Topeng cirebon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Topeng Cirebon

Topéng Cirebon nyaéta kasenian pintonan anu asalna ti wewengkon Cirebon, Jawa Kulon. Di jero ieu kasenian téh kawengku aspék seni rupa, jeung musik, jeung seni gerak. Dina sakabéh perbendaharaan seni pagelaran Jawa Kulon, pagelaran topéng kaasup nu pangdinamisna jeung canggih.[1] Aya dua bentuk pintonan.[1] Anu kahiji nyaéta Wayang Topéng nu mintonkeun pagelaran drama panjang jeung dialog diucapkeun atawa ditembangkeun ku dalang.[1] Di Jenis kadua nyaéta Topéng Babakan, mintonkeun sarangkaian tari tunggal, anu masing-masing ngagambarkeun tokoh nu tangtu.[1]

Wayang Topéng[édit | édit sumber]

Drama-tari has Cirebon. Wayang topéng ogé dikenal ku ngaran wayang wong jeung wayang dalang (carita dibawakeun ku dalang), mintonkeun 20 nepi ka 30 tokoh topéng nu dipirig ku gamelan lengkep dina laras saléndro nu nadana lima. Pagelaran wayang ieu bisa lumangsung sapopoé jeung ngabutuhkeun penari nu loba, nayaga, jeung pangrajin nu parigel. Pagelaran ieu kacida mahalna, nepi ka ayeuna jarang aya nu nganggap. Sabalikna, topeng babakan mah masih kapanggih di pilemburan wilayah budaya Cirebon.

Topéng Babakan jeung Tokohna[édit | édit sumber]

Topéng babakan mangrupa sarangkaian tari. Dina unggal babak nu bisa lumangsung nepi ka sajam, ngan tokoh utama nu maén. Sakabéh tokoh dibawakeun ku penari nu sarua, nyaéta dalang topéng. Aya lima tokoh dina wayang babakan. Nu kahiji nyaéta Panji. Tokoh panji miboga watek lemes, murni, jeung lugu siga orok nu karék brol, namung wijaksana, pinter ngadalikeun diri, jeung handap asor. Panji mangrupa tokoh sajarah, tapi dina topéng babakan manéhna ogé ngagambarkeun sipat dasar manusa.

Sangges nari sajam, dalang topeng nu geus cape ngareureuh, diuk deukeut kotak kai di hareupeun nayaga. Saurang tukang bodor, Pentul naék panggung ngahibur para tatamu salila jeda jeung ngabahas masalah sosial jeung para nayaga sarta para panongton. Nalika dalang topéng geus meunangkeun deui kakuatana, manéhna méré isarat ka Pentul pikeun nyingkah ka pipir.

Tokoh kadua nu maén nyaéta Samba, lalaki nu pinuh ku heureuy jeung resep ngagoda, ngawakilan mangsa keur leutik. Ngaran séjénna nyaéta Pamindo, nu artina ganda atawa nu kadua. Di tengah pintonan, Samba dipairan ku Pentul tukang bodor nu nanyakeun saha dirina jeung naon nu rék dilakukeun. Samba muka saeutik topéngna nepi ka bisa ngawanohkeun manéh. Manéhna méré nyaho Pentul yén manéhna téh diondang pikeun nari. Paguneman nu singget éta ngawanohkeun para penari ka panongton jeung sakalian ngabéwarakeun runtuyan pintonan. Sangges éta Samba nuluykeun nari. Tuluy kaluar Tumenggung, lalaki anu kuat jeung kalungguhanna luhur, ngagambarkeun pribadi anu mapan. Saperti dana dua adegan saméméhna, dalang topéng ngamimitian pagelaran teu maké topéng. Sangges mungkas bagian kahiji, manéhna istirahat, diuk di deukeut kotak.

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d Rosidi,Ajip. 2000. Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Halaman 665