Basa kosta

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
lambang basa

Basa Kosta nya éta kecap asalna tina basa Sangsakerta anu hartina asing, jadi basa kosta téh hartina basa serepan.[1] Sagala basa di unggal bangsa teu aya nu tulén sagemblengna .[1] Biasana sok aya baé kacampuran ku basa séjén.[1] Kitu deui Basa Sunda, loba meunang pangaruh ti bbasa séjén, sanajan urang ayeuna geus teu apal yén hiji kecap téh sabenerna mah lain pituin Basa Sunda.[1] Karéréaanana mah kecap kosta dina Basa Sunda téh tina basa Arab, pangna kitu téh bisa jadi lantaran pangaruh agama Islam anu dianut ku Urang Sunda.[2] Contona baé aya kecap kosta anu miboga basa pituin Sunda saperti : salat, zakat, malaikat, salawat, saréat, [[haji, tahlil, wulu jsb.[2] Aya ogé nu ngandih kecap-kecap Sunda nu tos aya, saperti: pajar(balébat), waktu(mangsa), kupu(barana,kulararga), napsi-napsi(séwang-séwangan), pakasaban(pacarian,pausahaan), miskin, masakat, malarata9kokoroa0, milik(boga), misil, ibarah(saperti,babandingan), paédah(guna), kuburan(paésan), kabar(beja), jsb.[2] Aya kecap Arab ani dipaké pikeun ngalemeskeun kecap-kecap sunda nu geus aya, saperti: abdi(kuring), wafat(paéh), patwa, pituah(papatah), jisim abdi(diri kuring), jsb.[2] Salian ti éta aya ogé kecap Arab nu dianggap kasar ku Urang Sunda nepi ka katimbang kudu dilemeskeun , saperti: maksud(maksad), salamet(wilijeng), sunatan(sepitan), waktu(waktos), salat(netepan), jsb.[2] Lian ti basa Arab jeung basa Protugis téh, Basa Sunda ogé meunang pangaruh tina basa Walanda, Inggris, cina, Persi, Sangsakerta, Jawa, Kawi, jsb.[2]


Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. a b c d e f (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.


Nulis.jpg