Barudak Héjo ti Woolpit

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Papan tanda désa nu ngagambarkeun dua barudak nu kulitna héjo, dipasang taun 1977.[1]

Barudak nu kulitna héjo dicaritakeun muncul di Woolpit di Suffolk, Inggris, kira-kira abad ka-12, kamungkinan dina jaman pamaréntahan Raja Stephen. Barudak éta, lalaki jeung awéwé, ilaharna biasa iwal kulitna nu warnana héjo. Maranéhna ngomong dina basa nu heunteu kanyahoan, sarta daharna ngan hayang kacang héjo. Ahirna maranéhna tiasa ngadahar kahakanan lianna jeung warna héjo kulitna ngaleungit, tapi si budak nu lalakina matak gering teras maot teu lami sanggeus maranéhna dibaptis. Ari nu awéwé dianggap "rada bébas jeung teu bener kalakuanana."[2] Sanggeus manéha diajar Basa Inggris, manéhna nerangkeun yén inyana téh jeung sadulurna éta asalna ti Nagri St Martin, dunya handap taneuh nu pangeusina warnana héjo.

Catetan nu rada kontémporér ngan aya dina Chronicum Anglicanum beunangna Ralph ti Coggeshall jeung Historia rerum Anglicarum beunangna William ti Newburgh, masing-masingna ditulis kira-kira taun 1189 jeung 1220. Antawis jaman éta jeung jeung dipanggihna deui carita éta dina patengahan abad ka-19, barudak héjo nu katinggalna ngan muncul dina karya Uskup Francis Godwin, The Man in the Moone, nu nyaritakeun catetan William ti Newburgh.[3]

Dua pangdeukeutan geus ngadominasi katerangan ngeuaan carita barudak héjo: yén éta téh mangrupa carita rahayat nu ngagambarkeun patepungan khayalan jeung pangeusi ti dunya lian, kamungkinan ti handap taneuh atanapi ti luar angkasa, atanapi éta mangrupa carita kajadian sajarah nu diputerbalikkeun. Carita éta diakuan salaku carita fantasi idéal ku bujangga anarkis jeung kritikus Herbert Read dina karyana, English Prose Style, medal taun 1931. Carita éta méré inspirasi dina sahiji-hijina novel karyana, The Green Child, ditulis taun 1934.

Sumber[édit | sunting sumber]

Désa Woolpit mangrupa hiji wewengkon di Suffolk, Anglia Wétan, kira-kira 7 mil (+11 km) wétaneun kota Bury St Edmunds. Dina Abad Patengahan, désa éta jadi katelah ku Biara Bury St Edmunds, sarta mangrupa salah sahiji bagian wewengkon nu pangpadetna pangeusina di padésaan Inggris. 2 panulis, Ralph ti Coggeshall (maot 1226) jeung William ti Newburgh (kira-kira 1136-1198), ngalaporkeun munculna 2 barudak misterius nu kulitna héjo nalika hiji usum panas dina abad ka-12 di désa éta. Ralph mangrupa saurang pupuhu biara di biara Sistersian di Coggeshall, kira-kira 26 mil (+42 km) kiduleun Woolpit. William ogé mangrupa saurang kanon di Priori Newburgh Augustinian, di bagian kalér di Yorkshire. William nyebatkeun yén catetan carita nu ditepikeun dina bukuna, Historia Rerum Anglicarum (1189) dumasar kana "laporan ti sababaraha sumber nu bisa dipercanten"; catetan carita nu ditulis Ralph di Chronicum Anglicanum, ditulis sababaraha waktos dina jaman 1220-an, sarta ngagabungkeun informasi ti Sir Richard de Calne dari Wykes,[nb 1] nu cenahna mah ngalindungan barudak héjo dina padumukanna, kira-kira 6 mil (+9,7 km) kaléreun Woolpit. Kateranagn nu ditepikeun ku 2 panulis ieu béda dina sababaraha rincian.[1]

Carita[édit | sunting sumber]

Dina hiji poé basa panén, numutkeun William ti Newburgh nu hirup nalika pamaréntahan Raja Stephen (1135-1154),[1] para wargi désa Woolpit manggih 2 barudak nu saduluran, di gigireun hiji liang ajag nu méré lalandian kana désa éta.[4][nb 2] Maranéhna kulitna héjo sarta ngomongna maké basa nu teu kanyahoan, sarta maké pakéan nu asing. Ralph ngalaporkeun yén barudak éta dibawa ka bumina Richard de Calne. Ralph jeung William satuju yén barudak éta nolak sadaya pangan nu dibéré ka maranéhna ku para wargi désa dina sababaraha poé, nepi ka ahirna maranéhna meunang sababaraha kacang héjo nu teras sacara alusna didahar nu ngakibatkeun maranéhna jadi sumanget.[nb 3] Teras maranéhna lalaunan ngabiasakeun jeung kadaharan normal sarta teu lami warna héjo dina kulit maranéhna leungit.[1] Teras salasahiji ti barudak éta nu leuwih ngora jadi gering jeung ahirna maot teu lami sanggeus maranéhna dibaptis.

Sanggeus hiji budak nu masih hirup geus hasil diajar Basa Inggris (Ralph nyebatkeun yén ngan nu awéwé hungukul nu masih hirup), manéhna nerangkeun yén manéhna téh asalna ti hiji wewengkon nu teu pernah aya sinar Panonpoé, tapi abar kawas sonten. William nyebatkeun barudak éta nyebut daérah maranéhna salaku Taman St. Martin; Ralph nambihkeun yén sadaya nanaon nu aya di ditu umumna warnana héjo. Numutkeun William, barudak éta teu bisa nerangkeun kadatanganna ka Woolpit. Maranéhna keur ngangon ingon nu bapana nalika ngadéngé hiji sora nu tarik (numutkeun William, bél ti Bury St Edmunds[9]), jeung ujug-ujug maranéhna aya dina hiji liang ajag di mana maranéhna dipanggih. Ralph nyebatkeun yén maranéhna saujug-ujug ngaleungit basa mimiluan ingonna ka hiji guha, jeung sanggeus dipandu ku hiji sora loncéng misterius, ahirna maranéhna muncul di Nagri Inggris.[1]

Masih numutkeun Ralph, ahirna éta mojang dipigawékeun salaku palayan di bumina Richard de Calne piekun raloba taun, di ditu manéhna dianggap "budak bangor jeung goréng budi". Manéhna nikah jeung saurang lalaki ti King's Lynn, kira-kira 40 mil (+64 km) ti Woolpit, di mana Ralph nyebatkeun manéhna masih hirup teu lami saméhméh Ralph nyerat caritana.[1] Dumasar kana panalungtikan kana sajarah kulawargi Richard de Calne, astronom jeung panulis Duncan Lunan geus nyindekkeun yén mojang éta dibéré ngaran "Agnes", sarta manéhna nikah jeung saurang pajabat karajaan nu namina Richard Barre.[10]

Katerangan[édit | sunting sumber]

Sakirang-kirangna aya dua pangdeukeutan nu geus ngadominasi katerangan tina misteri barudak hqxzjo ieu. Nu kahiji nyaéta yén carita éta téh carita rahayat biasa, nu ngagambarkeun hiji patepungan imajinér jeung pangeusi hiji "Dunya Peri".[1] Nu kadua nyaéta yén aya kamungkinan carita nu dicutat ieu mangrupa carita nu dasarna kana kajadian nyata nanging eusina geus dimodifikasi,[1] sanajan aya kamungkinan pikeun mastikeun upami carita kawas nu dicutat éta mangrupa asli nu dinyatakeun ku barudak éta atanapi ngan hiji "hasil khayalan ".[11] Hiji panalungtikan ngeunaan catetean barudak jeung palayan nu kabur ti dununganna ngakibatkeun Charles Oman nyindekkeun yén "geus terang aya sababaraha misteri di balik sakabéhna [carita barudak héjo] jeung carita ngeunaan pembiusan jeung penculikan."[12]

Katerangan carita rahayat[édit | sunting sumber]

Sajarahwan sapertos Charles Oman nyebatkeun yén hiji unsur dina carita barudak héjo, nyaéta jalan asup ka dunya lian liwat hiji guha, katingalna populér. Gerald ti Wales nyarioskeun carita sarupa ngeunaan saurang budak lalaki nu kabur ti dununganna, sarta "tepang jeung dua urang pigmi nu mandu manéhna liwat jalan handap taneuh nuju ka tempat nu éndah kalawan padang jeung wahangan, tapi teu dicaangan ku cahya panonpoé".[12] Tapi salaku dongéng, carita kawas kitu kalahka carang; E. W. Baughman ngadaptarkeunana salaku sahiji-hijina conto dina kategori F103.1-na ngeunaan dongéng Amérika Kalér jeung Inggris: "Para pangeusi dunya handap anjang ka manusa, jeung teras hirup jeung maranéhna".[13] Martin Walsh mibanda pamikiran yén rujukan dina Santo Martinus cekaps signifikan, sarta ningal yén carita barudak héjo mangrupa bukti yén parayaan Martinmas asalna téh ti Inggris, nu mana ti dituna carita budak ngawangun "strata panghandapna".[14] E. S. Alderson nyebatkeun ayana patalian carita éta jeung tradisi Kélt dina édisi Notes and Queries taun 1900: Roh "Héjo" éta teu boga dosa dina tradisi jeung sastra Kélt ... Meureun leuwih ti ngan kateungahajaan yén si mojang héjo éta nikah jeung saurang 'lalaki ti [Kings] Lynn.' Di dieu [kecap Kélt] asli nyaéta lein, jahat, dina kecap lian. peri nu murni nikah jeung putra bumi nu boga dosa."[15]

Jeffrey Jerome Cohen ngajukeun pamikiran yén barudak héjo nyaéta ingetan ti jaman baheula Inggris jeung panalukkan nu sadis kana Urang Briton ku kaom Anglo-Saxon sanggeus Invasi Normandia. William ti Newburgh saparo haté[16] ngasupkeun carita barudak héjo kana caritana ngeunaan Inggris nu geus ngahiji, nu ku Cohen disarupakeun jeung karya Geoffrey ti Monmouth, Sasjarah Raja Britania, hiji buku nu numutkeun William pinuh ku kabohongan.[17] Sajarah vérsi Geoffrey nerangkeun ngeunaan para raja jeung karajaan baheula ti rupa-rupa idéntitas ras, sedengkeun Inggris vérsi William nyaéta nagara nu urang-urangna geus ngasimilasi (dina kasus Bsangsa Norman) atanapi kadorong ka wates (Urang Wales, Skot, jeung Pict). Numutkeun Cohen, barudak héjo ngagambarkeun gangguan ganda dina pamikirn William ngeunaan Inggris nu ngahiji. Di hiji pihak, carita éta mangrupa pamiélingan ngeunaan pabédaan ras jeung budaya antara Bangsa Norman jeung Bangsa Anglo-Saxon, hususna ku sabab barudak éta ngaku yén maranéhna datang ti Lemah St Martin, nu dingaranan ti Santo Martinus ti Tours; sahiji-hijina sesebutan lianna ngeunaan santo éta ku William nyaqztxa nalika ngomongkeun Biara Santo Martinus di Hastings, nu diwangun pikeun miélingan meunangna Bangsa Norman dina taun 1066.[18] Tapi barudak héjo ogé minangka wujud tina para pangeusi awal Kapuloan Britania, "Urang Wales (jeung Urang Irlandia jeung Skot) nu geus sacara paksa di-Anglia-keun ... Carita barudak héjo munculkeun carita lian nu teu bisa dicaritakeunn ku William, salasahijina nyaéta ngeuaan dominion Inggris nu jadi asumsi nu nyieun masalah sanésna jadi kacindekan heula."[19] Hususna si budak lalaki héjo, nu paéh sarta lainna ngasimilasi, perlambang "hiji dunya nu deukeut nu teu bisa dikawasaan ... hiji kabédaan nu bakal musnah pikeun bisa aya".[20]

Ilustrasi carita Babes in the Wood ku Randolph Caldecott, 1879.

Dina pamekaran modérenna, carita barudak héjo dipatalikeun jeung carita Babes in the Wood, nu ditinggalkeun sangkan paéh ku amang nu jahat; dina vérsi ieu, warna kulit maranéhna nu héjo diduga ku sabab maranéhna karacunan arsénik. Maranéhna kabur ti leuweung tempat maranéhna ditinggalkeun, kamungkinan ka Leuweung Thetford, sarta barudak éta labuh ka liang di Woolpit teras dipanggih ku warga désa. Dina bukuna nu medal taun 1978, A Slice of Suffolk, panulis jeung panembang lokal, Bob Roberts, nyebatkeun "Urang dibéré nyaho yén masih aya urang-urang di Woolpit nu mangrupa 'katurunan ti barudak héjo', tapi teu aya nu ngomong saha waé maranéhna téh!"[1]

Pamikiran lianna nyebatkeun yén barudak hqxzjo kamungkinan mahluk luar Bumi, atanapi pangeusi dunya handap taneuh. Dina taun 1996 dina artikel nu dikaluarkeun di majalah Analog, astronom Duncan Lunan mibanda hipotésis bahwa yén barudak héjo sacara teu ngahaja dipindahkeun ka Woolpit ti planét asal maranéhna salaku akibat ti kagagalan alat "pamancar materi" maranéhna.[21] Lunan nyebatkeun yén planét asal barudak héjo kamungkinan aya dina orbit sinkron di deukeuteun panonpoéna, jadina kahirupan ngan aya di wewengkon sonten nu heureut di antara permukaan nu panas pisan jeung sisi poék nu tiis. Lunan nerangkeun warna kulit nu héjo mangrupa éfék samping nu aya ku sabab para pangeusi planét ngonsumsi kadaharan asing nu sacara génetik geus kamodifikasi.[10]

Lunan sanés urang kahiji nu méré dugaan yeén barudak héjo kamungkinan mahluk luar Bumi. Cendekiawan Robert Burton mibanda pamikiran dina karyana taun 1621 The Anatomy of Melancholy yén barudak héjo meureun "labuh ti langit". Gagasan éta sigana teras dicandak ku Francis Godwin, saurang sajarahwan jeung Uskup Hereford, dina fiksi spékulatifna, The Man in the Moone,[1] yang diterbitkan setelah dia meninggal pada tahun 1638.[22]

Katerangan sajarah[édit | sunting sumber]

Raloba imigran Flemish nu datang ka Inggris beulah wétan dina abad ka-12, sarta maranéhna disiksa sanggeus Henry II nyekel kalungguhan dina taun 1154; raloba nu ditelasan di deukeut Bury St Edmunds dina 1173. Paul Harris mibanda pamikiran yén kolotna barudak héjo ieu téh Urang Flemish nu maot dina jaman karusuhan sarta éta barudak kamungkinan datang ti désa Fornham St Martin, kaléreun Bury St Edmunds, tempat ayana pamukiman panyieunan pakéan Flemish keur éta. Maranéhna meureun kabur jeung ahirna ngumbara ka Woolpit. Teu nyaho arah, sarta maké pakéahn Flemish nu asing, barudak éta meureun jadi tongtonan anéh pikeun wargi Woolpit.[23] Warna kulit barudak éta bisa diterangkeun ku panyakit héjo, nu aya akibat ti kirang kadaharan.[1] Brian Haughton nganggap yén katerangan Harris asup kana akal, jeung mangrupa salasahiji nu panglobana ditarima,[24] sanajan sanésna teu aya kakirangan. Misalna, Brian mikir yén urang nu mibanda pangatikan saperti Richard de Calne moal teu wanoh kana basa nu dipaké ku barudak Flemish.[25]

Sajarahwan Derek Brewer méré katerangan:

Kamungkinan inti ti masalah ieu nyaéta barudak nu keur leutik pisan ieu, ngangon atawa miluan ingonna, kasasar ti leuweung désa maranéhna, saeutik ngomong, jeung (dina istilah modéren) teu nyaho alamat imah maranéhna sorangan. Éta barudak meureun mmibanda klorosis, panyakit kakirangan kadaharan nu nyababkeun kulit warnana kahéjoan, ku kituna disebut "panyakit héjo" Ku cara dahar nu alus panyakit éta disembuhkeun.[26]

Paninggalan[édit | sunting sumber]

Bujangga anarkis jeung kritikus Inggris Herbert Read ngagambarkeun carita barudk héjo dina karyana English Prose Style, nu medal taun 1931, salaku "norma nu kedah dimiluan ku sagala rupa fantasi".[27] Carita barudak héjo ogé mangrupa insprasi pikeun novelna, The Green Child, nu ditulis taun 1934.[28] Kevin Crossley-Holland dina taun 1994 ogé nyerat adaptasi carita barudak héjo ti sudut pandang si budak awéwé héjo.[1]

Panulis John Macklin nyarengan hiji carita dina bukuna nu medal taun 1965, kalawan judul Strange Destinies, ngeunaan 2 barudak héjo nu datang ka Désa Banjos di Spanyol dina taun 1887.[1] Loba rincian carita éta nu mirip jeung carita barudak héjo Woolpit, misalna nami Ricardo de Calno, walikota Banjos nu nyangbatureun 2 barudak éta. Namina mirip jeung Richard de Calne.[29] Ku kituna sigana carita Macklin mangrupa carita jieunan nu kainspirasi ku carita barudak héjo Woolpit,[1] hususna lantaran teu aya catetan ngeunaan désa di Spanyol nu ngaranna Banjos.[29]

Dina taun 2002, bujangga Inggris Glyn Maxwell nyerat hiji sandiwara sajak nu dasarna kana carita barudak héjo. Sandiwara éta judulna Wolfpit (ngaran awal pikeun Woolpit[30]) jeung dipéntaskeun sakali di New York. Dina vérsi Maxwell, si budak awéwé héjo jadi palayan juragan lemah, nepi ka saurang asing nu namina Juxon mésér manéhna jeung ngabébaskeunana, teras mawa manéhna ka hiji tempat nu teu kanyahoan.[31]

Carita barudak héjo mangrupa tema ti hiji opera, nu dieusian ku barudak jeung jalmi sarta digubah ku Nicola LeFanu dina taun 1990; libretto-na ditulis ku Kevin Crossley-Holland.[32]

Catetan suku[édit | sunting sumber]

  1. Richard de Calne maot dina atanapi saméméh taun 1188. Dina sababaraha sumber, anjeunna mibanda nami Richard de Caine.[1]
  2. Liang ajag nyaéta liang nu wangunna kerucut paranti urang miceun bangké pikeun narik ajag, liangna ditutupan ku dahan tatangkalan.[5]
  3. "Kedah diperhatoskeun ogé, yén kadaharan nu tiasa dikonsumsi ku barudak éta téh kacang héjo, kadaharan urang nu geus maot", saur K. M. Briggs.[6] Anjeunna nyieun observasi nu sarua ngeunaan kadaharan urang nu geus maot dina bukuna taun 1967 kalawan judul The Fairies in English Tradition and Literature,[7] nanging John Clark cangcaya kana pamikiran Briggs. John Clark nyebatkeun yén "idéntifikasi yén kacang héjo téh kadaharan urang nu geus maot téh teu aya dasarna".[8]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o Clark, John (2006), "'Small, Vulnerable ETs': The Green Children of Woolpit", Science Fiction Studies 33 (2): 209–229 
  2. Simpson, Jacqueline; Roud, Steve (2000), "Green Children", A Dictionary of English Folklore (edisi ke-online), Oxford University Press, diakses pada 5 April 2009 
  3. Lawton, H. W. (January 1931), "Bishop Godwin's Man in the Moone", The Review of English Studies 7 (25): 23–55 
  4. Mills, A. D. (2003), "Woolpit" (peryogi langganan atanapi kaanggotan perpustakaan umum Britania Raya), A Dictionary of British Place-Names, Oxford University Press, diakses pada 25 April 2009 
  5. Cosman & Jones 2008, p. 127
  6. *Briggs, K. M. (1970), "The Fairies and the Realms of the Dead", Folklore 81 (2): 81–96 
  7. Briggs 1967, p. 6
  8. Clark, John (2006), "Martin and the Green Children", Folklore 117 (2): 207–214, diakses pada 8 Maret 2011 
  9. Cohen 2008, p. 83
  10. a b Lunan, Duncan (September 1996), "Children from the Sky", Analog Science Fiction and Science Fact 116 (11): 38–53 
  11. Orme, Nicholas (1995), "The Culture of Children in Medieval England", Past & Present 148 (1): 48–88 
  12. a b Oman, C. C. (1944), "The English Folklore of Gervase of Tilbury", Folklore 55 (1): 2–15 
  13. Baughman 1966, p. 203
  14. Walsh, Martin W. (2000), "Medieval English Martinmesse: The Archaeology of a Forgotten Festival", Folklore 111 (2): 231–254 
  15. Alderson, E.S. (24 February 1900), "Green Fairies: Woolpit Green Children", Notes and Queries 5: 155, diakses pada 29 April 2011 
  16. Cohen 2008, p. 84
  17. Cohen 2008, p. 80
  18. Cohen 2008, pp. 85–88
  19. Cohen 2008, p. 90
  20. Cohen 2008, p. 91
  21. Haughton 2007, p. 236
  22. Hutton, Sarah (Spring 2005), "The Man in the Moone and the New Astonomy: Godwin, Gilbert, Kepler" (PDF), Etudes Epistémè (7): 3–13 
  23. Harris 1998
  24. Haughton 2007, p. 441
  25. Haughton 2007, p. 443
  26. Brewer 1998, p. 182
  27. Harder, Worth T. (1973), "Crystal Source: Herbert Read's The Green Child", The Sewanee Review 81 (4): 714–738 
  28. "The Green Child by Herbert Read", Leeds University Library, diakses pada 22 Pébruari 2011 
  29. a b Fanthorpe & Fanthorpe 2010, p. 311
  30. Harvey, Nigel (1943), "Some Suffolk Superstitions", Folklore 54 (4): 390–91 
  31. Smith, Dinitia (18 March 2002), "Foundlings Wrapped in a Green Mystery", The New York Times, diakses pada 18 Maret 2011 
  32. Nicola LeFanu : The Green Children at chesternovello.com

Sumber[édit | sunting sumber]

  • Baughman, E. W. (1966), Type and Motif-Index of the Folktales of England and North America, Mouton 
  • Brewer, Derek (1998), "The Colour Green", di dalam Brewer, Derek; Gibson, Jonathan, A Companion to the Gawain-Poet, D. S. Brewer, hlm. 181–190, ISBN 978-0-859-91433-8 
  • Briggs, K. M. (1967), The Fairies in English Tradition and Literature, Routledge and Kegan Paul, ISBN 978-0-415-29151-4 
  • Cohen, Jeffrey Jerome (2008), "Green Children from Another World, or the Archipelago in England", di dalam Cohen, Jeffrey Jeremy, Cultural Diversity in the British Middle Ages: Archipelago, Island, England, The New Middle Ages, Palgrave, hlm. 75–94, ISBN 978-0-230-60326-4 
  • Cosman, Pelner; Jones, Linda Gale (2008), Handbook to Life in the Medieval World, Facts On File, ISBN 978-0-816-04887-8 
  • Fanthorpe, Lionel; Fanthorpe, Patricia (2010), The Big Book of Mysteries, Dundurn Group, ISBN 978-1-554-88779-8 
  • Harris, Paul (1998), "The Green Children of Woolpit: A 12th Century Mystery and its Possible Solution", di dalam Moore, Steve, Fortean Studies: No. 4, John Brown Publishing, hlm. 81–95, ISBN 978-1-870-87096-2 
  • Haughton, Brian (2007), Hidden History: Lost Civilizations, Secret Knowledge, and Ancient Mysteries, New Page Books, ISBN 978-1-564-14897-1 

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]