Sulaiman Ar-Rasuli
| Sulaiman ar-Rasuli سليمان الرسولي | |
|---|---|
| Ketua Mahkamah Syariyah Sumatera Tengah | |
| Masa jabatan 1947–1958 | |
| Gubernur | Mohammad Nasroen Sutan Mohammad Rasjid Ruslan Muljohardjo Ahmad Husein |
| Saméméhna | Tidak ada, jabatan baru |
| Sanggeusna | Mansur Dt. Nagari Basa |
| Ketua PMTI | |
| Masa jabatan 1928–1930 | |
| Saméméhna | Tidak ada, jabatan baru |
| Sanggeusna | Sulthani Dt. Rajo Dubalang |
| Madrasah Tarbiyah Islamiyah Canduang#Pengasuh|Pengasuh MTI Candung ka-ke-1 | |
| Masa jabatan 1928–1965 | |
| Saméméhna | Tidak ada, jabatan baru |
| Sanggeusna | Bahruddin ar-Rasuli |
| Katerangan lian | |
| Gumelar | 10 Desémber 1871 Candung, Hindia Belanda |
| Pupus | 1 Agustus 1970 (yuswa 98) Candung, Indonesia |
| Pasaréan | MTI Candung |
Sulaiman Ar-Rasuli anu ogé dipikawanoh salaku Inyiak Canduang (10 Desember 1871 – 1 Agustus 1970) nyaéta saurang ulama Minangkabau anu ngadegkeun Persatuan Tarbiyah Islamiyah (Perti) jeung Madrasah Tarbiyah Islamiyah (MTI) Canduang. Anjeunna dianggap salaku tokoh anu nyebarkeun gagasan keterpaduan adat Minangkabau jeung syariat ngaliwatan ungkapan Adaik basandi syarak, syarak basandi Kitabullah.
Kahirupan
[édit | édit sumber]Pangatikan
[édit | édit sumber]Sulaiman lahir di Candung tanggal 10 Désémber 1871 tina pasangan Muhammad Rasul Tuanku Mudo jeung Siti Buliah. Anjeuna meunang pendidikan agama anu kahiji ti bapana anu mangrupakeun guru agama di Surau Tangah. Aki Sulaiman ti pihak bapana, Tuanku Nan Paik, ogé mangrupakeun ulama di Candung.
Dina taun 1881, anjeuna diajar al-Qur'an ka Syékh Abdurrahman jeung Syékh Muhammad Arsyad di Batuhampar. Dua taun saterusna, anjeuna ngarantau ka Biaro pikeun diajar basa Arab ka Syekh Abdussamad Tuanku Samiak. Waktu Tuanku Samiak teu ngajar sabab indit haji, Sulaiman ngajarkeun ka Syékh Muhammad Ali Tuanku Kolok, Syékh Muhammad Salim Sungai Dareh, jeung Syékh Abdussalam Banuhampu. Dina taun 1890, anjeuna diajar fikih, usul fikih, tafsir al-Qur'an, tauhid, jeung sajabana ka Syékh Abdullah di Halaban, tuluy ngajar di surau guruna ti taun 1896.
Dina taun 1902, Sulaiman balik ka Canduang pikeun ngajar di ditu nepi ka angkat haji dina taun 1903. Di Mekah, manéhna diajar ka sababaraha ulama di ditu salila opat taun. Sababaraha ulama anu jadi guru Sulaiman di antarana Syékh Ahmad Khatib al-Minankabawi, Syékh Mukhtar Atarid al-Bughuri, Syékh Umar Bajunaid al-Hadrami, Syékh Ahmad Syata al-Makki, Syékh Ali al-Kalantani, Syékh Usman as-Sarawaqi, Syékh Said al-Yamani, jeung Syékh Ahmad al-Fatani.
Saenggeus nyorang ilmu di Mekah, Syékh Sulaiman balik deui ka Minangkabau tuluy muka halaqah di Surau Baru, Candung dina taun 1908. Dina taun 1923, anejuna balik deui ka Batuhampar pikeun bersuluk di handapeun bimbingan Syékh Muhammad Arsyad. Ti Syékh Arsyad, Syékh Sulaiman meunang ijazah mursyid Naqsyabandiyah.