Lompat ke isi

Prasasti Muara Cianten

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Prasasti Muara Cianten

Prasasti Muara Cianten di sisi walungan
Bahan Batu alam (Andésit)
Jaman Abad ka-5 nepi ka ka-6 Maséhi
Karajaan Tarumanagara
Aksara Aksara Ikal (Sangkha)
Lokasi Muara Cianten, Ciampea, Kabupatén Bogor
Ukuran 270 x 140 x 140 cm
Prasasti Muara Cianten di sisi Cisadané

Prasasti Muara Cianten atawa Prasasti Pasir Muara nyaéta salah sahiji prasasti titilar karajaan Tarumanagara

Perenah

[édit | édit sumber]

Prasasti Muara Cianten perenahna di sisi(walungan) Cisadané deukeut Muara Cianten nu baheula dipikawanoh kalawan sebutan prasasti Pasir Muara (Pasiran Muara) alatan memang asup ka wewengkon kampung Pasirmuara.

Rupa bahan

[édit | édit sumber]

Prasasti Muara Cianten dipahat dina batu alam nu badag kalayan ukuran 2.70 x 1.40 x 140 m3. Titilar sajarah ieu disebut prasasti alatan memang aya guratan sanajan mangrupa pahatan gambar sulur-suluran (pilin) atawa tamiang anu kaluar tina beuti.

Ciri Has

[édit | édit sumber]

Ieu prasasti téh dipahat dina batu andésit anu kacida badagna. Nu ngabédakeun ieu prasasti jeung prasasti Tarumanagara séjénna nyaéta:

  • Pahatanna mangrupa Aksara Ikal atawa aksara lempuyang (conch-shell script) anu can bisa dibaca sacara tuntas nepi ka ayeuna.
  • Aya ogé gambaran saperti sulur tutuwuhan atawa pilin.
  • Perenahna masih aya di tempat aslina (in situ), nyaéta di sisi walungan Cianten.[1]
Rupa sulur-suluran dina prasasti

Panimuan

[édit | édit sumber]

Prasasti ieu munggaran kapanggih ku N.W.Hoepermans dina taun 1864.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Richadiana Kartakusuma (1991), Anekaragam Bahasa Prasastidi Jawa Kulon Pada Abad Ke-5 Masehi sampai Ke-16 Masehi: Suatu Kajian Tentang Munculnya Bahasa Sunda. Tesis (nu diajéngkeun salaku sarat pikeun meunangkeun gelar Magister dina widang Arkéologi). Fakultas Pasca Sarjana Universitas Indonésia.
  2. H.P.Hoepermans “Hindoe-oudheden va Java (1864)” ROD 1913:74
  3. J.F.G.Brumund “Bijdragen tot de kennis va het Hindoeisme op Java” VBG.XXXIII 1868:63-64
  4. H. Kern “Eenige Oude Sanskrit-opschrifte n van ‘t Maleische-schiereil and” VMKAWL 3(1).1884:9
  5. N.J.Krom “Inventaris der Hindoe-oudheden” ROD. 1914, l915:28-29 (dina jero katérangan atawa cutatan nomer 59)
  6. P.J.Veth, Java II. 1878:46
  7. R.D.M.Verbeek “Oudheden van Java” VBG. XLVI. 1891:30-31.
  8. Bambang Soemadio (et.al. editor) Sejarah Nasional Indonésia II, Jaman Kuna. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan l975:39-40; l984:40
  1. Munoz, Paul Michel. (2006). Early Kingdoms of the Indonesian Archipelago and the Malay Peninsula. Singapore: Editions Didier Millet.