Ta'awudz

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ta'awudz

Ta'awudz, ta'udz atawa isti'adzah[1] mangrupa kalimah nu dimaksudkeun pikeun masrahkeun diri ka Gusti Allah tina sagalaning gogoda sétan nu dikutuk. Ieu ta'udz téh hiji wawakil nu perlu diucapkeun saméméh bismillah ilaharna mah. Ari perkara macakeunana mah boh tarik (jahr, kadéngé) boh laun (sir) teu aya aturanna, ieu minangka du'a nu dibacakeun di awal kagiatan, utamana mah saméméh maca Qur'an.[2]

Wangenan[édit | édit sumber]

  • (أعوذ بالله من الشيطان الرجيم)
  • (أعوذ بالله السميع العليم من الشيطان الرجيم)

Harti[édit | édit sumber]

Hartina nyaéta (kawula mundut panangtayungan Gusti Allah tina gogoda Iblis nu dikutuk), nyaéta masrahkeun diri ka Gusti jeung mundut sangkan disingkahkeun tina godaan sétan ka manusa.

Hukum[édit | édit sumber]

Dipiharep pisan mun mimiti muka atawa maca Al-Qur'an téh ngucapkeun heula ta'udz, luyu jeung surat An-Nahl ayat 98:[3]

فإذا قرأت القرآن فاستعذ بالله من الشيطان الرجيم

"Mun manéh maca Al-Qur'an, pék ménta pangraksa ka Allah tina (gogoda) sétan nu dikutuk".

Larapan[édit | édit sumber]

Dina panglawungan resmi jeung déwan élmu, yén nalika ngamimitian maca Qur'an kalawan bajama'ah dina hiji pakumpulan, ieu ta'udz téh mangrupa du'a. Jeung para élmuwan geus sapuk yén ta'udz téh teu kaasup kana ayat al-Quran.

Jeung deuih aya vérsi lian nu ditetepkeun:  أعوذ بالله السميع العليم من الشيطان الرجيم

"Abdi mundut pangraksa Gusti nu Maha Ngarungu, Nu Mikaterang tina (gogoda) sétan nu dikutuk"

Macakeunna[édit | édit sumber]

Jahr[édit | édit sumber]

  1. Mun macakeunna kalawan tarik (jahr) biasana mah dina solat, sangkan kadéngé ku balaréa. Lantaran bacaan solat mah mangrupa prak-prakan nu kauger ku aturan nu tangtu, bacaan ta'udz kadéngéeun ku para ma'mum ieu kaasup ta'udz mangrupa du'a. Mun macana disamunikeun, ma'mum moal ngadéngéeun ta'udz nu geus dibacakeun, ieu bacaan ta'udz teu kaasup mangrupa bacaan solat. Kitu bédana makna maca ta'udz di luar du'a jeung di jero du'a. Ieu mah pilihan dina nywarakeunna ta'udzna, da keukeuh ma'mum gé tetep geus macakeun takbirotul ihrom dina mimiti solat, nu kaasup kana du'a ogé.[4]
  2. Dibacakeun mangsa nungtun ngaji para jama'ah dina kagiatan ngawuruk pangajian.[5]

Sir[édit | édit sumber]

  1. Macakeunna disamunikeun (na jero haté).
  2. Mun macakeunna keur soranganeun, biasana mah sok disamunikeun atawa dilaunkeun.
  3. Mun dina pangajian tapi lain jadi nu nungtunna.
  4. Mun keur solat, mangrupa imam nu ilaharna macakeun ta'udzna di-sir-keun na jero haté, atawa ogé mun keur solat sorangan.[6]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. البهنسي، عفيف (1995 م). معجم مصطلحات الخط العربي والخطاطين (الطبعة الأولى). بيروت: مكتبة لبنان ناشرون. صفحة 22
  2. قابل نصر، عطية (1992). غاية المريد في علم التجويد (الطبعة السابعة). مصر: دار التقوى للنشر والتوزيع. ISBN 9770033650
  3. مكي نصر، محمد (1930). نهاية القول المفيد في علم التجويد. مصر: مصطفى البابي الحلبي وأولاده بمصر. صفحات 219–220
  4. النشر 253/1
  5. كتاب المنير في أحكام التجويد
  6. النشر 254/1