Seni Bebegig
Seni Bebegig nyaéta penjaga alam sakuliring. Bebegig téh mimiti kasohorna di palihan Kaler Desa Sukamantri, nyaéta Tawang Gantung, ti bukit anu sok dianggap keramat ku masyarakat. Lembur ie dianggap ku masyarakat satempat dipercaya tilas karajaan anu di piboga ku Prabu Sampulur anu kasohor sakti jeung pinter. anu ngadogaan luas kira-kira 3,5 ha, jeung luhurna 950 M DPL jeung kaasup leweng kalu lain (HAKL). Lembur kawas nu di luhur mah moal kapanggih di lembur batur, di handap aya lereng terjal anu disebut ku masyarakat dengan nama Panggeleseran. Di handap Penggelesaran aya walungan anu cainateh meni jernih ti cai nu aya di daerah eta.[1]
Prabu Sampulur nyaéta jalma anu berkuasa di daerah Tawang Gantungan, anu dikenal sakti jeung pinter. Tah ku kapinteranna manéhna jang nyingsieunan jalema nu boga niat jahat ka karajaan, di jieun we topeng tina kulit kai anu di bentuk jiga beungeut anu pikasieuneun. rambutna téh dijienna tina injuk kawung anu ges mirip pisa jeung rambut anu dilekapan ku atribut mahkota anu dijienna tina kembang bubuay jeung daun waregu anu ges disusun rapih di luhuren hulu topengna, ditambah dei hihias kembang hahapaan jeung daun pipicisan. Atribut éta asalna tina tatangkalan liar anu tumuwuh subur didaerah Tawang Gantung, nyaéta anu bisa dipasang dina topeng, padahalmah aya artibut anu boga harti jeung filosofi kehidupan anu jero pisan. Kasohor ku rakyat pami aya nu niat goreng téh ku kasaktian prabu pas ninggal éta topeng téh ku jiga mahluk anu gedé jeun jangkung heg pikasieuneun.[1]
Prabu Sampilur sok terus masihan daun Waregu Pancawarna jeung Kembang Bubuy. Duan Wargu Pancawarna lain berarti setiap daunna warna warni, daun waregu puncawarna bisa bisebut simbol kabungahan. Sedangken bunga anu kalur tina tatangkalam sejenina nyaéta rotamn anu disebut bubuay téh aya filosofi kehidupanna anu pengaruh pisan kana kahirupan, ani ditingali tina bentuk kembang anu ges disusun rapih, annu simbolna runtut raut, sauyuna, sislih asih,silih asah,silih asuh. salajengnna topeng-topeng kulit kai anu dijien ku Prabu Sampulur diterapken dina tatangkalan badag anu aya di daerah Tawang Gantungan, sakingku saktina saha waé jalma anu arek niat goreng, lamun nempo éta tatanggalan badag pasti katempona siga makhluk badak,hideng jeung pika sienen. Bebegig dijien aya gunana jeung éta bebegig engges jadi salah satu budaya anu aya di sunda.[1]
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ a b c irvansetiawan. "Bebegig Sukamantri". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2019-05-23. Archived 2020-07-12 di Wayback Machine