Babasan jeung paribasa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Babasan[édit | sunting sumber]

Babasan nya éta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa,[1]atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman.[2]Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nya éta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.[3]

Conto Babasan[édit | sunting sumber]

  • dulang tinandé (awéwé mah kumaha lalaki)
  • kawas aul (ciciduh atawa sok cumiduh)
  • dibeuweung diutahkeun (dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu dimaksud)
  • nyalindung ka gelung (ngandelkeun usaha pamajikan
  • kolot sapeuting (kolot euweuh kanyaho)
  • ngadu angklung (paréa-réa omong nu taya gunana)
  • buntut kasiran (korét).[3]

Paribasa[édit | sunting sumber]

Paribasa hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku jeung saterusana.[1]Upama dina ungkara :

  • Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah ogé ari ngariung jeung anak rabi mah ngeunah baé
  • Paribasa manéh mah ari geus ménta duit téh
  • Paribasa nganyam samak neukteukan bari motongan, paribasa néang anak ngadeukeutan popotongan.[3]

Paribasa dibagi jadi tilu, nya éta pangjurung laku hadé, panyaram lampah salah, jeung wawaran luang.[4]Salmun nétélakeun yén papasingan paribasa disawang tina rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggaan, tarjamah tina basa asing (basa Jawa, basa Indonésia, basa Arab, basa Inggris), disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung ngaran laku lampah, saperti paribasa patali jeung tani, patalina jeung ingon-ingon, perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangaweruh, jeung kapercayaan).[5]Jadi boh babasan boh paribasa sarua pakeman basa nu umumna dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun, susunannana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah tangtuna hartina ogé jadi robah.[3]Bédana babasan jeung paribasa téh nya éta babasan mah ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah mangrupa kalimah.[3]

Conto Paribasa[édit | sunting sumber]

  • Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan (anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh)
  • Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna (Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa)
  • Ari diarah supana, kudu dijaga catangna (ari aya barang anu diala hasilna kudu daék ngurusna)
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora)
  • Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
  • Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
  • Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar).[3]



Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b Satjadibrata,R.2005.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. Lembaga Basa jeung Sastra Sunda.1995.Kamus Umum Basa Sunda.Bandung:Taraté
  3. a b c d e f Hidayat, Rachmat Taufiq, spk.2005.Peperenian Urang Sunda.Bandung:Kiblat
  4. Yus Rusyana.1984.Panyungsi Basa.Bandung:Gunung Larang
  5. Salmun,M.A.1958.Kandaga Kasusastraan Sunda.Bandung:Ganaco N.v