Lompat ke isi

Wikipedia:Palanggeran éjahan basa Sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Ieu kaca ngamuatkeun palanggeran "ringkes" ngeunaan éjahan nulis artikel nu digunakeun dina Wikipédia. Sacara umum, ieu palanggeran téh dumasar kana Palanggeran Éjahan Basa Sunda nu disusun ku Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung (2008) kalawan sawatara tambahan luyu jeung konsénsus nu kungsi dipadungdengkeun dina sawala Wikipédia.

Nuliskeun aksara

[édit sumber]

Aksara Gedé (Kapital)

[édit sumber]
  1. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji dina awal kalimah.
    1. Wikipédia basa Sunda mangrupa situs énsiklopédi panglengkepna.
    2. Naon nu dimaksud artikel taratas téh?
    3. Hayu urang nulis dina basa Sunda!
  2. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji dina awal kalimah cutatan langsung. Contona:
    1. Manéhna nanya, "Kunaon budak téh ceurik waé?"
    2. "Cik pangmeulikeun tarasi!" ceuk indungna.
  3. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu aya patalina jeung hal-hal Kaagamaan, kitab Suci, jenengan Pangéran (kaasup kecap sulurna). Contona:
    1. Allah
    2. Nu Mahakawasa
    3. Kristen
    4. Wéda
    5. Mugi Allah nangtayungan ka umat-Na.
    6. Mung ka Anjeun abdi sujud.
  4. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji gelar kahormatan, turunan, kaagamaan, jeung sesebutan anu dituturkeun ku ngaran macakal atawa jujuluk. Contona:
    1. Radén Muhammad Musa
    2. Haji Hasan Mustapa
    3. Nabi Muhammad
    4. Si Otong
    5. Ki Umbara
  5. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran kalungguhan (jabatan) jeung pangkat anu dituturkeun ku ngaran macakal. Contona:
    1. Gubernur Jawa Barat
    2. Bupati Cianjur
    3. Réktor UPI
    4. Kolonél Bratamanggala
    5. Insinyur Djuanda[1]
  6. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran jalma. Contona: Oto Iskandardinata, Utuy Tatang Sontani.
  7. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran bangsa, sélér bangsa, jeung basa. Contona: bangsa Indonésia, urang Sunda, basa Arab.
  8. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran taun, bulan, poé, hari raya, jeung kajadian sajarah. Contona: taun Hijriah, bulan Mulud, poé Jumaah, poé Lebaran, Perang Pasifik, Proklamasi Kamerdékaan.
  9. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran macakal dina géografi. Contona: Gunung Galunggung, Walungan Cihaliwung, Selat Sunda, Laut Jawa, Talaga Warna, Situ Ciburuy, Pulo Madura.
  10. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran resmi badan, lembaga pamaréntahan, katatanagaraan, jeung ngaran dokumén resmi. Contona: Departemén Sosial, Perpustakaan Nasional, Karajaan Pajajaran, Lembaga Eijkman, Undang-Undang Dasar 1945.
  11. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran buku, majalah, surat kabar, jeung judul karangan, iwal kecap partikel (di, ka, pikeun, jeung, anu, jeung sabangsana) anu lain dina posisi awal. Contona:
    1. Kuring resep pisan maca Dukun Lepus karya Ahmad Bakri.
    2. Abdullah Mustapa maneuh nulis dina majalah Manglé.
    3. Saha anu nulis artikel "Sawér" téh?
  12. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun singgetan gelar jeung sesebutan. Contona: Dr. (Doktor), Prof. (Profésor), Sdrk. (Sadérék)[2]
  13. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun pancakaki, anu dipaké pikeun gaganti kecap sulur atawa sesebutan. Contona:
    1. Iraha Bapa angkat ti bumi?
    2. Kumaha damang, Ma?
    3. Wartosna Wa Haji Abud badé jarah deui.
    4. Serat Sadérék tos katampi.
  14. Aksara gedé dipaké pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun jujuluk. Contona:
    1. Dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét pikaresepeun.
    2. Saha ari Ki Umbara téh?
    3. Oto Iskandardinata katelah ku julukan Si Jalak Harupat.
    4. Sanghyang Linggawastu dipikaasih ku rahayatna.

Aksara Condong (Déngdék)

[édit sumber]
  1. Aksara condong dipaké pikeun nuliskeun ngaran buku, majalah, jeung surat kabar anu aya dina kalimah. Contona:
    1. Perkara Dangding disabit-sabit dina Ngalanglang Kasusastran Sunda karangan Ajip Rosidi.
    2. Majalah Cupumanik medal sabulan sakali.
    3. Koran Sipatahunan geus teu medal.
  2. Aksara condong dipaké pikeun negeskeun atawa ngahususkeun aksara, engang, kecap, gundukan kecap, atawa kalimah. Conto:
    1. Aksara mimiti kecap Wikipédia nyaéta w.
    2. Ieu tulisan henteu ngabahas bab tanda baca.
    3. Naon hartina panjang leungeun?
    4. Kecap geulis kaasup kana kecap sipat.
    5. Kalimah kuring meuli baju kagolong kalimah aktif.
  3. Aksara condong dipaké pikeun nuliskeun ngaran-ngaran ilmiah atawa pakeman kosta anu can kaserep sagemblengna. Contona:
    1. Naon basa Sundana download téh?
    2. Ngaran ilmiah buah manggu nyaéta garcia mangostana.
    3. Pulitik divide et impera kungsi mahabu di nagara urang.

Nuliskeun Kecap

[édit sumber]

Kecap Asal

[édit sumber]

Kecap asal ditulis mandiri. Contona: indit, di, ka, ku, téh, éta, ti, bray, sedengkeun.

Kecap Rundayan

[édit sumber]
  1. Rarangkén ditulis ngantét jeung wangun dasarna. Contona: barempug, dikerid peuti, padaneunggeul, silihasih, barangbawa, barudak, balageur, paribasa, ginanjar, sumebar, buntutan, bongkok méongeun, geutah bonténgan, pangdipikanyaahna.
  2. Lamun wangun dasarna mangrupa kantétan kecap, jeung sakaligus meunang rarangkén hareup jeung rarangkén tukang, éta kantétan téh ditulisna dihijikeun. Contona: dialungboyongkeun, diaralungboyongkeun, pibapatéréeun, disakompétdaunkeun, panghampangbiritna.
  3. Lamun wangun dasarna mangrupa kantétan kecap anu diwangun ku tilu kecap atawa leuwih atawa mangrupa ngaran macakal, sarta sakaligus meunang rarangkén hareup jeung rarangkén tukang, éta kantétan kecap téh ditulisna maké geret. Contona:
    1. dikana-lomari-susun-anyarkeun
    2. pangluhur-kuta-gedé-dunyana
    3. dika-Bandung-Wétankeun
    4. dika-Rumah-Sakit-Umum-Hasan-Sadikinkeun

Kecap Rajékan

[édit sumber]
  1. Kecap rajékan murni, boh maké rarangkén boh henteu, ditulis lengkep maké geret. Contona: buku-buku, imah-imah, anjang-anjangan, arudag-udagan, tulung-tinulungan, dialung-alung.
  2. Kecap rajékan rinéka, boh maké rarangkén boh henteu, ditulis lengkep maké geret. Contona: tulang-taléng, wahwar-wéhwér, dar-dér-dor, dibulak-balik.
  3. Kecap rajékan sabagian, boh maké rarangkén boh henteu, ditulis ngantét. Contona: sésépak, téténjrag, héhérang, sababaraha, paduduaan, titatarajong, pagégéyé, bongborosan, bungbuahan.

Kecap Kantétan

[édit sumber]
  1. Kecap kantétan, kaasup istilah husus, bagian-bagianna ditulis misah. Contona: konéng gedé, kacang panjang, embé kacang, pondok léngkah, kacanir bangban, ngahuntu kala, mata simeuteun.
  2. Kecap kantétan anu geus dianggap gumulung jadi hiji ditulisna ngantét. Contona: panonpoé, mataholang, kacapiring, parahulu, silaturahmi, gungclo, géksor.

Gabungan Kecap

[édit sumber]
  1. Gabungan kecap, kaasup istilah husus, anu bisa nimbulkeun salah baca bisa digeretan pikeun negeskeun tatali di antara unsur-unsurna. Conto:
    1. tiori-sastra anyar
    2. tiori sastra-anyar
    3. buku-sajarah heubeul
    4. buku sajarah-heubeul
  2. Lamun salah sahiji unsur gabungan kecap ngan dipaké dina kombinasi (wangun kauger), éta gabungan kecap téh ditulisna ngahiji. Conto: amoral, antardésa, bikarbonat, caturtunggal, dasawarsa, dwiwarna, démoralisasi, infrastruktur, inkonvénsional.

Katerangan:

  • Lamun wangun kauger téh dituturkeun ku kecap anu aksara mimitina aksara gedé, di antara éta dua unsur kudu maké tanda geret. Contona: non-Sunda, pan-Afrikanisme.

Kecap Sulur

[édit sumber]

Kecap sulur pun, sim, jeung tuang ditulisna misah tina kecap sapandeurieunana, sedengkeun kecap sulur na ditulisna ngantét jeung kecap saheulaeunana. Contona: pun bapa, sim kuring, tuang putra, indungna, bapana, indungna.

Kecap Pangantét

[édit sumber]

Kecap pangantét di, ka, ti, kana, tina, ku, jeung sajabana ditulisna misah tina kecap sapandeurieunana. Contona:

  1. di imah
  2. ka kota
  3. ti ditu
  4. tina béca
  5. kana karéta
  6. dina méja
  7. ti nu bala
  8. di nu poék
  9. ka nu geulis
  10. ku sabab
  11. di antarana
  12. nu matak
  13. nu gering

Angka jeung Lambang Bilangan

[édit sumber]

Cara Nulis Unsur Serepan

[édit sumber]

Dina kamekaranana basa Sunda téh kaserepan rupa-rupa unsur basa, boh tina basa daérah séjén, basa Indonésia, boh tina basa Sansekerta, Arab, Portugis, Belanda, Inggris, jeung basa kosta nu lianna/ Dumasar kana tahap intergasina, unsur serepan dina basa Sunda bisa dibagi kana dua golongan gedé. Kahiji, unsur kosta anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda, saperti shuttle cock, workshop, up-grading, jsté. Éta unsur-unsur téh dipaké dina kontéks basa Sunda, tapi ucapanana masih kénéh nurutkeun cara kosta. Kadua, unsur kosta anu ucapanana jeung tulisanana diluyukeun jeung kaédah basa Sunda. Dina hal sarupa kieu, diihtiaran sangkan éjahan asing ukur dirobah saperluna supaya adegan Sundana masih kénéh bisa dibandingkeun jeung adegan asalna. Kaédah éjahan anu dipaké pikeun nuliskeun unsur serepan téh saperti ieu di handap:

  • aa (Walanda) jadi a
    • paal jadi pal
    • baal jadi bal
    • octaaf jadi oktaf
  • ae, lamun henteu ngabogaan variasi jeung é, jadi
    • aerob jadi aérob
    • aerodynamics jadi aérodinamik
  • ae, lamun ngabogaan variasi jeung é, jadi é
    • haemoglobin jadi hémoglobin
    • haematite jadi hématit
  • ai tetep ai
    • trailer jadi trailer
  • au tetep au
    • audio jadi audio
    • autograf jadi autograf
  • c, di hareupeun a, u, o, jeung konsonan, jadi k
    • calomel jadi kalomel
    • construction jadi konstruksi
    • cubic jadi kubik
    • classification jadi klasifikasi
  • c, di hareupeun e, i, oe, jeung y, jadi s
    • central jadi séntral
    • circulatiin jadi sirkulasi
    • coelom jadi sélom
    • cylinder jadi silinder

Tanda Baca

[édit sumber]

Tanda Titik (.)

[édit sumber]
  1. Tanda titik dipaké dina ahir kalimah wawaran.
    Contona:
    Indungna keur nyangu di dapur.
    Manéhna ngala sawo.
    Pun bapa nuju leleson
  2. Tanda titik dipaké dina ahir singgetan ngaran jalma.
    Contona:
    M.A. Salmun
    R.É. Martadinata
    Moh. Ambri
  3. Tanda titik dipaké dina singgetan gelar, kalungguhan, pangkat, jeung sesebutan.
    Contona:
    Dr. - Doktor
    Ir. - Insinyur
    Drs. - Doktorandus
    Kol. - Kolonél
    Rd. - Radén
    Sdrk. - Sadérék
  4. Tanda titik dipaké dina singgetan kecap atawa singgetan pakeman anu geus umum. Dina singgetan anu diwangun ku tilu askara atawa leuwih ngan dipaké hiji tanda titik.
    Contona:
    jrrd. - jeung réa-réa deui
    jst. - jeung saterusna
    jsté. - jeung sajabana ti éta
    spk. - saparakanca
    tgl. - tanggal


Catetan

[édit sumber]
  1. Lamun teu dituturkeun ku ngaran macakal, ulah ditulis ku aksara gedé, contona: "Saha gubernur anu dilantik kamari téh?"
  2. Singgetan nu ditataan salawasna ditandaan ku tanda titik (.)