Lompat ke isi

Tradisi Motong Munggel

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kénging: Mu'min Ishak Ramdhani

“Bhineka Tunggal Ika” mangrupa semboyan nagara Indonesia, anu ngagambarkeun rinékana pulo-pulo, séké-sélér, basa jeung budaya anu aya di ieu nagara. Jawa Barat anu moal bisa leupas tina idéntitas masarakatna minangka sélér Sunda, miboga tradisi anu biasa dilaksanakeun dina kahirupan sapopoéna boh anu mangrupa kasenian tradisi boh nu wanguna upacara tradisi.

Dina raraga meunangkeun katingtiman jeung kaséhatan, masarakat miboga tradisi jeung cara séwang-séwangan dina ngungkulan pasualan jeung panyakit anu narajang diri atawa masarakatna. Di sababaraha komunitas tradisional anu teu miboga dokter salaku jalma nu sok ngubaran, bakal kapanggih sababaraha tarékah (usaha) pikeun ngungkulan pasualan-pasualan kaséhatan anu dilakukeun sacara adat, boh dina ngungkulan panyakit anu sipatna énténg boh anu sipatna beurat (parna). Salah sahiji wangun tarékahna ngaliwatan tradisi anu dipatalikeun jeung sistim kaséhatan.

Di Kampung Sindangjaya Désa Jayamukti Kacamatan Pancatengah Kabupatén Tasikmalaya aya tradisi anu disebut motong munggel. Ieu tradisi dipercaya ku masarakatna minangka hiji sistim kaséhatan anu dilaksanakeun nalika aya anggota kulawarga atawa masarakatna anu katarajang panyakit katurunan. Rasa sugema bakal kagambar nalika hiji masarakat nu katarajang panyakit katurunan diubaran ngaliwatan tradisi motong munggel. Lian ti ubar anu dibikeun ku nu ngubaran, ayana sugesti anu kuat ti masarakat saluyu jeung tujuanana yén ieu tradisi bisa nyageurkeun panyakit katurunan jadi lantaran ieu tradisi masih hirup nepi ka kiwari.

Tradisi motong munggel mimiti dibawa ka kampung Sindangjaya ku Ibu Ikoh anu kiwari jadi sesepuh dina ieu tradisi ti desa tatanggana nyaéta Désa Tonjong nu aya di belah kuloneun Désa Jayamukti. Gumelarna ieu tradisi henteu ngaliwatan komunikasi langsung saperti anu dilakukeun ku guru ka murid tapi sacara teu langsung nalika Ibu Ikoh keur di tempat pagawéan aya nu ngobrolkeun ngeunaan lamun aya kulawarga anu katiban panyakit katurunan mah kudu dipotong punggel. Sanggeus meunang informasi ti babaturan gawéna tuluy dipraktékeun ka budakna sorangan anu kabeneran keur katarajang panyakit katurunan (eungap) anu bisa disebut parna lantaran nalika karasa, eungapna bisa nepi ka sapoé sapeuting atawa leuwih. Selang waktu kurang leuwih aya dua minggu ti sanggeus ngalaksanakeun motong munggel, budak Ibu Ikoh nu ngarana Eem cageur sabihara-bihari.

Eem diubaran motong munggel keur umur 5 taun, sedengkeun taun lahirna nyaéta 1984. Lamun ngitung iraha tradisi motong munggel dilaksanakeun di Désa Jayamukti Kacamatan Pancatengah Kabupatén Tasikmalaya téh nyaéta taun lahir Eem ditambah 5 taun (1984+5=1989), Jadi tradisi motong munggel mimiti dilakanakeun nyaéta ± taun 1989 kalayan pasén anu pangheulana nyaéta Eem. Ninggali kaayaan budakna anu terus nuluy cageur, Ibu Ikoh ngasilkeun ka Kang Tatang nu biasa jadi tukang ngubaran di lembur. Dibéjakeun asal muasalna meunang béja ngeunaan tradisi motong munggel kaasup nalika dipraktékeun ka budakna jeung hasil anu katinggali tina éta tradisi. Disaluyuan ku tukang ngubaran, malah nyebutkeun ieu tradisi téh aya ti jaman nabi rosulna, ti harita nepi ka kiwari éta tradisi sok dilaksanakeun lamun aya nu katibaan panyakit katurunan.

Dina lumangsungna tradisi motong munggel ngagunakeun média tumpeng anu jadi sarat utama diayakeunana ieu tradisi. Prak-prakan tradisi motong munggel dimitian ku néangan bahan-bahan nu rék dipaké nyaéta béas bodas ti sawah, béas beureum ti huma jeung endog hayam kampung anu mangrupa bahan utama pikeun nyieun tumpeng. Béas beureum ti huma anu kiwari geus hésé dipanggihanana jadi salah sahiji tantangan anu kudu dicumponan. Lian ti éta ngolahkeun paré beureum jadi béas kudu ngaliwatan prosés anu henteu modérn nyaéta ku cara ditutuan, ditapian jeung diberesihan disaluyukeun jeung kabiasaan para karuhun anu geus tihareula. Tapi kabanggaan dina nyiar jeung ngolahkeun bahan ngajadi ciri has anu teu bisa disaruakeun atawa disapirakeun, lantaran ngaliwatan ieu tradisi kabiasaan anu geus jadi hiji kabudayaan bisa kapertahankeun jeung bisa dimumulé.

Sanggeus tumpeng anu dijadikeun média geus asak, dina harti geus siap dipaké keur motong munggel, satuluyna ditawasulan ku sesepuh minangka ngado’akeun para karuhun anu geus tilar dunya. Sabada réngsé ditawasulan léngkah satuluyna nyaéta motong tumpeng di tilu tempat, di tengah imah, di pipir imah/panyawéran, jeung di jalan cagak sabari dibarengan ku maca al-Ikhlas tilu balikan, al-falaq sabalikan, an-naas sabalikan, jeung ayat kursi tujuh balikan. Anu pamungkas nyaéta ngadu’a minangka ébréhan paménta ka pangéran sangkan dicageurkeun tina panyakit jeung dibéré kasalametan. Léngkah satuluyna tumpeng dipotong ngagunakeun péso raut di tilu tempat, nyaéta; (1) di tengah imah lantaran aya anggapan bisi panyakit kulawarga téh nularna di tengah imah anu mangrupa tempat ngumpul jeung kulawarga, (2) di pipir imah/panyawéran lantaran aya anggapan bisi panyakit nu tumiba ka kulawarga datangna ti luhur atawa ti langit, jeung (3) di jalan cagak lantaran aya anggapan bisi panyakit tu tumiba ka kulawaga datang/kabawa ngaliwatan jalan anu sok dipaké pangulinan atawa panyabaan.

Palaku dina ieu tradisi nyaéta; (1) sesepuh minangka jalma anu mingpin ti mimiti tatahar nepi ka pungkasan motong munggel, (2) wakil sesepuh anu mantuan gawé sesepuh dina nataharkeun naon-naon anu diperlukeun dina nalika lumangsungna tradisi kaasup nyieun tumpengna, (3) ajengan anu sok biasa mingpin riungan syukuran, jeung (4) masarakat anu milu ngadu’akeun jeung nu bakal meunang tumpeng anu dibagikeun ku kulawarga nu ngayakeun ieu tradisi. Lumangsunga hiji tradisi moal leupas tina sababaraha pakakas anu biasa dipaké dina lumangsungna kagiatan. Dina ieu tradisi pakakas anu sok dipaké nyaéta; (1) Dulang, (2) halu, (3) nyiru, (4) boboko, (5) aseupan, (6) Sééng, (7) baskom, (8) pangarih, (9) parud, (10) péso raut, jeung (11) daun cau. Lian ti éta aya ogé kadaharan anu kapanggih dina ieu tradisi nyaéta; (1) tumpeng anu bahan utamana ngagunakeun béas bodas ti sawah jeung béas beureum ti huma, (2) sambara anu méré sari jeung rasa kan tumpeng sangkan bisa di dahar ku balaréa, jeung (3) endog hayam kampung anu digunakeun minangka pamisah antara tumpeng bodas jeung tumpeng beureum.

Unggal tradisi geus pasti miboga ajén-inajen jeung tanda tanda kabudayaan anu nyangkaruk dina éta tradisi kaasup dina tradisi motong munggel. Dumasar kana ulikan sémiotik anu maluruh ngeunaan tanda-tanda nu aya dina tradisi kapanggih aya sababaraha tanda-tanda anu nyangkaruk dina tradisi motong munggel. Éta tanda-tanda dipasing-pasing deui dumasar kana téori sémiotika Charles Sanders Peirce’s anu ngapasing-pasing tanda jadi tilu nyaéta; ikon, indéks, jeung simbol.

Dina tradisi motong munggel kapanggih aya opat belas ikon, nyaéta; (1) sesepuh, (2) wakil sesepuh, (3) péso raut, (4) dulang, (5) halu, (6) nyiru, (7) boboko, (8) aseupan, (9) sééng, (10) baskom, (11) pangarih, (12) daun cau, (13) tumpeng, jeung (14) béas beureum. Indéks anu nyangkaruk dina tradisi motong munggel aya genep, nyaéta; (1) tradisi motong munggel, (2) tengah imah, (3) pipir imah/panyawéran, (4) jalan cagak, (5) tawasul, jeung (6) du’a panutup.

Kiwari hirupna ieu tradisi geus teu walagri deui jiga jaman bihari lantaran robahna jaman anu beuki condong kana kamodérnnan, téhnologi nu aya kiwari geus sarwa canggih nepi ka ngabalukarkeun generasi panderi teu apal budaya sorangan. Budaya deungeun leuwih loba jeung gampang ditarima ku masarakat utamana para nonoman anu geus sakuduna béla ka nagara ku cara ngajaga jeung ngariksa budayana. Urang salaku urang sunda saeutikna kudu apal kana tradisi nu aya di lembur sorangan, lain ngaulahkeun mikawanoh kana budaya tradisi deungeun tapi sing inget kana budaya sorangan ulah keuna ku paribasa jati kasilih ku junti. Lamun teu ku urang rék kusaha deui, lamun teu dimimitian ti ayeuna rék iraha deui. Budaya sunda kudu dijaga diriksa ku balaréa sakomo ku manusa pituin Sunda. Cag!

"diajar saeutik-saeutik, saeutik-saeutik diajar"