Prabu Kéansantang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

GOOD MORNING.


Prabu Kéansantang atawa Radén Sangara atawa Syéh Sunan Rohmat Suci, nyaéta putra Prabu Siliwangi atawa Sri Baduga Maharaja Raja Pakuan Pajajaran jeung Nyi Subang Larang, anu dinikahkeun ku Syékh Quro Karawang. Ti Nyi Subang Larang, Prabu Siliwangi boga anak tilu nyaéta Walangsungsang (Pangeran Cakrabuana), Rara Santang (indungna Sunan Gunung Jati) jeung Prabu Kéansantang.

Dongéng Prabu Kéansantang[édit | édit sumber]

Prabu Kéansantang nyaéta hiji tokoh légéndaris nu di anggap ngaislamkeun urang Sunda. Anjeunna téh putra Prabu Siliwangi, ti Karajaan Pajajaran anu sakti mantraguna. Euweuh saurang gé, anu bisa ngéléhkeun kasaktianana. Kaasup ramana, Prabu siliwangi.

Dina hiji poé prabu kéan santang téh hayang bisa ningali getihna sorangan. Ku lantaran sakti téa, manéhna teu bisa ngaluarkn getih tina awakna sorangan. Sabab taya hiji ogé anu bisa ngaraheutan dirina.

Ku lantaran kitu, prabu kéan santang ngadatangan hiji Wiku. Ceuk éta Wiku, prabu kéan santang kudu indit ka Mekah, nepungan Bagénda Ali.

Ku keyeng mah, prabu kéan santang indit ka Mekah,nu maksudna salian ti rék nepungan Bagénda Ali téh, manéhna ogé hayang guguru deuih. Di Mekah téh prabu kéan santang hésé piran hayang patepung jeung Bagénda Ali. Ku sebab Bagénda Ali teu bisa sagawayah narima sémah, upama euweuh perjangjian heula mah. Nya tepung wé jeung Bagénda Ali. Sabada tepung prabu kéan santang ngarasa bungah nu taya papadana. Ningali Bagénda Ali téh asa ajrih kacida.

Prabu kéan santang nepikeun maksudna,nyaéta hayang guguru ka Bagénda Ali. Teu bisa kitu waé, Bagenda Ali téh nyanggupan. Komo kapan agama nu di anu ku kéan santang mah lain islam. " Héy ki silah, saha ngaran andika?" ceuk Bagenda Ali. "Sim kuring téh teh prabu warta mah kéan santang,ti nagara pajajaran. Gaduh maksad bade guguru ka dampal salira. Kumaha kahoyong sim kuring naha bakal di tampi, Bagénda?" tanya prabu Kéan santang. "Bisa andika jadi murid kaula. Ngan aya saratna. Ari saratna mah gampang kacida. Andika kudu asup kana agama kaula. Kumaha andika sanggup?" ceuk Bagénda Ali bari neuteup kana raray prabu kéan Santang. Teu mikir panjang dua kali, ku lantaran keukeuh dina haténa hayang jadi muridna Bagénda Ali. Atuh sagala sarat kumanéhna di tarima. Ayeuna mah kéan santang geus nambahan kasaktianana. Ku sabab lian ti sakti téh, ngawasa ngeunaan bag-bagan kaislaman ogé, geus kacangkem. Guguruna geus réngsé. Malah menang pancén husur ti Kanjeng Rosul. Ari pancéna nyaéta kudu nyebarkeun agama islam sarta ngislamkeun jalma-jalma di Tanah Jawa. Ku prabu kéan santang di sanggupan. Ceuk dina haténa, "moal hésé ngislamkeun jalma-jalma di Tanah jawa mah, kapan kuring anak Raja Pajajaran. Atuh méméh rahayat pajajaran asup isla, nya kulawarga karajaan heula anu kudu nganut theula". "Kumaha kéan santang,naha andika sanggup ngislamkeun jalma-jalma di Tanah Jawa?" tanya kanjeng Rosul. "Insyaalloh,kanjeun, miwah Bagénda Ali. Sim kuring ayeuna neda widi bade mulang deui ka Pajajaran. Atuh sim kuring gé jangji, baris ngaislamkeun jalmi-jalmi di Tanah Jawa. Hal ieu téh badé di kawitan ti kulawarga karajaan heula. Sim kuring neda pidu'ana, mudah mudahan rahayat katv kulawarga di karaton ngaragem Agama Islam",ceuk Prabu Kéan Santang.

 "Jig ayeunah manéh mulang heula ka Pajajaran. Islamkeun jalma-jalma di Tanah Jawa. Tapi omat teu meunang ngagunakeun kakerasan. Ku cara anu lemah lembut wé. Kade anjeun teu meunang maksa mirusa jalma anu embung asup Islam. Tah sagala caritaan kaula téh kudu anjeun tengetkeun", ceuk Bagénda Ali ka Prabu Kéan Santang. 

Teu kacaritakeun di jalana. Ayeuna Prabu Kéan Santang geus aya deui di nagara Pajajaran. Mimitina mah teu némbongkeun diri, yén manéhna geus asup Islam. Dina hiji poé, Prabu Kéan Santang ngadantangan ramana di karaton. Ngarasa héran ogé ayeuna mah ningali parobahan anu aya dina diri Prabu Kéan Santang. "Radén ditingali-tingali ku Ama, loba pisan parobahan anu aya dina diri hidep ayeuna. Cik sugan hidep bisa ngadongéngkeunana ka Ama. Sabab sabalik ti Mekah, cenah ayeuna mah hidep téh geus ngagem Agama Islam. Naha bener étatéh anaking?" tanya Prabu Siliwangi. "Ama hatur nuhun pisan tuang putra gasik ditaros. Leres pisan éta cariosan téh. Tuang putra ayeuna mah tos ngagem agama Islam. Margi tos maca dua kalimah sahadat, sareng ngajalankeun sagala hak sinareng kawajiban anu aya dina Agama irlam. Misalna waé, kiwari tuang putra téh tos macakeun 2 kalimah sahadat,ngajalankeun solat nu lima waktu,jakat,solat sareng puasa. Malih kamari mah di Mekah, tuang putra téh tos ngajalankeun ibadah haji sagala, di sarengan ku Bagénda Ali, kuitu tah ama ayeunamah tuang putra téh", jawab Prabu Kéan Santang nu di barengan ku sikep teuneung leudeung, taya saeutik gé ngagambarkeun rasa kasieun jeung kahariwang.

Gebeg téh manah Prabu siliwangi ngagebeg, reuwas kacida. Gening gamcran wiku téh bener. Anak pituin, pasti bakal maksa nitah asup kana agamana. Tapi éta kahariwang téh teu di tembongkeun ka anakna. Tuluy Prabu Siliwangi nanya deui ka anakna.