Baptis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Baptis (Pamandian) nyaéta pamakéan cai pikeun nyucikeun kaagamaan, khususna salaku sakramen panarimaan hiji jalma ka jero agama Kristen.[1] Baptis asalna ti istilah Yunani baptizo anu hartina 'nyelupkeun' atawa 'kukumbah'.[2] Ngaliwatan sakramen ieu, hiji jalma ditarima jadi anggota geréja sarta dinyatakeun sacara resmi asup Kisten.[2] Ritus baptis dipigawé ku cara nyéretkeun, ngaguyurkeun, atawa ngumbah cai ka tarang atawa beungeut calon nu dibaptis.[2] Umumna, gereja mikawanoh dua macem ritus baptis, nyaéta baptis cérét, sarta baptis teuleum.[2] Sawatara gereja anu ngalakonan ritual baptis ku cara ngeueumkeun kabéh awak dina cai pamandian atawa cai walungan (baptis teuleum) nyaéta gereja baptis sarta gereja pantékosta.[2] Baptis dibikeun ka jelema déwasa atawa barudak.[2] Baptis dipigawé ku pajabat gereja (imam atawa pendéta)

Yohanes Pembaptis[édit | sunting sumber]

Dina kitab jangji nu anyar, baptis dipahaman minangka gaganti ritus sunat anu jadi kawajiban umat Yahudi.[2] Baptis kasebut dipigawé ku Yohanes Pembaptis (vérsi Islam: Nabi Yahya AS) Baptis anu dipigawé Yohanes mangrupa tanda tobatna hiji jalma anu yongsong datangna karajaan Alloh.[2] Saméméh ngamimitian karyana, Yesus narima baptis ti Yohanes di S. Yordan.[2] Baptis ka Yesus lain tanda pertobatan , tapi minangka tanda “sang panebus” anu nanggung dosa manusa.[2]

Bapa, Putra, sarta Roh Kudus[édit | sunting sumber]

Kitab Didache (ajaran kadua belas rosul anu eusina ringkesan ajaran Kristen) nyebutkeun yén baptis dina geréja lumangsung saprak abad ka-1.[2] Nurutkeun kitab kasebut, baptis dilaksanakeun ku cara ngalelepkeun hiji jalma dina cai nu lobana tilu kali kalayan ngomong “kuring ngabaptis manéh kalayan ngaran Bapa, Putra, sarta Roh Kudus” Kitab Didache ogé nyebutkeun yén nu ngabaptis diidinan pikeun nyicikeun cai hungkul lamun caina teu cukup.[2] Cai anu dipaké di jero ritus baptis ngalambangkeun kaberesihan sarta kahirupan.[2] Hiji jalma anu geus dibaptis hartina bersih ti sagala dosa anu asalna ti kahirupan mangsa saméméhna.[2] Manéhna “kalahiekeun deui” dina kahirupan anu anyar, nyaéta kahirupan anu luyu kalayan paréntahna.[2]

Skisma[édit | sunting sumber]

Kaluarna skisma nyaéta alatan papisahan di jero agama sarta sagala rupa bidah dina abad ke-4 nu nyieun pihak gereja nganggap henteu sah pembaptisan anu dipigawé ku pembidah.[2] Dina kontroversi kasebut, Santo Agustinus (filsuf katolik) ngamekarkeun ajaran yén anu ngabaptis lain manusa, tapi Yesus Kristus sorangan.[2] Nurutkeun Santo Agustinus, pembaptisan tetep sah tampa meerdulikeun iman si nu ngabaptis.[2] Pemabaptisan umumna dipigawé ku uskup, tapi sakapeung ogé dipigawé ku imam.[2] Dumasar Konsili Regional Kartago (taun 255) awéwé dilarang ngabaptis hiji jalma.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. (id) [1] (Dicutat tanggal 22 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
Nulis.jpg