Sutan Sjahrir

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sutan Sjahrir salaku perdana menteri Indonesia ka hiji. Jadi perdana menteri Indonesia taun 1945-1947. Salah sahiji intéléktual, politis, jeung revolusionér[1]. Sjahrir jadi politikus jeung perdana menteri mimiti di Indonesia sabada Indonesia merdéka. Ditetepkeun salaku salah sahiji pahlawan nasional Indonesia kaping 9 april 1966.

Riwayat Atikan[édit | édit sumber]

Sutan Sjahrir wedal di Padang Panjang, Sumatera Barat 5 Maret 1909, Wafat 9 April 1966 (yuswa 57) Swiss[2]. Dianggap salaku Intéléktual sabab leuwih mentingkeun kapentingan balaréa daripada kapentingan politik. Sjahrir di sakolakeun di SD Europeesche Lagere School (ELS) basa Walanda bisa asup ka sakola basa Walanda lantaran ramana ambtenaar Hindia Belanda[1] . Sutan Sjahrir ngaréngsékeun atikan di MULO (Meer Uitgebreid Lager Onderwijs) atawa satata jeung SMP. Sakola di SMP alus di Medan nganteurkeun Sutan Sjahrir kana buku-buku jeung novel Walanda. Taun 1926 asup sakola di (AMS) Bandung. Di AMS anjeunna lebet Himpunan Téater Mahasiswa Indonesia (Batovis) salaku sutradara, panulis skenario, ogé salaku aktor. Sjahrir jadi pinunjul di sakola sabab aktif di klub debat. Sjahrir lain siswa nu sibuk ku buku-buku hungkul tapi aktif ogé di kagiatan sakola. Sjahrir dipikawanoh ku kalangan politisi Bandung salaku pupuhu rédaksi majalah Himpunan Pemuda Nasionalis.

Atikan Sjahrir laju ka nagri Walanda di Fakultas Hukum, Universitas Amsterdam. Sjahrir leuwih neuleuman sosialisme. Neuleuman téori-téori sosialisme sacara soson-soson. Sjahrir jeung Mohammad Hatta pernah eureun sakola lantaran ninggali pergerakan di Indonesia turun. Taun 1931 sabada lulus di Amsterdam Sjahrir balik ka Indonesia gabung dina organisasi Pendidikan Nasional Indonesia (PNI anyar). Jumlah anggotana teu leuwih ti sarebu jalma. Waktu harita Sjahrir yuswana 23 taun, aktip nyumbangkeun tulisana ka majalah sastra budaya Poedjangga Baroe, pimpinan Sutan Takdir Alisjahbana nalika kajadian polémik kabudayaan dina kaca majalah.

Anti Jepang[édit | édit sumber]

Sutan Sjahrir jalma nu wani ngalawan Jepang, anti Jepang, mangrupa pamingpin jero taneuh di jaman Jepang ku kawani na anjeunna ngadangukeun siaran radio Jepang. Dipahing ngadangukeun siaran radio sabab taruhana nyawa tapi Sjahrir nyimpen radio dina lomari di kamarna pikeun nungguan warta anyar ngeunaan kamerdékaan Indonesia[3].

Pancakaki[édit | édit sumber]

Ramana Sutan Sjahrir Mohammad Rasad gumelar Maharadja Soetan, ti kota Gadang. Salaku Jaksa Kepala Landraad, Pengadilan Negeri. Ibu na Poetri Siti Rabiah ti Natal daérah Pantai, kulawargana raja-raja lokal swapraja. Ramana Sjahrir pegawé jaman Hindia Belanda ilaharna miboga istri leuwih ti hiji. Kiam ti kota Gadang istri kahiji ramana Sjahrir, ti istri kahiji miboga budak awéwé nyaéta Siti Rohana Kudus anu kasohor salaku wartawan awéwé mimiti di Sumatra meunangkeun tanda jasa ti pamaréntah Provinsi Sumatera Barat. Ti istri nu séjénna aya Djohan Sjahroezah, minantu H. Agus Salim, girang serat pamarentah Provinsi Sumatera Barat.

Peran Sutan Sjahrir dina Kamerdékaan Indonesia[édit | édit sumber]

Asupna Sjahrir ka kelompok nasionalis Golongan Merdéka méré rojongan jeung Hatta. Sjahrir ngagantikeun Soekemi salaku pupuhu PNI-anyar dina taun 1932 saterusna di serahkeun éta pimpinan ka Hatta sanggeus Hatta ka Indonesia. Dina masa pendudukan Jepang Soekarno jeung Hatta gawé bareng jeung Jepang sedengkeun Sjahrir yakin yén Jepang moal meunangkeun ieu peperangan. Kukituna Sjahrir nyieun gerakan di jero taneuh pikeun ngarebut kamerdekaan dina waktuna. Anggota di gerakan ieu nyaéta anggota PNI-anyar anu tetep neruskeun pergerakan ogé mahasiswa progrésif. Ahirna dina kaping 14 Agustus 1945, Sjahrir maksa Hatta yén kamerdekaan téh kudu gancang dilaksanakeun sabab Jepang geus nyerah jeung warta ngeunaan Jepang nyerah teh geus nyebar. Hatta teu yakin ka saran ti Sjahrir, ahirna Hatta mawa Sjahrir ka Soekarno pikeun madungdengkeun ieu pasualan. Soekarno tetep bakal nungguan hasil kaputusan ngeunaan kamerdékaan ti Panitia Persiapan Kemerdékaan Indonesia (PPKI) anu bakal ngalaksanakeun sidangna di kaping 18 Agustus 1945[4].

Peutingna 16 Agustus 1945 Soekarno jeung Hatta di culik ku golongan pamuda dibawa ka Réngasdengklok. Nyawalakeun ngeunaan kamerdékaan ahirna nyiapkeun naskah proklamasi kamerdékaan Indonesia. Titik pentingna perjalanan politik Sjahrir téh aya di proklamasi kamerdékaan Indonesia. Ditarima jadi anggota di Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP) kaping 25 Oktober 1945.[4]

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b Anwar, Rosihan (2011). Sutan Sjahrir: negarawan humanis, demokrat sejati yang mendahului zamannya (dalam Indonesian). Penerbit Buku Kompas. ISBN 978-979-709-569-7. 
  2. (dalam bahasa id) Sutan Sjahrir. 2024-03-26. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Sutan_Sjahrir&oldid=25478610. 
  3. Fundrika, Bimo. "Profil Sutan Sjahrir, Perdana Menteri Pertama Indonesia yang Disandingkan Dengan Gibran Rakabuming". Suara.com. Suara.com. Diakses tanggal 31 Maret 2024. 
  4. a b "Sutan Sjahrir - Ensiklopedia". esi.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2024-03-31.