Widji Thukul
| Widji Thukul | |
|---|---|
| Babar | Widji Widodo 26 Agustus 1963 Surakarta, Jawa Tengah, Indonesia[1] |
| Kawarganagaraan | Indonesia |
| Atikan | Sekolah Menengah Karawitan Indonesia Solo |
| Pagawéan | Penyair, aktivis |
| Partéy pulitik | Partai Rakyat Demokratik |
| Pasangan | Siti Dyah Sujirah (m. 1988) |
| Anak | Fitri Nganthi Wani (b. 1989) Fajar Merah (b. 1993) |
| Pangajén | Wertheim Encourage Award (1991) Yap Thiam Hien Award (2002)[2] |
Widji (kadangkala Wiji) Thukul mangrupa panyair Indonesia anu dilahirkeun taun 1963. Karyana mangrupa pulitik, kritikan jang pamaréntah Indonésia sarta kaayaan sosial nagara. Anjeunna tilar dunya ti saprak taun 1998.[3]
Kahirupan mimiti
[édit | édit sumber]Dilahirkeun tanggal 26 Agustus 1963, Thukul kungsi eureun sakola keur SMP taun 1982 lantaran masalah ékonomi kulawargana. Mimiti digawé nyaéta ngajual koran, calo tikét, sarta finisher di pausahaan kai jati.
Salian tukang nyieun syair, Thukul ogé musisi sarta boga grup téater, Téater Jagatdi sabudeureun Solo.
Taun 1988, Thukul nikah jeung Dyah Sujirah (Sipon). Aranjeunna gaduh dua budak. Ku aranjeunna ngadegkeun hiji grup kasenian anu disebut Sanggar Suka Banjir.
Thukul mantuan ngatur pagawé demonstrasi keur Partai Rakyat Demokratik (Partéi Démokratik Rahayat) keur ngalaksanakeun démo taun 1995, panon Thukul ditémbak ku bedil, anu nyebabkeun karusakan permanén.
Ngaleungit
[édit | édit sumber]Asalna tina karusuhan Kudatuli (27 Juli 1996) di kantor pusat PDI di Jalan Diponegoro 58, Jakarta Pusat. Pamaréntah Soeharto nerka yén Partéy Rakyat Demokratik anu nyebabkeun karusuhan éta. Ku lantaran éta ,seueur aktivis PRD anu dijadikeun buron, kaasup oge Wiji Thukul anu harita keur aya di Solo.[4]
Mulai tidinya, ti awal Agustus 1996, Thukul kaluar ti Solo pindah-pindah tina hiji kota ka kota nu sejen. Kajadian ieu ku anjuenna direkam dina puisi "Para Jendral Marah-Marah." Mimiti Anjeunna indit ka Wonogiri, lanjut ka kantor harian Bernas Yogyakarta, tuluy ka Magelang, jeung Salatiga. Ieu pelarian oge ditulsi ku anjeunna dina puisi "Aku diburu Pemerintahku Sendiri." Napi di Salatiga anjeunna panggih jeung aktivis HAM Andi Arief anu nyarankeun Thukul néangan Yosep Stanley Adi Prasetyo di Jakarta. Pasamoan Thukul jeung Arif dicatat dina puisina, "Buat L.Ch & A.B." Saprak tidinya, Thukul nganjang ka adina, Wahyu Susilo di kantor pusat Solidaritas Peremuan, Jakarta Wétan. Saterusna, Thukul disumputkeun ka Bojong Gede, Bogor, tuluy di Kelapa Gading Jakarta Timur, jeung di Bumi Serpong Damai, Tangerang nepika dua minggueun. Anjeunna oge sempet disumputkeun di Bandung.[4]
Dina ahir Agustus, Thukul disumputkeun di imahna Martin Siregar di Pontianak jeung make ngaran samaran Aloysius Sumedi. Thukul sempet balik deui ka Salo dina Januari 1997 tuluy indit deui ka Kalimantan. Nepi ka Maret 1997, Thukul balik ka Jakarta jeung aktif deui nyangking ketua Divisi Propaganda PRD sarta jadi editor Suluh Pembebasan.Anjeunna kungsi cicing di kontrakan aktivis PRD di Bekasi jeung sempet ngajak pamajikanna, Sipon, jeung anakna pikeun ngarumpul didinya.[4]
Asup November 1997, Thukul balik ka Solo, ngarayakeun milangkala putrana, Fajar Merah anu katilu taunna. Tuluy dina Désémberna, Thukul panggih deui jeung Sipon jeung anak-anakna di Yogyakarta. Aranjeunna cicing di Parangtritis saminggu lilana. Thukul oge sempet pindah ka Cikokol dina Januari 1998.[4]
Dina April 1998 Thukul disumputkeun di Bengkulu. Anjeunna sempet nelponan Campe Lawu Warta, guruna di Teater Jagat pikeun nitipkeun kaamanan pamajikan jeung anak-anakna. Saprak tidinya, karusuhan Mei 1998 ngagudag di sababaraha kota anu pang gedéna aya di Jakarta, Medan, jeung Solo. Thukul sempet nelponan ka pamajikanna di Solo yén anjeunna keur aya di Jakarta jeung kondisina teu kunanaon. Nanging Saenggeus ti éta, Thukul tara ngabaran deui. Hal ieu disangka yén anjeunna salah sahiji démonstran anti pamaréntah anu diculik ku pasukan pamaréntah salila demonstrasi anti Suharto. Dina Maret 2000, Sipon kakara ngalaporkeun leungitna thukul ka kantor pusat Komisi untuk Orang Hilang dan Korban Tindak Kekerasan (KontraS).[4]
Publikasi Karya
[édit | édit sumber]- Pusi Pelo (Lisping Poetry), published by Taman Budaya Surakata, Solo, 1984.
- Darman dan Lain-lain (Darman and the Others), published by Taman Budaya Surakata, Solo, 1994.
- Mencari Tanah Lapang (Looking for an Open Plot of Land), published by Manus Amici, 1994.
- Aku Ingin Jadi Peluru (I Want to be a Bullet), published by IndonesiaTera, Magelang, 2000.
Pangajén
[édit | édit sumber]Thukul's Looking for an Open Plot of Land won the 'Encourage Award' from the Netherlands-based Wertheim Foundation
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Media, Kompas Cyber (2023-01-06). "Biografi Wiji Thukul, Penyair dan Aktivis Korban Penghilangan Paksa Halaman all". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 2023-08-27. Diaksés tanggal 2024-02-10.
- ↑ Tempo Publishing (Agustus 2025). Wiji Thukul, Teka-Teki Orang Hilang (Dina basa Indonésia). Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 141. ISBN 9786024817619. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link) Pemeliharaan CS1: Tahun (link)
- ↑ wawaney. "(Translation) Warning – Wiji Thukul". Timbalaning. Diaksés tanggal 2017-07-25. Archived 2017-10-09 di Wayback Machine
- 1 2 3 4 5 Tempo Publishing (Agustus 2025). Wiji Thukul, Teka-Teki Orang Hilang (Dina basa Indonesia). Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. ISBN 9786024817619. Diaksés tanggal 19 Désémber 2025. Pemeliharaan CS1: Tahun (link)