal katerangan sorangan tur bias mun nyieun katerangan sorangan téh saperti jalma nu jejeg akalna jeung ari nu lima taklid téh ceuk sawaréh ulama mah éta enggeus sah imana tegesna jeung jadi mu’min doraka-doraka baé mah ari ceuk sawaréh ulama deui éta tacan sah imana tegesna tacan jadi mu’min doraka-doraka acan hai Alloh muga-muga nambahan ilmu abdi sing liwat tina taklid amin ari makamna nu iman taklid téh éta makam mahjud tegesna pangkat nu dipindingan terangna ka salira Alloh ta’ala téh kusagala rupa mahluk. 3. Pasal ari tegesna iman Iyan éta nyaéta nu jeungeun mateng atina ka Alloh sumawona keur hanteu bimbang ogé kaya keur nénjo mahluk atawa keur ngadéngé atawa keur liyana éta hanteu leungit atina kanu ngadamel polah tah iman iyan nu kasebut makam murakabah tegesna pangkat ngintip-ngintip kasalira Alloh téh jeung ari iman iyan téh hanteu beunang dicokot diberik-berik karena ilmu kapangérana nyelir Alloh kakasihna sarta nu padolana Alloh nu tegesna ku lunturna Alloh. Pasal ari tegesna iman hak éta nyaéta nu geus awas kasalira Alloh ta’ala dina sagala rupa mahluk tegesna dina sagala polah éta leuwih awas kana molahkeun nana. 4. Tibatan kanu dipolahkeun kaya polah keur nénjo atawa keur ngadéngékeun atawa keur ngomongna atawa keur naon baé sagala polah éta leuwih awas kana ngadameulna tibatan kanu didamelna tah aya iman hak nu ngaranna hakkul yakin tegesna nu ngaran temen nyahona téh jeung iman hak nu kasebut makom musyahadah téh tegesna nu pangkat ningali kasalira Alloh dina sagala rupa mahluk téh jeung ari iman hak téh hanteu beunang di cokot diudag-udag karana nyakitu deui ilmu kapangéranna paragi nyelir Alloh kakasihna sarta kupadolna Alloh. Pasal ari iman hakékat éta nyaéta nu awas kasalira Alloh ta’ala wungkul rumasa geus euweuh anu wujud kajaba 5. Salira Alloh nyalira tah nya iman hakékatna nu kasebut. Makom nana tegesna pangakat langit lian salira Alloh nyalira jeung ari iman hakékat téh éta nyakitu deui teu beunang dipaké kahayang karana ilmu kapangéranna paragi milih pangéran kakameumeutna sarta ku padolna Alloh. Pasal ari cindekna iman ari iman nu tilu pandeuri éta nu matak hanteu beunang di udag-udag ditéwak tuluy dipaké lir saperti bintang diraja peresénkeuneun éta karana disebutkeun nana ogé ulumunrubaliyatun yakhusubiha manyasau tegesna nyaéta élmu-élmu kapangéranan paragi nyelir pangéran kameumeutna tegesna ka auliana ari 6. lobana aulia dina saandeungna éta kurang tina saketi dua laksa opat rébu aulia sarua jeung bingbilangan per persahabat keur waktu pupus kanjeung Nabi Sololohu alaihi wasalam jeung sarua jeung jumlahna sadaya para Nabi nga ngalihimusolatua wasalam. Pasal ari nu dianggo kameumeut téh nyaéta nu ahli marifat bilahita’ala tegesna sakur nu ahli terang ka Alloh ta’ala ari nu ahli ma’rifat téh ceuk Séh Aji Yajid nyaéta manusa anu geus taya rasa ingeutan keur saré atawa keur nyaring jeung nu geus taya papanggihna atawa téténjoan jaba ti kasalira Alloh ari tetegesna. 7. nu ahli marifat téh éta opat perkara, hiji hébat tegesna simaan dua tegesna matak isin nyaéta opat shopawah twgwsna bersih awakna gilap jeng ari manusa nu jadi aulia téh nyaéta hésé dikanyahokeun tibatan nganyahokeun ka Alloh karma éta sapamaké jeung pada manusa mungnguh barang tuangna atawa liana ari Alloh taala mah éta béda jeung mahlukna nu matak babari di kanyahokeun. Pasal ari manusa nu sok kapaparin tina iman nu tilu panderi mungguh ngadatna nu geus jejeg lima perkara kahiji nu geus pangkat iman ilmu nyaéta nu geus nyaho bédana nu jeneng Alloh jeung mahlukna jeung nu geus 8. nyaho dibédana nu pangkat nabi nu aku-akuan kadua nu geus nyaho keun sagala hokum sara kira-kira lamun dileungitkuen ku Alloh ta’ala ilmuna ahli bumi nu geus cukup ilmu tasyaupna nyaéta nyaéta nu geus tetep dina pamaké nu alus kaya waro tegesna apik jeung kaya ihlas jeung kaya nu geus sieun ku Alloh ta’ala sieun salah amalna ka opat nu geus putus sagala kamistianna tegesna sagala wajib euweuh nu ditinggal jeung sagala haram euweuh nu heunteu dicegah karana dauhan Alloh dina hadis Bukhoro wama takaroba ilayya abdi bisyaiin ajabba ilayya mimma 9. taradatu alaih ; tegesna euweuh deui babakti ka aing abdi aing tinimbang amal nu geus diperdua ku aing ka abdi mah ka lima nu geus naék kana pati ku lir sunat karana tuluyna dauhan Alloh nu tadi dina hadis Bukhori kénéh walayujalu abi yatakorobu ilayya binnawapili hatta ahabbahu paiza abbatahu kuntu samuhalladzi yasmau bihi wabashorohulladzi yabsuru bihi wayadahulladzi yabthisyu biha warijlahuladzi yamsyi biha wainsa’alani la’utiyanhu wainista’adani. Lauindahi jeung tegesna hanteu percuma abdi aing babkti ka aing ku pakulir amal nu sunat sagala sunat malah-malah dating ka resepna aing ka abdi keupat resep aing ka abdi 10. éta gues tangtu sagala polah abdi téh kaya dédéngéan ceulina abdi jeung téténjoan matana jeung panyabak leungeuna jeung pangléngkah sukuna éta sakabéhna kasuka aing jeung mun nya paménta ka aing éta tangtu ku aing dibéré sakahayangna jeung mun m’enta salamet ka aing éta tangtu disalameutkeun ku aing dina sagala kasieun tegesna pisan mah ari manusa nu sok meunang pangkat aulia téh éta nyaéta manusa nu gues lunas sagala kamistian nana tuluy naé kana pati ku lir sunat. Pasal aria mal nu sunat nu sok naék kana iman nu tilu éta loba kacida nomer hijina kaya murukji kanu 11. bodo mun hanteu jadi pardu aén kaya laladén ka para aulia atawa ka para ulama atawa para solihina sumawona ka para nabi jeung indung bapa mun hanteu wajib deui, nomer duana kaya solat sunat saperti solatu laila tegesna solat ti peuting jeung kaya haji sunat jeung kaya puasa sunat saperti senén kemis kaya sodakoh-sodakoh jeung tulung kaya maca solawat kaya maca tasbéh atawa naon waé. Waridan kaya maca ayat kur’an jeung kaya dzikir tahlil nu dingaranan dzikir tauhid nyaéta dzikir lailahailloh karana duhan kanjeung nabi sololohualaihiwasalam ari apdolna dzikir téh nyaéta lapad lailahailoloh karana éta téh tauhid tegesna nyebutkeun hiji kana dat Alloh jueng 12. Alloh jeung kana sagala sipatna jeung kana sagala dameulanna ari tauhid téh éta sok ngaberesihkeun kana jero badan jeung kana dzikir sibat nyaéta dzikir lapad Alloh baé tegesna hanteu make lailaha hua karana saur aripina tegesna ceuk saur nu ahli ma’rifat ari apdol abbakti téh nyaéta geusian asup bijilna nyawa ku lapad allohu Alloh karana dzikir téh jadi miftahulgoibi tegesna sok némbongan nu goib jeung jadi jarul khoiri tegesna jadi mawa kana kahadéan jeung jadi anifumutawahisyi tegesna sok jadi ngalindeukeun nu linghas jeung jadi jamiusyatafishohibihi tegesna sok ngumpulkeun paburantakna baturna. 13. pasal ari adabna dzikir éta dua welas parkara hiji kudu digurukeun kanu mursid karana ceuk sawaréh ulama manlasaiho pasayitonu hartina manusa anu teu boga guru téh éta sétan guruna téh éta sétan guruna ngan mun euweuh pikeun guru ceuk syéh sa’rani éta hade lobaan baé dzikirna sing datang ka hadir haténa ka Alloh éta daékun ogé meunang terbuka kadua kudu ngahadirkeun guru keur waktu dzikir ku ciptaan cing datang karasa aya di hareupeun urang cara petan nu yaksian katilu mun dzikir ku lisan kudu dibarengan ku haté sing neupi ka mantengna ka opat beberesih heula tina hadas jeung najis kalmia madep kiblat mun nyorangan kagenep kumawula wungkul tina resepna ka gusti tegesna lain-lain mandeng ganjaran jeung lain sieun 14. siksaan jeung lain mandeng darajat luhur katujuh peureum kadalapan nu suci atawa dinu suni kasalapan mernahkeun dzikir kana sakabéh latipah nu aya dina badan. Tegesna narik lapad la tina bujal kana utek éta mungguh ceuk syéh Ahmad Junaédi maémuni sarta bari d’engdék ka katuhu supaya narajang mapay kanu tilu latipah, nyaéta hiji latifah akhfa dua latifah nafsi tilu latifah kolob tuluy narik lapad ilaha tiluhur sabeulah katuhu neupi ka handapeun susu katuhu supaya narajang kana dua latifah nyaéta hiji latifah khopfi dua latifah ruh tuluy narik illaloh tiluhur sabeulah kénca neupi ka handapeun susu kénca, supaya narajang kana dua latifah nyaéta hiji latifah 15. Sir dua latifah kolbi jueng nyaéta ngeusikeun dzikir Allohu Alloh kana-kana hiji-hijna latifah nu tujuh ari pertélaan latifah éta insya Alloh engké pandeuri ka sapuluh kudu iklas sarta kudu inget kana hartosna dzikir tegesna hartina lapad laillahaillollohu téh éta nyaéta hanteu aya pangéran kongang dikaulaan ku sabenerna jaba salira Alloh ta’ala nyalira karana sagala mahluk atawa polahna atawa omongan nana éta di salira Alloh sebutan nana nungadiukan atawa ngomong ari Alloh éta 16. nu ngabisakeung ngomong ari sawaréhna sifat nu sampurna nu wajib di salira Alloh nu lalawanan sifat nu wajib éta sakitu deui dua puluh jeung sifat nu wenang disalira Alloh éta hiji ari sifat nu wajib dipara rosul. Éta opat perkara ari sifata nu lalawanan sipat nu wajib éta sakitu deuih opat perkara opat perkara ari sifat nu wenang di para rosul éta hiji kasawelas kudu tepi ka kuatna tegesna ku ciptaan sing datang ka embung sakabéh latifah malah-malah sakabéh sing datang ka babarengan rasa pada dzikir ka duawelas maca sayidina Muhammad rosululloh dina saban-saban panganggeusan nana dzikir ari lobana wajibna jeung muhalna jeung wenangna di para rosul nyaéta sakabéh nu engges dipertélakeun 17. pasal ngandika Syéh Ahmad Paruki Linurhandi dina kitab risalatulaliyati jeung lian Syéh Ahmad ari manusa téh éta dijieun tina sapuluh latifah tegesna tina lelembutan sapuluh hiji tina latifat kolbi tegesna tina lelembutan jajantung kadua tina latifah ruh tegesna tina lelembutan nyawa katiluna latifah Sir tegesna lelmbutan rasa kaopat tina latifah Khopi tegesna tina lelembutan rasa nu samara kalmia tina latufah akhpa tegesna tina lelembutan rasa nu pang samarna kagenep tina latifah nafsi tegesna tina lelembutan napsu katujuh kadalapan kasalapan kasapuluh tina latifah kolab tegesna tina lelembutan badan nu ngaran 18. ngarana Sir nu opat tegesna waruga nu opat nyaéta hiji angina dua cai tilu seuneu opat taneuh. Pasal ari nu lima latifah téh éta nyaéta hiji kolbu dua ruh tilu Sir opat Khopi lima akhpa éta nyaéta asalna aya terusan nana cahayana kana kaneungna sampéan nana para nabi nu pangkat ulul ajmi tegesna nu kagungan arundak taretep kasabarannana nyaéta hiji kanjeng Nabi Adam dua kanjeng Nabi Enuh tilu kanjeng nabi ibrohim opat kanjeng Nabi Musa lima kanjeng Nabi Isa genep kanjeng Nabi Muhammad alaihimussolatu wasalam jeung ari latifah nu mimiti nu lima téh éta dingaranan allamul amri tegesna alam paréntah 19. nyaéta ti handapeun arasy tepi kadasar bumi katujuh. Tiluhureuna tina arasy kaluhur éta didamel ku Alloh ta’ala hanteu aya asalna hanteu aya pangalapan nana ari latifah nu lima deuinu ahir nyaéta tina latifah napsi jeung anasir nu opat nudisebutkeun latifah kolab éta dingarannan alimul kholik tegesna nyaéta alam nu tiluhur semet arasy kahandap éta didamel ku Alloh sarta aya asalna jeung aya pangalapanana. Pasal ari kalakuan latifah nu sapuluh téh éta lima perkara hiji aya perenahna di manusa dua aya asalna tipada latifah deui tilu aya terusan cahayana kana 20. keunueng sampéan para nabi nu pangkat ulul ajmi opat aya nurna tegesna aya cahayana konén atawa liana lima aya nu ngeusian nana ngaran kapalana jeung ngaran balana. Pasal ari latifah kolbi perenahna dimanusa éta handapeun susu kénca anggangna kira-kira dua ramo antara susu jeung éta petana ngujur kagigir jeung asalna tina latifah napsi nu merenah dina antara halis nu angké bakal-bakal dipartélakeun jeung cahayana asalna terus kana kaneungna sampéan nabi Adam alaihi salam ari rupana asqor tegesna cahayana kon’eng ari kapala nu ngeusian éta ngarana lawwamah tegesna 21. tukang moyok mutmainah mangmeunangkeun amarah keur waktu parebutan pada maréntah babakti kana kahadéan ari amarah éta salapan perkara hiji lamun nyaéta poyokan dua Hawa nyaéta kabitaan tilu maker nyaéta ngabinasa opat gibah nyaéta ngupat upatan lima ujub nyaéta ngakukeun genep riya nyaéta mandang katingalan sagala lampah tujuh dulmun nyaéta neungteuingan dalapan kadib nyaéta bohongan salapan gaplah 22. nyaéta pohoan kana kamistian, pasal ari latifah roh parenahna dimanusa éta handapeun dua katuhu angkangna kira-kira dua ramo antara dua jeung éta asalna tina latifah kolab nu ngaran anasir angina jeung cahayana asalna terus kana keuneungna sampéan Nabi Nuh jeung Nabi Ibrohim alaihim salam ari rupana éta ahmar tegesna cahaya beureum ari kapalana ngeusian éta mulhamah tegesna éta paragi nu kadatangan ilham ari balana mulhamah téh éta tujuh perkara, hiji sahadat nyaéta balana dua kona’ah nyaéta 23. nyieun mahi kusaeutik tilu ilmun nyaéta soméah amis bubudi opat tawado nyaéta handap asor lima tobat nyaéta kapok kana sagala cegahan syara genep shobar nyaéta nahan kasedih tujuh tahahud nyaéta nahan kasusah pasal ari latifah sir parenahna dimanusa éta luhureun susu kénca anggangna kira-kira dua ramo antara susu jeung éta asalna tina latifah kolab nu ngaran ngarana sir cai jeung cahaya asalna terus kana keuneungna sampéan Nabi Muhammad alaihisalam ari rupana abyad tegesna 24. cahaya bodas ari kapalana nu ngeusian éta mutmainah tegesna tukan leukeun kana kahadéan ari balana, mutmainah téh genep perkara hiji judun nyaéta béréhan dua tawakalun nyaéta pasrahan tilu I’badah nyaéta humadep opat sukur nyaéta metakeun badan kana pare’n tahan nu di idinan ku pangéran lima rodho nyaéta suka kana hukum Alloh genep hosyah nyaéta inggis narajang kana larangan syara pasal ari latifah khoqi perenahna dimanusa jeung tina susu jeung éta asalana tina latifah 25. kolab nu ngaran ngarana sir seuneu cahayana asalna terus kana keuneung sampéan Nabi Isa alaihisalam ari rupana éta asipad tegesna cahaya hideung ari kapalana nungeusian éta mardiah tegesna sagala rupa nu diridoan ari balana mardiah téh hiji husnul halqi nyaéta hadé budi dua tarkimasiwa Alloh nyaéta tinggal sagala raining Alloh tilu latpun bilholki nyaéta leuleus kapada batus opat hasmlul holqi alsolahi nyaéta mawa kahadéan ka batur lima sophun anu dunubi holki nyaéta daék ngabélaan nyait tina sagala 26. dosa batur tujuh mailul holki éta heman ka batur-batur, pasal ari latifah akhqo pernahna dimanusa éta dina tengah dada asalna latifah kolab nungarana sir taneh cahayana asalna terus kana keuneungna sampéan Muhammad Sololohualaikiwasalam ari rupana éta ahdhor tegesna cahaya héjo ari kapala nu ngeusian éta tamilah tegesna nu sampurna ari balana kamilah téh éta hiji ilmul yakin nyaéta nyahona terang dua ainall yakin nyaéta nyata terangna tilu halkul yakin nyaéta temen terangna 27. pasal ari latifah napsi perenahna dimanusa antara halis dua asalna éta saasal jeung, latifah kolbi nu geus kasebut ari rupana, sanggeus dibersihan éta nurun bicakepi tegesna cahaya taya dikieuna ari kapala nu ngeusian éta amarah nyaéta nu kekeh ngajak-ngajak kana kagoréngan balana amarah téh éta tujuh perkara, hiji bukqlun, nyaéta korét dua kirsun nyaéta hawekwek, tilu hasud nyaéta irén opat jahlun nyaéta bodo lima kibir nyaéta gumedé syahwat nyaéta ngakeueku tujuh gosab nyaéta 28. nyaéta getapan pasal latifah kolab tegesna lelembutan badan nu ngaran-ngaran sir opat parenahna di manusa éta saluar badan ari rupana éta sakumaha cahaya kajadian nana saperti ngana sir taneuh nu jadi latifah ahdo éta héjo dina latifah kolabna gé éyta tangtu héjo jeung saperti cahaya nganasir seuneu nu jadi latifah khofi éta hideung dina latifah kolabna gé éta tangtu hideung jeung saperti nganasir cai, nu jadi latifah sir éta bodas dina latifah kolabna 29. gé éta tangtu bodas jeung saperti nganasir angina nu jadi latifah roh éta beurum dina latifah kolabna gé beureum cindekna dina latifah kolab nah cahayana téh aya opat rupa hiji héjo dua hideung tilu bodas opat beureum-------------------ahdor, aswad, abyad, ahmar 30. kosong teu aya tulisan 31. … 32. … 33. kosong 34. pasal ari dikir sibat nu lapad Alloh jeung li’an éta sakur dikir ku jenengan Alloh kaya yalatipu yalatipu éta meresihkeun nana mungguh séh Ahmad Junaédi mébuni mah éta dikir tina bujal kana latifah kolab anu handapeun susu kénca téa ari mungguh séh Wahab Syaproni éta ditarik tina sirah kana dampal suku dua nana ari mungguh séh Abdul Karim éta diperenahkeun dina hiji-hijina latifah anu tujuh ari mereunahkeun nana éta ditalinga tegesna di wuruk ku séhna sarta ditawajuhan papaharé madep ka Alloh, pasal ari tingkahna tawajuh éta aya keur nyorangan aya keur 35. aya keur nyorangan aya keur jeung nguru ari keur jeung guru éta nu pada jinis kaya-kaya pada laki-laki atawa pada awéwé atawa jeung nu malawading ari mimitina tawajuh éta adabna lungguh tawaruk tegesna émok tatapi ngéncakeun béda jeung keur tahiyat salat tuluy adep adepan mun keur jeung guru anggangna kira-kira kadéngé pahurukna ngan mungguh pada jinis éta hade patepung tuur jeung guru tuluy balem jeung nyakeupkeun pada waos jeung neueulkeun létah kana waos sarta bari peureum tuluy dikir Alloh hu Alloh ku hate sarta dirangkeupkeun dua-dua kalimah ari nu mimiti éta wasolna tegesna hirupan ha na ari nu kadua éta wakopkeun tegesna paéhan ha na tapi 36. bilanganna mah éta ka asup dua baé ari mimitina dikir Allohu Alloh téh éta eusina dina latipah kolbi téa ari lobana dikir baé kira-kira kuciptaan tapi kahirupna latipah nu dieusian téa ku sarébu lima ratus atawa leuwih tegesna sing dating kacipta usik to nyaéta hartina baréto dina adabna kudu tepi kakuatna jeung sidahna téh jeung tuluy kudu rumasa ngadeuheusan abdi kagusti nu dideuhuesna téh éta uninga ngadangu ningali kana saga lakulampah abdina kanas cepengan talédorna temena olo-olona enyana palsuna pikirna polahna 37. ucapna hadean goréngna ngébréhna nyumputna barétona ayeuna jigaqna jeung sagalana dina salawasna euweuh nu hanteu ka uninga kadangu katingali éta euweuh nu poho deui ka tukang kahareup ayeuna tah numatak kudu rumasa aya nu nangkap jeung kudu ajrih ajrih téh nyaéta kusabab ditangkap salawasna jeung sarta kudu terang deui yén éta lapad Allohu Alloh nu dipaké dikir dina téh éta nyaéta jumenengna dat gusti nu keur deuheusan téa nu taya siga sigana nukagungan sagala sifat sampurna sarta kudu dirupakeun dijero ciptaan éta lapad Allohu Alloh téh éta tulis kurupa emas atawa rupa pérak. Pasal ari tawjuhna Séh kahiji-hiji murid dina hiji-hiji 38. latipah éta sabaraha kali baé upama tacan tapi kalimatna jeneng sidah tegesna tacan hirup latipah mujid kuciptaan mujid mah dimana geus pupat sidah tuluy bawa ku séh kana latipah nu enggeus téh éta sina bareng pada maju baé ulah sina eureun jeung ari dina saban-saban tawajuh téh éta mimitina kudu tina latipah roh tuluy rangkeup kana latipah akhpi tuluy kana latipah napsi tuluy kana latipah kolab geus kitu tuluy tawajuh kana murokobah nu dua puluh 39. nyaétya hiji murokabah ahadiyat dua marokabah maiah tilu murokabah akrobiah opat murokabah mahabbah pidairotil ula lima murokabah mahabbah pi dairotil saniyah genep murokakbah pi mahabbah pi dairotil kausi tujuh murokabah wilayatul ulya dalapan murokabah kamalani nubawata salapan murokabah kamalatirisalati sapuluh murokabah pi dairotil khulak duawelas murokobah mahabbah pi dzairoti ssirpati tilu welas murokabah pi mahabbah datiati ilmumtajijati bil mamubiyati ssirpati limawelas murokabah pi dairotil hubbi ssirpati genep welas murokabah 40. pidairoti lata’ayanu tujuhwelas morokobah pidairoti haqoikotil ka’bah dalapan welas pidairotil haqoikotil quran salapan welas murokobah pidairoti haqoikotisolat duapuluh murokobah pima’budi yatisirpah pasal andika nu ahli torikot ari laku lampah nu sunah nugampang tepina ka Alloh éta tilu perkara hiji dikir hofi nyaéta dikir nu disamarkeun dina ati ari nu madep nu jongjong nu jeneng nu manteng nu pasrah kan asagala perkara ka gusti nu diadepan dua murokobah tegesna nyaéta ngintip-ngintip ka Allohsaperti cing ngintip beurit 41. ari petana murokobah téh éta nu ngadeuheusan ka Alloh sarta terang ka Alloh yén Alloh téh éta nu nanggap salalawasna kana lampah urang tegesna uninga ngadangu ningali kana sagala geretek hate urang jeung kana sagala luar jerona badan urang jeung kana sagala pasejaan urang nu hade nu goring jeung kana sagala usikna sakabéh badan urang keur dina ngabakti atawa dina doraka jeung urang kudu umasa dina sagala polah keur nyorangnan atawa keur kumpulan jeung pada batur éta aya dipayuneun gusti gusti urang ditangkap diuninga didangu ditingali ku gusti salalawasna poplah nu keur dipaju atawa nu geus kaliwat atawa nu bakal kasorang sarta hanteu lalieun gusti téh kana sagala polah tuluy nyuhunkeun paédahna tegesna nyuhunkeun 42. kurnia rahmat jeung hampura réhna jadi kawenangan nana gusti nu dideuheusan tilu ngaladénan sarta hadir ka guru nu méré pituduh kana jalan dikir jeung kana tawajuh jeung kana kayapiah tegesna pertingkah jeung kana jamiah tegesna kumpul abdi jeung gusti. Ari nu tilu perkara tadi téh éta asup kana kamistian anu keur suluk. Pasal ari murokobah ahadiyat téh éta ngintip-ngintip kana kahijian nana dat Alloh taala jeung kana sagala sipatna jeung kana sagala damelna karana ningali dalil pangandikana Alloh kulhuallohuahadun tegesna bébéja manéh ka nabi Muhammad ka umat-umat manéh ari Alloh téh éta hiji-hiji sagala sipatna hiji-hiji sagala damelna ari hartina murokobah ahadiayat éta baé nu tawajuh tegesna nu madep ngadehesan ka Alloh sarta 43. tajali tegesna terang yén salira Alloh taala téh éta nu kagungan sagala sipat nu sampurna ari sawaréhna sipat nu sampurna éta nyaéta nu duapuluh sipat nu eajib téa jeung num aha suci tina sagala sipat kakurangan nyaéta nu duapuluh lalawanan supat nu wajib jeung wenang ngadamel kongang sarta bari madep kana latipah kolbi sarta bari dikir Allohu Alloh dina ati ari éta madfep kana dat nu dijenengan Allohu Alloh sarta bari nékadkeun keur hate ngucapkeun Allohu Alloh téh éta nyapusti pangéran nu diseja dunia ahérat puji sim abdi téh ari tapangina tegesna ari panaé-panaékan nana dina murokobah ahadiat téh éta kudu ngalobakeun dikir isim dat nyaéta lapad Allohu alloh té atawa ngalobakeun dikir napi isbat nyaéta nu lapad lailahailoloh 44. téa ku dikir hopi tegesna ku dikir bedas atawa dikir samar ari piridona tegesna ari layabsar nana kurnia-kurnia nu diarep-arep sarta nu jadi kawenangan nana gusti nu dideuheusan dina murokobah ahadiat téh éta tipayuneun gusti disebutkeun waantido tul paidi min dalika janabi mukodasi tegesna ari ngarep-ngarep kurinia éta tipayuneun gusti nu dideuheusan nu disucikeun. Pasal ari murokobah sai’ah téh éta ngintip-ngintip kana babarengan nana Alloh taala jeung para abdina karana ningali dalil pangandika Alloh taala wahua maakum ainama kuntum tegesna ari Alloh taala téh éta babarengan jeung maranéh kabéh dina sagala tempat kaarayaan nana maranéh kabéh ari tegesna murokobah sa’iyah téh éta nu tawajuh 45. tegesna nu madep ngadeuheusan Alloh sarta tajjali tegesna terang yén salira Alloh taala téh nyaéta rerejengan jeung sagala abdina tegesna jeung sagala mahluk tegesna ari sagala mahluk téh éta katangen kaudingtan kadangu katingali ku Alloh tah kitu hartina babarengan téh lain saperti galona cikopi atawa cai téh jeung cai karana babarengan nana Alloh jeung mahluk mah éta eiweuh geusan nyaruakeun ngan petana babarengan éta urang hanteu nyaho jeung hanteu kudu nyaho ari paidna nu diarep dina murokobah maiyah téh tina jihat nu genep nyaéta hiji luhur dua handap tilu katuhu opat kénca lima hareup genep tukang nu disebutkeun wamuridul paidi piha minjihati’s sini tegesna ari 46. datangna kurnia nu diarep-arep dina murokobah maiyah téh éta tina lebah nu genep tarakina dina murokobah maiah téh éta sarua jeung dina murokobah ahadiat nyaéta kudu ngalobakeun dikir. Pasal murokobah akrobiah téh nyaéta ngintip kana kadeukeutan nana Alloh ta’ala jeung para abdina karana ningali dalil pangandika Alloh ta’ala wanahnu akrobu min hablil warid tegesna ari aing téh éta leuwih deukeut kasakabéh abdi-abdi tibatan uratna abdi kamaranéhna nana ari tegesna murokobah akrobiah téh éta nu tawajuh tegesna sarta terang nyén salira Alloh ta’ala téh éta deukeut jeung sagala abdina malah leuwih deukeut 47. tibatan deukeutna uratna abdi kamanéhan nana abdi jeung leuwih deukeut mah tibatan deukeutna sagala pangeusi awakna abdi awakna abdi ka abdi karana nu hanteu kanyahoan nu hanteu kadéngé nu hanteu karasa deukeut ari Alloh kapan tadi dina tegesna babareungan gé geus kaharti sabab sagala tangent ka uninga kadangu katingali taya nu kaliwat tah nu matak ditékadan sarta disebutkeun leuwih deukeut ngan petana deukeut sotéh urang nyaho jeung hanteu nyaho jeung hanteu kudu nyaho saperti tadi ari tarakina dina murokobah akrobiah téh éta sarua jeung dina 48. murokobah ahadiat baé nyaéta kudu ngalobakeun dikir ari paédahna nu diarep-arep dina murokobah akrobiah téh éta tina latipah napsi alimul amri nu disebutkeun wamuridul paidhi piha min latipatinapsi wa awalinul amri tegesna ari paranti datangna kurnia dina murokobah akrobiah téh éta tina latifah napsi jeung tina latipah alimul amri upama dék mere ijajah ka murid éta kudu keur tawajuh di jero tawajuh murokobah akrobiah karana nya didinya enggon ajajah téh ari lapadna albastaku hijkotu pakriyati supiyah waajajtukalijajatun mutlakotan lilirsyadi walijarotin 49. wajamaltuka kholipatan tegesna makékeun kami kamanéh mardikana lamak pkéanna ka butuh ka Alloh lamak nu panganggo nu ahli syupi tegesna nu ahli beresih ibadahna ka Alloh jeung geus ngawenangkeun kami ka manéh murid ku kawenangan nu kuma karep pikeun nuduhkeun ka batur-batur jeung pikeun ngawenangkeun ka batur-batur jeung geus ngajadikeun gaganti kami ka manéh murid tuluy ngajawab kubiltu warositu tarima kaula jeung suka kaula. Pasal ari murokobah mahabbah pi dairoti lulya téh éta ngintip-ngintip karesep ka Alloh ta’ala dina daérahna nu mimiti karena ningali dalil pangandika Alloh yuhibbuhum 50. wayuhibbunahu tegesna reuseupeun Alloh ta’ala kasadaya ka Alloh ta’ala ari tegesna murokobah muhabbah pidairotil ula téh éta nu tawajuh tegesna nu madep ngadeuheusan ka Alloh sarta tajalli tegesna sarta terang yén salira Alloh téh resepeun nyaaheun kanu mu’min-,u’min kabéh jeung sadaya mu’min-mu’min éta rareuseupeun ka Alloh ari tetenggerna raresepeun éta nyaéta lebah dikirna ka Alloh jeung terang deui yén salira Alloh téh éta loba jenengan nana malah salapan puluh salapan ari paédahna dina murokobah mahabbah pidariotilula 51. téh éta dina latipah napsi wungkul nudisebutkeun wamuridul paidihi piha latipah napsi pakotun tegesna ari enggon kurnia dina murokobah mahabbah pidariotil ula téh éta dina latipah napsi wungkul ari tarakina dina murokobah ieu téh éta kudu getol dikir tahlil ku lisan masing loba-loba. Pasal ari murokobah mahabbah pidariotisaniah téh éta saperti tadi baé dina murokobah mahabbah pidariotilula baé dina sagalana 52. ogé ngan terang deui yén salira Allh téh éta nu kagungan sipat ma’ani jeung sipat ma’nawiyah. Pasal ari murokobah mahabbah pidariotil kausi téh éta saperti tadi baé dina murokobah mahabbah pidariotil ula dina sagalana gé ngan tajali deui yén Alloh ta’ala téh éta kagungan dat sipat asma ap’al. Pasal ari murokobah wilayatul ulya téh éta ngintip-ngintip kana panganggo nu bangsa laluhur kaya panganggo para malaikat para nabi para wali karana ningali dalil huwalawalu huwalahir 53. wadhohiru walbatinu tegesna ari Alloh téh nu heula eweuh mimitina jeung bunggeung eweuh tutugna jeung nu luar jeung nu jero ari tegesna wilayatul ulya téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tajalli tegesna terang ka Alloh niru katerangan panganggo nu bangsa laluhuhur téh éta nyaéta tauhid syuhudi téh éta nyaéta alam dipaké ngeuntengan gusti tuluy katingali nu dieunteungan nana wungkul geus poho kana eunteungna téh tah nu matak disebutekeun dhohir. 54. wabatinu karana nyaéta tauhid ka Alloh téh éta aya dua perkara ari tarakina éta kudu ngalobakeun milampah sunat-sunat jeung kudu ngalilakeun solat ari paranti paidahna éta dina latipah kolab lian nganasir taneuh nu disebutkeun wama’ridul padhi pihalanasiru salasu siwa turobi tegesna ari paranti enggon datangna kurnia murokabah wilayatul ulya téh éta dina nganasir nu tilu liana nganasir taneuh. Pasal ari murokobah kamalatik nubuati téh 55. téh éta ngintip-ngintip ka Alloh ngadamel kasampurnaan nana sadaya para nabi alaihimusolatul wasalamu karana ningali dalil pangandikana Alloh walakod padolna ba’da nabiyi ala ba’din tegesna pasti satemena geus ngaleuwihkwun kami kasawaréhna para nabi ngungkulan kana sawaréhna deui ari tegesna marokobah kamalati nubuata téh éta nu tawajuh ka Alloh swarta tajalli tegesna sarta terang yén salira Alloh téh éta geus ngadamel sadaya para nabi lobana sakeuti dua laksa opat rébu nyaéta bangsa manusa nu marerdika nu parameunget nu caralakan 56. nu palalinter nu tara remeun n uterus terang nu taramna nimbalan kana sagala hokum syara tegesna nu puguh kalakuan nana syarana sanajan hanteu ditarimbalankudu mere tah ka umat-umatna jeung tajalli deui yén para nabi téh éta pikeun conto ka uamat-umatna kumaula ka Alloh ku sadaya hokum syara kudu turut sakumaha aturan syarana para nabi-nabi ari tarikana dina murokabah kamalatinubuati téh éta kudu getol maca quran ari paédahna éta dina latipah kolab nu ngaran ngasir taneuh enasna wamuridu ilpaidhi piha unsuru hurobi tegesna 57. ari enggon datangna kurnia dina murokobah kumalatinnubuata mah éta anasir taneuh: pasal ari murokobah kamalatirrisalati téh éta ngintip-ngintip ka Alloh ngadamel kasampurnaan sadaya para utusan éta leuwih utama kapangkatan nana para nabi karana ari para utusan téh éta nyaéta bangsa manusa nu marandika ka parapenget nucalakan palalinter nu tara remeun n uterus terang sagala kalakuan nana nu tarampa timbalan sagala hokum syara tegesna nu puguh kalakuan nana syara saperti para nabi ngan ..untduk nu tarampa timbalan 58. kertas dipotong 59. .


40. kudu maréntahekun ka umat-umatna ari tegesna murokobah latikamarisalati téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tajjalli tegesna sarta terang yén salira Alloh téh éta geus ngadeamel sadaya para utusan lobana tiluratus tilubelas atawa opat welas atawa lima welas miwarang maréntah ka para umatna kudu para karumaula ka Alloh ku lalma syara kudu turut sakumaha paréntahan kaya mareréntahkeun kudu ngaraji ngarulik kana élmu nu nerangkeun ka Alloh jeung élmu nu neurangkeun ka aranjeuna jeung kana sagala élmu nu ngesahkeun kana sagala ibadahna atawa kana badan ari tarakina éta kudu getol maca quran deui ari 41. ari paranti paédah didieu téh éta latipah nu sapuluh anu disebutkeun haéatilwwahdaniat enasna muridul paédi piha haéatilwahdaniat; tegesna ari enggon paranti datangna kurnia dina murokobah kamalatirrisalati téh éta dina latipah nu sapuluh nu dingaranan haéatilwahdaniat. Pasal ari murokobah ulul ajmi téh éta ngintip-ngintip ka alloh ngadamel kasampurnaan sadaya para rosul nu pangkat ulul ajmi tegesna nu pangkat karagungan arundangtala tetep kasalabaran nana karana ningali dalil pangandika Alloh wa’asbiru kama sobiru ulul ajmi nyaéta hiji nabi Adam dua nabi Nuh tilu nabi Ibrohim opat nabi Musa lima nabi 42. isa genep kanjeng nabi Muhammad alaihi nabiyina solatana wasalamu kacatur dina kitab wakoki’dduhur lebah carios Nabi Nuh ari hartina arundak tala tetp kasolabaran nana éta waktu diaruntak ku kaumna téh éta anggur ngaduakeun sina aralus tibatan keresa marales hina deui mah tur lamun kersa maraleus éta sakadé……gé tangtu digugu sabab cara ka ridona gusti ari tegesna murokobah ulul ajmi téh éta nu tawajuh kapayuneun Alloh sarta tajjali yén Alloh téh éta geus ngadameul para rasul nu pangkatna ulul ajmi lobana genep rosul jeung tajjali yén éta ulul ajmi 43. téh éta pikeun contoka umat-umatnaari tarakina dina murokobah ieu téh éta kudu getol maca quran deui jeung ari paédah dina murokabah ieu sarua jeung dina murokobah kamalatirrisalati pada dina sapuluh latipah nu ngarana haétilwahdaniat. Pasal ari murokobah mahabbah pidariotil khuluki téh éta ngintip-ngintip ka Alloh ngadamel kakasih ka nabi Ibrohim nu kasebut khololulloh tegesna nu kasebut kakasih Alloh karana ningali dalil pangandika Alloh watakhodzalohu Ibrohim halilan tegesna geus ngadamel Alloh ka para nabi Ibrohim kana kakasih ari tegesna murokobah pidariotil khulluki téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tajjalli yén Alloh ta’ala téh éta geus ngersakeun ngadameul 44. asih ka nabi Ibrohim sarta tuluy nyukurkeun tuluy nyuhunkeun kurnia gusti mugi maparin pangasih gusti kalawan syapaatna nabi Ibrohim alaihisalam ari tarakina dina ieu téh éta kudu ngalobakeun maca solawat khususkeun ka kanjeung nabi Muhammad sololohualaihiwasalam jeung kasakur pangkat ulul ajmi ngumumkeun kakulawarga kanjeng nabi jeung ka para sahabatna jeung ka sadaya para rosul para nabi, ari paédahna éta sarua jeung dina paédahna murokobah kamalatirrisalati pada dina sapuluh latipah nu dingaranan haétilwahdaniat. Pasal ari murokobah mahabbah pi dariotisirpati téh éta ngintip-ngintip ka Alloh ngadamel kakasih ka nabi Musa 45. alaihisalam karana ningali dalil pangandika Alloh wa’alkoitu alaika mahabbatan minni tegesna murokobah mahabbah pidairotisirpati téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tajjali yén Alloh ta’ala téh éta geus ngadamelkakasih ka nabi Musa alaihisalam sarta tuluy gurukeun ka Alloh sarta bari nyuhunkeun kurnia pangasih Alloh kalawan syapaatna nabi Musa alaihisalam ari tarakina éta saperti tadi baé kudu getol maca solawat ari paédahna éta saperti tadi baé pada dina altipah nu sapuluh nu dingaranan haétilwahdaniat téa 46. pasal ari murokobah pi muhibati datiyatill mumtajijati éta ngintip-ngintip ka Alloh ngadameul kakasih ka nabi Muhammad sololohualaihiwasalam pangasih anu galo jeung dat pangéran nu asih karana ningali dalil pangandika Alloh wama muhammadun ilarosulun tegesna taya deui Muhammad téh éta sagala kalakuan nana anging utusana Alloh ta’ala ari tegesna murokobah mahabbah pi ddatiyatil mumtajijati téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tawajuh yén Alloh ta’ala éta geus nganggo kakasih kasalira kanjeng nabi Muhammad sollohu alaihiwasalam kakasih nu di galo jeung dat anjeuna sabab pangéran téh moal ngadamel mahluk kaya bumi langit sawarga naraka jeung eusina 47. arrasy kursi jeung eusina lauh kolamun hanteu ngadamel kanjeng nabi Muhammad sollohualaihiwasalam tah numatak kanyaah téh éta disebutkeun di galo jeung dat pangéran ari petana galo éta urang hanteu nyaho jeung hanteu kudu jeung tajjali deui tegesna terang deui yén awak urang éta wajib anut kasakabéh lampah nabi mungguh dina saur jeung sagala peta awalna jeung dina sagala itikadna sarta wajib rido sukur resep iklas khusus tawado ari tarakina éta kudu getol maca solawat saperti tadi dina murokobah pi dariotilkhuluki jeung kudu getol maca solawat saperti tadi dina murokobah mahabbah pidariotil 48. khuluki jeung kudu getol maca dua allohuma inni asaluka mutaba’ata lirosulika muhammadan sollohu alaihi wasalam pil akwali wal’ap’al sarta sarta bari nyuhunkeun kurnia pangéran muga-muga masihan pangampura jeung pangasih kalawan sapaatna kanjeng nabi Muhammad sollohu alaihi wasalam ari paranti paédahna dina murokobah ieu téh ieu dina haéatiwahdaniat baé. Pasal ari murokobah mahabbah pidariotil mahbubiyatilsirpati téh éta ngintip-ngintip ka Alloh ka kanjeng nabi Muhammad nu dimashurkeun jenengan nabi Ahmad sollohualaihi wasalam kakasih nu beresih 49. sarta mulus karana ningaki dalil pangandika Alloh wamulosyron birosulin yatimin ba’dismuhuahmad tegesna ngabubungah nabi Isa ku hiji utusan nu bakal dongkapka umat saanggeus anjeuna ari jenengan nana utusan téh éta ahmad tegesna murokobah pidariotil mahbubiyatissirpati téh nu tawajuh ka Allooh ta’ala sarta tajali yén salira Alloh téh éta geus nganggo kakasih ka nabi Muhammad ahmad nu mashur di alam dunya jenengna nabi Muhammad karana di alam langit mah mahsur jenengan nana téh nabi Ahmad sollohu alaihi wasalam kakasih nu beresih sarta mulus. 50. ari perjalanana mah dina murokobah ieu téh éta sarua jeung tadibaé dina murokobah pimahabati datiyatilmumtajijati dina sagalana ogé kara hiji kénéh ari numatak dijieun dua murokobah éta baé supaya terang yén kanjeung nabi Muhammad téh éta loba jenegan nana. Pasal ari murokobah pi dairotihubissirpati téh éta ngintip-ngintip ka Alloh dina daérahna ngadamel di para mahluk karana ningali dalil pangandika Alloh walladina amanaasyaduhuban lilahi tegesna ari sakabéh nu pada ngarimankeun ka Alloh éta 51. pada kacida rareuseupeuna ka Alloh ari tegesna murokobah pidairotihubusirpati téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tajjali tegesna sarta terang yén éta karesep dimanusa téh jeung sagala éta damel Alloh jeung kudu dipaké resep ka Alloh ka utusan nana jeung kana sagala pamistian nana jeung sagala cegahan nana jeunga ri tarakina éta kudu getol maca quran saperti nu heula jeung ari enggon paédahna éta dina haéatil wahdaniat kénéh. Pasal ari murokobah pidairotilila takoyuna ytéh éta ngintip-ngintip ka alloh yén alloh hanteu 52. dinyatakeun ku siga-siga karana ningali dalil pangandika laisa kamislihisaiun tegesna hanteu aya geusan mapandékeun kitu kieu ka Alloh téh sagala antéro rupa mahluk ari tegesna murokobah dairotilatakoyuna téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tajali éta Alloh ta’ala téh éta dat nu kagungan sagala sipat kaceulaan kacacadan jeung sarta tajali deui yén éta dat Alloh téh éta taya geusan mapandékeun dina sagala antéro rupa mahluk jeung hanteu aya gambaran nana sorangan nu matak pika pikireun ku mahluk nu didamelna jeung 53. ari Alloh téh éta gusti sagala mahluk ari sagala mahluk éta abdina kagungan nana cindekna hanteu aya deui urang tah nagn nama ngabdi jeung gusti ari tarakina jeung paédahna éta saperti tadi baé nyaéta kudu loba maca solawat jeung dina haéatil wahdaniat. Pasal ari murokobah pidairotihakoikoti kabah téh éta ngintip-ngintip ka Alloh dina daérahna kanyataan nana ngadamel ka’bah karana ningali dalil pangandika Alloh pawaliwajhaku syitrol masjidil haram tegesna madepkeun manéh Muhammad saban-saban solat kana beungeut manéh kana masjidil haram téh 54. nyaéta ka’bah t’e éta nu tawajuh ka Alloh sarta tajjali yén salira Alloh téh éta geus ngadamel ka’bah hakékatna nyaéta padamelan nu sarolat jeung pikeun padapaan anu tarowup kusabab pikeun kitu éta ka’bah téh jadi agung ari tarakina dina murokobah ieu téh éta kudu getol maca quran ari paédahna éta dina haéatilwahdaniat. Pasal ari murokobah pidairotil hakoikotilkuran téh ‘eta ngintip-ngintip ka Alloh dina da’erahna kanyataana ngadamel kur’an karana ningali dalil 55. pangandika Alloh wainkuntum piroibin mimanajalna ala abdina pa’tu bisurotin min mislihi tegesna lamun arayana maranéh kabéh pada maranggang teu percaya tina rupa-rupa kuman nu geus diturunkeun ku aing ka abdi aing té kakasih aing nu ngaran nabi Muhammad cing atuh pada nyarieun maranéh kabéh nyieun surat nu saperti nu geus diturunkeun ka abdi aing téa ari tegesna murokobah pi dairoti hakoikotil kuran t’eh ‘eta nu tawajuh ka Alloh sarta tawajuh yén salira Alloh téh éta geus nurunkeun kur’an ka kasihna jenengan nabi Muhammad sololohu alaihi wasalam 56. ari hakikatna nyaéta pikeun tandana jenengna nabi ngajawab sagala percayana sagala nu pasék jeung munapék jeung sagala nu munkar nyaéta kaya nu murtad jeung nu kapir éta sadaya dina kur’an karana sagala hukum syara geus aya dina kur’an ari dina murokobah ieu sadaya ieu t’eh éta kudu getol maca kur’an ari paédahna éta dina latipah haéhatilwahdaniat baé. Pasal ari murokobah pi dairotilhakoikoti solat éta ngintip-ngintip ka Alloh dina da’erahna kanyataan nana ngadamel solat karana pirang-pirang dalil 57. pangandika Alloh ari tegesna murokobah pi dairoti hakoikotissolati téh éta nu tawajuh ka Alloh sarta tawajuh yén Alloh ta’ala téh éta geus ngadamel solat hakékatna nyaéta buat dipardukeun ka sakur nu marukalan tegesna ka sakur nubaralég sarta akal jeung sarta nganggo pirang pangucap nu pardu nu sunat jeung nganggo pirang-pirang nyakitu deui ari mimistina solat téh éta takbir lapad Allohu akbar ari panganggeusan nana éta salam nyaéta lapad assalamualaikum sarta nganggo pirang sarat jeung rukun sarta aya cegahan nana jeung aya batalna jeung sarta wajib dilakonan kunu mukalap ari tarakina 58. dina murokobah ieu téh éta kudu getol maca kur’an ari paédahna éta dina haéatilwahdaniat kénéh baé. Pasal ari murokobah pi mabudiyatissirpati téh éta ngintip-ngintip ka Alloh dina baktian nana ku sagala mahluk pangabakti nu ngawengku sarta mulus karana ningali dalil pangandika Alloh wamakholakta jinna walinsa illa liyabuduni tegesna moal nyieun aing ka jin jeung manusa anging dijieun sotéh pojokna sina ari badan karumaula ka aing ari tegesna murokobah pi ma’budiyati sirpati téh éta nu tawajuh ka Alloh ta’ala sarta terang yén salira Alloh 59. nu taya guean mapandékeun téh éta nyaéta kaangungan milik sagala ibadahna sakabéh mahluk téh sarta katut sakabéh mahlukna jeung tajalli deui kana satemena kalawan éta hanteu aya anu kena disembah ku sabenerna kajalan Alloh ta’ala nyalira jeung tajjali deui kana satemeunna kalakuan éta hanteu aya anu keuna di sembah sabenerna ka jalan Alloh ta’ala nyalira jeung tajalli deui kana satemenna ibadah mun hanteu ngawungkul ka Alloh ta’ala éta salah kacida naudubilahi dzalika ari tarakina éta kudu getol maca kur’an jeung dzikir ari paédahna éta kitu kénéh dina haéatilliwahdaniat 60. wallohu ta’ala warosuluhu alam. Pasal ari warna sagala dikir sarua baé dikir tauhid kaya lailahailolohu atawa dzikir sibat jahar tegesna dzikir jalankeun ku létah nyaéta nu dingaranan torikat kodariah kadua dzikir khopi tegesna dzikir nu disampurnakeun dina hate nu hanteu kalawan kedal biwir nyata nudingaranan torikat napsabandi ari asalna nu matak ayadikir jahar éta karana ningali dalil pangandika Alloh summakosut kulubukum kalhijarotu au assadu koswatan tegesna ari batu téh éta teuas remukna ngan ku bedas maka ati mah éta leuwih beudas tibatan batu kitu deui paburantakna pikiran 61. ati éta hésé dikumpulkeun nana anging ku dzikir nyaéta dzikir nu dibeudaskeun ku lisan jeung karana pangandika syéh Ibrohim Makbul irpa’u aswatakum pidzikri ila an tuhsulla jamiati tegesna saurna kudu pada ngabareudaskeun kana dzikir sing datang ka hasilna darajat kumpul abdi jeung gusti malah saur Syéh Sarih Adkiya mah mungguh nu hanteu ujub takabur jeung sakur bangsa éta nyaéta wajib ngabedaskeun nana mungguh nu paburantak pikiran nana sing datang ka langit hijab ari saur Syéh Wahab sa’roni ari alusna mah éta beudas téh éta kudu alon heula karana bisi bedah jeung geus mupakat ulama halap 62. jeung salap éta sadaya pada nyunatkeun berjamaah dzikir di masjid atawa dimana sakur tempat suci ari asalna nu matak aya dzikir hopi éta karana ningali hadis nabi sololohualaihi wasalam khoéru dzikri khokiyu wakhoiru ibadati ahpaha tegesna dauhan nana ari alusna dzikir éta dzikir nu samarkeun dina hate jeung ari pang alusna ibadah éta nu pangsamarna ari pangutamna ceuk hiji hadis éta dzikir jahar. Pasal ari asalna torikat kodariah éta ti kangjeung nabi sollohu alaihi wasalam turun ka saidina 63. Ali bin abi tholib karomallohuwajahu ari torikot napsabandiyah éta ti kanejung nabi turun kasaidina abibakarin rodiallohu anhu ari pang apdolna sareng pang alusna mungguh kisalik tegesna nungajalankeun dzikir éta nyaéta ngamalkeun torikot duanana tegesna dipaké duanana misalna saperti hiji palita delesna dua karana saur para masyaih ari torékat nu dua ieu téh éta minangka sultana torikot. Wallohua’lam. Pasal ari petana asup guru éta mimitina 64. guru nu mursid téh éta maos sakali patihah tuluy maos ayat innaladina yubayinaka innama yubayiunalloha yadullohu paukoaidihim pamanakasa painnama yankusu ala napsihi wamanaupa bima a’hada alaihallohu pasyutihi ajron adiman jeung tuluy maos astagfirullohalazim min kuli danbin adimun waatubu ilaihi tuluy baéat tegesna adepan pada émok pada émok ngéncakeun saperti peta tawajuh nu geus kaliwat nyata anhggangna kira-kira kadéngé pamurukna nu mursid té nu sedeng ngan mungguh pada jinis kaya lalaki atawa pada awéwé 65. éta kana patepung tuurna jeung pada pacekel leungeun katuhu tuluy nu mursid téh éta nalkin tegesna muruk para jangjian sasadu mun ku basa arab kieu lapadna ushidullohu wamalaikatahu waanbiya ahu warosuluhu walhadirina min kholpihi ini ta’ibun illohi ta’ala warosulihi minjami’iddunubi walhatoyaroqibun pi mitsadi awa miri Alloh ta’ala kulliha mujtanibun muharomatihi mujhidun alaatihi muniban ilahimuwadiban alajahmati pukaroi wa masakin bihasabin tokoti wa’anna saidina wakud watana illalohi ta'ala syaihun muhyidina 66. Abdul Kodir Jaélani Syaikhuna pidunya wal’ahiroti wallohuala ma’nakulu wakil amin yusabitullohu illadi amanau bil kauli subiti pil hayatiddunnya walahiroti tuluy alyadu buda syaikhina wakuwadwatina illalohi ta’ala Syaikho Muhyiddina Abdul Kodir jaélani rodiyallohu anhu waladhu ahdukhohi warosulihi sollohualaihi wasalam mun ku basa sunda pokna urang nyaksikeun kaula ka Alloh sareng ka sadaya malikatna sareng 67. kasadaya para nabi sareng kasadaya para utusanana sareng kasadaya nu hadir-hadir sukur mahlukna Alloh kana satemenna kaula éta semet ayeuna téh éta tobat ka Alloh ta’ala sareng ka utusan nana tina sadaya dosa kasalahan sareng semet ayeuna téh dék ngamimitian resep ngalakonan sagala paréntah Alloh sareng moal nyoro sagala larangan Alloh tegesna d’ek mimiti cepet bener babakti ka Alloh sareng bari madep ka Alloh sareng bari madep ka Alloh jeung bari ngadepan tulung kana ngaladénan sadaya pakir sareng miskin-miskin sakuat-kuat kaula sareng nyaksikeun deui kaula kana 68. saistuna juragan sareng pandutan kaula kana babakti ka Alloh téh éta jenengan Syéh Muhyiddina Abdul Kodir jaélani guru kaula dunya akhérat sareng ari Alloh ta’ala kana sadaya para unjukanana kaula téh éta nu dipasrahan amin muga-muga neuteupkeun Alloh ta’ala ka sadaya jalma nu pada ngimankeun ka Alloh ku ngucap anu tetep dunya jeung di akhérat tuluy muru ari ieu panangan éta minangka panangan Syéh Muhyiddin Abdul Kodir Jaélani jeung ari ieu para jangji yén éta minangka para jangjian 69. nana Alloh ta’ala jeung minagka para jangjian utusan nana jenengan nabi Muhammad sollohu alaihi wasalam tuluy muru bismillahirohmanirohim alhamdulillahi wasolatu wassalamu ala habibil aliyilladim saidina muhammadil hadiilassirotimustakim sakali jeung tuluy muru bismilahirohmanirohim astagpirullohulpaguwurrohim Allohuma solli ala muhammadin wa’alihi wasalami sakali tuluy pada peureum guru jeung murid tuluy muru dzikir tauhid laillhaillohu tili balikan pukulan nana 70. turut sakumaha nu geus diatur dina rakam latifah nu tujuh ari sejana dina hate keur waktu dzikir tauhid éta hanteu aya nu dimaksud dunya ahérat ngan Alloh ta’ala tuluy murid maca tilu kali deui ari aturan nana sakumaha aturan guru nu mursid baé tuluy dina panganggeusan nana téh muru Saidina Muhammad rosullosollohualaihi wasalam ciri sejana dina hate keur waktu maca éta ari juragan urang dunya ahérat téh éta kanjeng Nabi Muhammad nu jadi utusan nana Alloh tuluy muru Allaihiwa soli ala muhammadin 71. wa ala ali muhammadin solatana tunajina biha min jamiil ahwali wal apati watakdi lana biha min jamil hajati watutohiruna biha min jamiisaiati watarpauna biha aladdarojati watubaliguna biha aksolkoyati min jamiil khoiroti pil hayati waba’da mamati inalladina yubayiunaka inamma yubayiunalloha yadullohu paukoaédihim pamanakasa painama yankusu ala napsihi waman aupa bima ahada alaihallohu pasayutihi ajron adiban tuluy maca patuhah guru jeung murid sanggakeun ka kanjeung rosullohi sollohu alaihi wasalam jeung kakulawargana jeung ka para sohabatna jeung kas adaya para aulia jeung kapara 72. ulama jeung kapara solihina khususna ka Sy’eh muhyidina Abdul Kodir Jaélani jeung ka Syéh Junédi bagdadiyi jeung ka roh ibu raman urang kieu nyanggakeun ilahadoroti roh nabiyi mustapa sollohu alaihi wasalam alpatihah wailarowahi alihi wasohabatihi walauliyai wasalamai wasolihina waahli sasilati alkodariyati waaksabandiyah ainama kanu min manasyariki ari wama pari biha waruhisulkanu auliya Syéh Muhyiddina Abdul Kodir Jaélaniyi wasyaihi Junaédi bagdadiyi warruhihima ababi walummahati walihwati walahawati alpatihah satamatna tuluy maca naon waé sakahayang 73. Allohuma innaka talamusyiri wa ala nabiyi pakbal madiroti wata’lamun hajati paatini suali wata’lamun ma indi pagpirli dunubi Allohuma ini as aluka imanan daiman yunasyru kolbi sodikon hata a’lamu annahu layusibani il’la mak’ataba liwarido bima kodoitahu alaya Allohuma inaka kultadunistajiblakum wa’anta latuhlipul miadi wainna as’aluka kama hadaitani lil’islami tanjiahu minni hatta tanawapani wa ana muslimin ilahi anta maksudi waridoka matlubi pa atini mahabbataka wama’ripataka 74. geus kitu tuluy muru dzikir sibat nyaéta nu lapad Allohu alloh téa bari ditawajuhan ari mimiti muru éta dina latipah kolbi ari lobana éta kira-kira neupi kana kuat jeung syidah baé tegesna kana usik mayeg dimana geus kuat tuluy rangkep jeung latipah roh tuluy rangkep jeung latipah sir tuluy rangkep jeung latipah khopi tuluy rangkep jeung latipah ahgo tuluy rangkep jeung latipah napsi tuluy rangkep jeung latipah kolab tuluy tawajuh kana murokobah nu dua puluh papay hiji mimiti tina murokobah ahadiyat neupi kana murokobah ma’budiyatisirrpati ari petana tawajuh éta sakumaha baréto baé dina pasalna nu geus kaliwat wallohu warosulahu a’lamu bissuwab.

80. ada tulisan 81. bekas dipotong 82. bekas dipotong 83. bekas dipotong 84. bekas dipotong