Bangbara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bangbara
Bangbara Éropah (jalu X. violacea) keur nyeuseup sari kembang
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Arthropoda
Class: Insecta
Order: Hymenoptera
Suborder: Apocrita
Superfamily: Apoidea
Family: Apidae
Subfamily: Xylocopinae
Tribe: Xylocopini
Genus: Xylocopa
Latreille, 1802
Spésiés

baca téks

Bangbara (genus Xylocopa dina subfamili Xylocopinae) nyaéta nyiruan gedé, buluan awakna biasana hideung meles atawa wulung nu sumebar di sakuliah dunya. Aya kira 500 spésiés bangbara dina 31 subgenera[1]. Dina basa Inggris, ieu serangga dingaranan carpenter bee kusabab ampir kabéhanana ngaliang dina kai paéh, awi, atawa tihang (iwal subgenus Proxylocopa nu nyayang dina taneuh).

Ciri[édit | sunting sumber]

X. tabaniformis jalu keur nyeuseup néktar

Sababaraha spésiés bangbara hirup saliang jeung anak atawa dulurna sasama bikang. Najan ngaliangan kai, tapi bangbara teu ngabalukarkeun karuksakan anu parna kusabab liangna déét. Bangbara kawilang penting pikeun penyerbukan sababaraha jenis tutuwuhan kembangan.

Di Indonésia, sahanteuna ya dua spésiés bangbara: Xylocopa confusa jeung X. aerulea[2].

Paripolah[édit | sunting sumber]

Bangbara bikang dina sayangna

Sacara umum, bangbara kaasup nu hirupna solitér, najan aya sababaraha spésiés nu nyayang babarengan atawa sayangna padeukeut. Mun aya sababaraha bikang sasayang, biasana sok aya babagi tugas: nu hiji ngajaga sayang, nu séjénna liar. Bangbara nyieun sayang ku cara ngaliang dina kai. Lawang asupna hiji, tapi ka jerona bisa nyagak. Bubuk kai urut ngaliang, lian ti dipiceun, ogé dipaké pikeun nyieun pinding antarsél. Liang dipaké sayang pikeun anak-anakna jeung pikeun neundeun néktar. Endogna kaitung badag dibandingkeun jeung bikangna, sarta minangka endog pangbadagna ti bangsa serangga.

Cara kawin bangbara aya dua rupa, nu bisa ditengetan ti conto jalu ti masing-masing spésiés. Jalu nu panonna badag kawinna ku cara néang bikangna atawa nunggu bikang nu ngaliwat. Nu hiji deui, hulu jaluna leutik, tapi dina mésosomana nyendul kelenjar nu ngaluarkeun féromon. Ieu zat kimia nu sumebar dina hawa téh bakal ngirut bikangna sangkan ngadeukeutan[3].

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Minckley, R.L. 1998. A cladistic analysis and classification of the subgenera and genera of the large carpenter bees, tribe Xylocopini (Hymenoptera: Apidae). Scientific Papers, Natural History Museum, University of Kansas 9:1–47
  2. Lebah dan tawon penyerbuk di hutan tropis basah Taman Nasional Gunung Halimun dan distribusinya di Indonesia
  3. Minckley, R.L., Buchmann, S.L., Wcislo, W.T. 1991. Bioassay evidence for a sex attractant pheromone in the large carpenter bee, Xylocopa varipuncta (Anthophoridae: Hymenoptera). J. Zool. Soc. London 224: 285–291

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg