Yusuf Al-Qorodhowi
Pidangan
| Ulama Muslim Yusuf al-Qorodhowi يوسف عبد الله القرضاوي | |
|---|---|
| Gumelar | 9 Septémber 1926 Saft Turab, Karajaan Mesir (kiwari Mesir) |
| Tilar dunya | 26 Septémber 2022 (yuswa 96) |
| Dipangaruhan ku | Hassan al Banna, Mohammed al-Ghazali |
| Méré pangaruh ka | Rashid Al-Ghannushi, M.A.M. Mansoor |
Yusuf Al-Qorodhowi atawa Yusuf al-Qaradawi (gumelar di Shafth Turaab, Kairo, Mesir, 9 September 1926 – tilar dunya di Doha, Qatar, 26 September 2022 dina umur 96 taun) nyaéta saurang cindikiawan Muslim nu asalna ti Mesir. Dipikawanoh ogé minangka saurang Mujtahid di éra modérn kiwari.
Lian minangka saurang Mujtahid, dipercaya ogé minangka saurang pupuhu majelis fatwa. Loba fatwa nu geus dikaluarkeunna téh diparaké minangka bahan rujukan kana permasalahan nu kasanghareupan. Ngan loba ogé ngritik fatwa-fatwana.