Panokoh babad banten

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


BABAD BANTEN

Banten kiwari mangrupa ngaran hiji propinsi di Indonésia nu ayana di pulo Jawa. Propinsi ieu tadina mah mangrupa bagian ti propinsi Jawa Barat, nu dumasar aspirasi masarakat dimekarkeun jadi propinsi mandiri taun 2000. Wilayah Banten ngawengku daérah-daérah nu baheulana mangrupa bagian ti wilayah Kasultanan Banten tanpa Lampung jeung Bengkulu, nyaéta Sérang, Lebak, Pandéglang, Cilegon, jeung Tangerang. Puseur dayeuhna di Serang. • Sajarah Di wewengkon Banten baheula kungsi ngadeg hiji kasultanan dina abad ka-16, diancurkeun ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda abad ka-18. Propinsi Banten dibentuk taun 2000. Banten dina abad ka 5 mangrupa bagian ti Karajaan Tarumanagara. Prasasti titilar Karajaan Tarumanagara nyaéta Prasasti Cidanghiang atawa prasasti Lebak, anu kapanggih di kampung lebak di sisi walungan Cidanghiang, kacamatan Munjul kabupatén Pandeglang. Prasasti ieu kakara kapanggih taun 1947 sarta eusina 2 jajar kalimah ngawangun puisi jeung hurup Pallawa sarta basa Sansekerta. Eusi prasasti kasebut nyaritakeun wawanen raja Purnawarman. Sanggeus runtagna karajaan Tarumanagara alatan serangan karajaan Sriwijaya, kakawasaan di bagian kulon Pulo Jawa ti Tungtung Kulon nepi ka Kali Ciserayu dituluykeun ku Karajaan Sunda. Dina jaman Karajaan Sunda, Banten jadi salah sahiji palabuan penting Karajaan Sunda. Nurutkeun sumber Portugis, Banten nyaéta salah sahiji palabuan Karajaan Sunda salian ti palabuan Pontang, Cigedé, Tamgara (Tangerang), Sunda Kalapa sarta Cimanuk. Nurutkeun naskah Bujangga Manik anu diukir dina daun lontar anu ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris, saprak taun 1627, Banten disebut wahanten girang. Saterusna Islam asup ka wewengkon Banten dina abad 16 nyaéta waktu Kasultanan Demak ngalegakeun pangaruhna ka wewengkon kulon. Dina taun 1524/1525, Sunan Gunung Jati ti Cirebon babarengan jeung pasukan Demak naklukkeun pangawasa palabuan Banten, sarta ngadegkeun Kasultanan Banten anu ngabalad ka Demak. Banten saterusna asup jadi bagian provinsi Jawa Barat dina taun 1925 sabot Pamaréntah Hindia Walanda nyieun Provinsi Jawa Barat. Dibentukna propinsi éta minangka palaksanaan Bestuurshervormingwet taun 1922, anu ngabagi Hindia Walanda jadi sababaraha provinsi. Saméméh taun 1925, dipaké istilah Soendalanden (Tatar Soenda) atawa Pasoendan, minangka istilah géografi pikeun nyebutkeun bagian ti Pulo Jawa di palebah kulon Walungan Cilosari sarta Citanduy anu lolobana dicicingan ku anu ngagunakeun basa Sunda minangka basa indung. Pamaréntahan Provinsi Banten dijieun dina taun 2000.

Basa Bangsa asli anu hirup di propinsi Banten ngomong ngagunakeun bahasa Sunda Buhun. Bahasa Sunda Buhun kasebut digolongkeun minangka basa kasar dina basa Sunda modérn, anu mibanda sababaraha tingkatan ti tingkat lemes nepi ka tingkat kasar atawa loma, anu mimiti ngawujud dina mangsa kasultanan Mataram ngawasa Parahiangan (bagian wetan ngidul propinsi Jawa Barat). Sanajan kitu, di Serang sarta Cilegon, basa Banyumasan dipaké ku etnik pendatang ti Jawa. Sedengkeun, di bagian kalér dayeuh Tangerang, basa Indonésia dialek Betawi ogé dipaké ku pendatang etnis Betawi. Sajaba basa Sunda, basa Jawa jeung basa Betawi, basa Indonésia ogé dipaké utamana ku pendatang ti bagian séjén Indonésia.